Raja-Raja nu Kahiji 2:1-46

  • Wejangan ti Daud ka Sulaéman (1-9)

  • Daud maot, Sulaéman jadi raja (10-12)

  • Adoniya maot ku lantaran siasatna sorangan (13-25)

  • Abiatar diusir, Yoab dipaéhan (26-35)

  • Syiméi dipaéhan (36-46)

2  Daud geus téréh maot, seug manéhna méré wejangan kieu ka Sulaéman putrana, 2  ”Bapa geus téréh maot, jadi hidep sing kuat, sing jadi lalaki. 3  Hidep kudu terus ngajalankeun kawajiban ka Yéhuwa Allah hidep ku cara nuturkeun sakabéh kahoyong-Na jeung taat kana aturan-aturana-Na. Hidep gé kudu taat kana paréntah-Na, hukum-Na, jeung pépéling-Na nu ditulis dina Hukum Musa. Jadi ka mana waé hidep indit, sagala nu dilampahkeun ku hidep tangtu mulus.* 4  Yéhuwa bakal nedunan jangji-Na ieu ka Bapa, ’Lamun anak-anak manéh nurut jeung satia ka Kuring ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa,* bakal terus aya turunan manéh nu diuk dina tahta Israél.’ 5  ”Hidep gé nyaho pan, kumaha kalakuan Yoab anak Zéruya ka Bapa jeung ka dua panglima Israél, nyaéta Abnér anak Nér jeung Amasa anak Yétér. Duanana dipaéhan, padahal harita keur euweuh perang. Manéhna ngotoran beubeur jeung sendal sorangan ku getih maranéhna. 6  Hidep kudu bijaksana. Éta jelema maotna ulah ku lantaran geus kolot. 7  ”Tapi, ari ka anak-anak Barzilai urang Giléad mah hidep kudu bageur.* Maranéhna kudu dahar bareng di méja hidep, sabab basa Bapa kabur ti Absalom lanceuk hidep, maranéhna teu pernah ninggalkeun Bapa. 8  ”Aya saurang deui, nyaéta Syiméi anak Géra, urang Bényamin ti Bahurim. Cicingna teu jauh ti hidep. Basa Bapa keur di jalan rék ka Mahanaim, manéhna téh meni teungteuingeun nyumpahan ka Bapa. Tapi basa manéhna nyampeurkeun Bapa di Walungan Yordan, Bapa sumpah kieu ka manéhna demi Yéhuwa, ’Manéh moal dipaéhan ku kuring.’ 9  Ayeuna, manéhna ulah nepi ka teu dihukum. Hidep téh pan jalma bijaksana. Hidep nyaho kudu kumaha ka éta jelema. Maotna ulah ku lantaran geus kolot.” 10  Sanggeusna, Daud maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Kota Daud. 11  Daud maréntah Israél salila 40 taun. Di Hébron 7 taun, di Yérusalém 33 taun. 12  Tuluy Sulaéman diuk dina tahta Daud bapana. Beuki ka dieu, karajaanana beuki kukuh. 13  Hiji waktu, Adoniya anak Hagit manggihan Batsyéba indungna Sulaéman. Batsyéba nanya, ”Ka dieu téh boga niat hadé teu?” Dijawab, ”Sumuhun.” 14  Pok Adoniya ngomong, ”Aya nu badé dicarioskeun.” Ceuk Batsyéba, ”Enya sok, aya naon?” 15  Adoniya neruskeun, ”Ibu terang pan, kedahna mah abdi nu jadi raja téh, da kitu kahoyong sadaya urang Israél. Tapi geuningan, nu jadi raja téh pun adi, sanés abdi, da Yéhuwa nu ngalantik manéhna. 16  Abdi ngan gaduh hiji paménta ka Ibu, ulah teu ditampi.” Ceuk Batsyéba, ”Cik, naon?” 17  Adoniya ngomong, ”Punten, pangnyarioskeun ka Raja Sulaéman, Abisyag mojang Syuném téa pasihkeun ka abdi, badé dijadikeun pamajikan ku abdi. Raja mah pasti nurut ka Ibu.” 18  Ku Batsyéba dijawab, ”Nya mangga, engké dicarioskeun ka Raja.” 19  Ti dinya Batsyéba manggihan Raja Sulaéman, rék nepikeun paméntana Adoniya. Barang ningali indungna, Raja ngadeg, seug dongko. Gék Raja diuk dina tahta, tuluy nitah sangkan tahta keur indungna disiapkeun ngarah indungna bisa diuk katuhueunana. 20  Indungna ngomong kieu, ”Ibu téh gaduh paménta sakedik. Ulah ditolak, nya.” Jadi Raja ngomong, ”Mangga, sebatkeun wéh Bu, moal teu diturut.” 21  Batsyéba ngomong, ”Abisyag mojang Syuném téa pasihkeun wéh ka Adoniya lanceuk hidep, sina dijadikeun pamajikan.” 22  Ngadéngé kitu, Raja Sulaéman némbalan, ”Ari Ibu, naha bet ménta Abisyag mojang Syuném téa kanggo Adoniya? Sakalian wéh atuh ménta tahta abdi keur manéhna, pan manéhna téh lanceuk abdi, jaba didukung deuih ku Imam Abiatar jeung Yoab anak Zéruya.” 23  Jadi Raja Sulaéman sumpah kieu demi Yéhuwa, ”Mugia Allah méré hukuman beurat ka kuring lamun Adoniya teu dihukum pati ku lantaran paméntana éta. 24  Ayeuna, demi Yéhuwa nu hirup, nu tos ngukuhkeun kuring dina tahta Daud bapa kuring sarta masihkeun karajaan ieu ka kuring jeung turunan kuring sakumaha jangji-Na, poé ieu kénéh Adoniya bakal dipaéhan.” 25  Raja Sulaéman langsung nitah Bénaya anak Yéhoyada maéhan Adoniya. Bral Bénaya indit maéhan Adoniya. 26  Raja ngomong kieu ka Imam Abiatar, ”Jung ka kebon Bapa di Anatot! Kuduna mah Bapa téh dipaéhan. Tapi, baheula basa Bapa bareng jeung Daud bapa abdi, Bapa nu mawa peti perjangjian Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. Bapa gé milu sangsara jeung bapa abdi. Éta sababna Bapa teu dipaéhan.” 27  Jadi, Abiatar diusir ku Sulaéman. Tugasna salaku imam Yéhuwa gé dicabut. Ku kituna, firman Yéhuwa ngeunaan kulawargana* Éli di Syilo jadi kanyataan. 28  Barang ngadéngé béja kitu, Yoab kabur ka kémah Yéhuwa, lantaran manéhna ngadukung Adoniya, sanajan baheulana teu ngadukung Absalom. Di dinya, manéhna nyekel tanduk-tanduk di mézbah. 29  Tuluy, aya nu ngalaporkeun kieu ka Raja Sulaéman, ”Yoab kabur ka kémah Yéhuwa, ayeuna aya di sisi mézbah.” Jadi, Sulaéman ngutus Bénaya anak Yéhoyada. Manéhna méré paréntah, ”Jung indit, paéhan manéhna!” 30  Ku kituna Bénaya indit ka kémah Yéhuwa. Manéhna ngomong kieu ka Yoab, ”Raja maréntahkeun anjeun kaluar.” Dijawab ku Yoab, ”Embung! Keun wéh urang paéh di dieu.” Jadi Bénaya balik deui ka Raja ngalaporkeun ucapan Yoab. 31  Ngadéngé kitu, Raja ngomong, ”Sok, laksanakeun wéh omongan Yoab. Paéhan jeung kubur manéhna. Ulah nepi ka kuring jeung kulawarga bapa kuring milu tanggung jawab lantaran Yoab geus maéhan jalma nu teu boga salah. 32  Yéhuwa bakal ngabales, lantaran manéhna geus nyerang dua jalma. Di tukangeun Daud bapa kuring, manéhna nyerang jeung maéhan dua jalma nu leuwih bener jeung leuwih hadé tibatan manéhna, nyaéta Abnér anak Nér, panglima tentara Israél, jeung Amasa anak Yétér, panglima tentara Yéhuda. 33  Yoab jeung turunanana kudu tanggung jawab kana getih maranéhna. Tapi mugia Daud, turunanana, kulawargana, jeung karajaanana dibéré katengtreman ku Yéhuwa keur salilana.” 34  Ti dinya Bénaya anak Yéhoyada indit, tuluy nyerang sarta maéhan Yoab. Yoab dikuburkeun di deukeut imahna di tanah gurun. 35  Sanggeus éta, Raja ngalantik Bénaya anak Yéhoyada jadi panglima gaganti Yoab. Raja gé ngalantik Zadok jadi imam gaganti Abiatar. 36  Geus kitu, Raja ngageroan Syiméi, pokna, ”Adegkeun imah di Yérusalém, pék cicing di dinya. Ulah kaluar ti éta kota. 37  Mun kaluar jeung meuntasan lebak Kidron, tangtu dipaéhan. Mun paéh, éta mah salah sorangan.” 38  Syiméi némbalan, ”Ucapan Juragan téh saé. Éta bakal dilaksanakeun ku abdi, hamba Juragan ieu.” Ti harita, Syiméi lila matuh di Yérusalém. 39  Sanggeus tilu taun, dua palayan Syiméi kabur ka raja Gat, nyaéta Akhis anak Maaka. Barang dibéré nyaho palayan-palayanna aya di Gat, 40  Syiméi langsung masangkeun sadel kana kaldéna, tuluy indit ka Akhis di Gat rék néangan palayan-palayanna. Waktu Syiméi balik bareng jeung palayan-palayanna, 41  aya nu ngalapor kieu ka Sulaéman, ”Syiméi angkat ti Yérusalém ka Gat, ayeuna tos uih deui.” 42  Ku kituna Syiméi dititah ngadep ka Raja, seug diomongan kieu ku Raja, ”Pan abdi geus nitah Bapa sumpah demi Yéhuwa. Bapa geus diomat-omatan, mun kaluar jeung indit ka tempat séjén, tangtu dipaéhan. Harita Bapa ngomong kieu, ’Ucapan Juragan téh saé, ku abdi bakal diturut.’ 43  Jadi, naha atuh bet ingkar tina sumpah ka Yéhuwa jeung ngalanggar paréntah abdi?” 44  Raja ogé ngomong kieu ka Syiméi, ”Bapa nyaho sorangan kajahatan Bapa ka Daud bapa abdi. Yéhuwa bakal ngabales kajahatan Bapa éta. 45  Tapi Yéhuwa bakal ngaberkahan abdi, Raja Sulaéman, sarta ngukuhkeun tahta Daud salilana.” 46  Geus kitu, Raja nitah Bénaya anak Yéhoyada maéhan Syiméi. Jadi, Bénaya nyerang jeung maéhan Syiméi. Salila Sulaéman maréntah, karajaan éta tetep kukuh.

Catetan Tambihan

Atawa ”bijaksana”.
Atawa ”kahirupan; jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
Atawa ”nunjukkeun asih satia”.
As. ”imah”.