Raja-Raja nu Kahiji 3:1-28

  • Sulaéman kawin jeung anakna Firaun (1-3)

  • Yéhuwa némbongan ka Sulaéman dina impian (4-15)

    • Sulaéman ménta kabijaksanaan (7-9)

  • Sulaéman jadi hakim keur dua awéwé (16-28)

3  Sulaéman ngabalad jeung Firaun raja Mesir ku jalan perkawinan. Manéhna kawin jeung anak awéwéna Firaun. Pamajikanana éta dibawa ka Kota Daud, sina matuh di dinya nepi ka Sulaéman bérés ngabangun istanana, imah Yéhuwa, jeung témbok sakurilingeun Yérusalém. 2  Tapi, harita bangsa Israél masih kénéh ngurban di tempat-tempat nu laluhur lantaran imah Yéhuwa can bérés dibangun. 3  Sulaéman terus mikaasih ka Yéhuwa tur nuturkeun aturan-aturan ti Daud bapana. Tapi, manéhna masih kénéh ngurban jeung meuleum kurbanna di tempat-tempat nu laluhur. 4  Raja Sulaéman indit ka Gibéon rék ngurban di dinya, sabab éta téh tempat luhur nu pangkamashurna. Sulaéman méré 1.000 kurban beuleuman dina mézbah. 5  Peutingna, waktu keur di Gibéon, Yéhuwa némbongan ka Sulaéman dina impian. Anjeunna nyarios, ”Cik, manéh hayang dibéré naon?” 6  Sulaéman ngajawab, ”Gusti téh tos sakitu nyaahna* ka Daud pun bapa, hamba Gusti téa, sabab pun bapa téh terus satia, bener, sarta niat haténa bersih payuneun Gusti. Dugi ka ayeuna, Gusti téh masih nyaah pisan* ka anjeunna, éta sababna putrana dikersakeun calik dina tahtana. 7  Yéhuwa Allah abdi, Gusti tos ngersakeun hamba Gusti ieu jadi raja neraskeun Daud pun bapa, sanajan abdi ngora kénéh* sarta teu gaduh pangalaman. 8  Hamba Gusti ieu téh maréntah umat pilihan Gusti nu sakitu seueurna, nu teu kaitung jumlahna. 9  Ku kituna, tulungan abdi sangkan tiasa taat ka Gusti tina haté, sangkan jadi hakim nu tiasa ngabédakeun mana nu hadé mana nu goréng, da saha nu sanggup ngahakiman umat Gusti nu sakitu seueurna?”* 10  Yéhuwa resep ngadéngé paménta Sulaéman éta. 11  Anjeunna ngomong, ”Ku sabab manéh ménta pangarti sangkan bisa adil waktu ngahakiman umat Kuring, lain ménta umur panjang, kabeungharan, atawa musuh-musuh manéh paraéh, 12  paménta manéh bakal dicumponan. Kuring bakal méré pangarti jeung kabijaksanaan, ku kituna moal aya jelema nu siga manéh, boh saacan boh sanggeus manéh. 13  Malah, anu teu dipénta ku manéh gé ku Kuring rék dibéré, nyaéta kabeungharan jeung kamulyaan. Ku kituna saumur hirup manéh, moal aya raja nu sabanding jeung manéh. 14  Salian ti éta, lamun manéh nurut kana aturan-aturan sarta ngajalankeun paréntah-paréntah Kuring sakumaha Daud bapa manéh, manéh gé bakal dibéré umur panjang ku Kuring.” 15  Koréjat Sulaéman hudang, manéhna nyaho geus ngimpi. Geus kitu manéhna indit ka Yérusalém, seug ngadeg hareupeun peti perjangjian Yéhuwa tuluy méré kurban beuleuman jeung kurban karukunan. Ti dinya, manéhna ngayakeun pésta keur sakabéh palayanna. 16  Hiji waktu, aya dua palacur ngadep ka Raja. 17  Awéwé nu kahiji ngomong kieu, ”Juragan, abdi téh sabumi sareng ieu awéwé. Basa abdi ngalahirkeun, anjeunna gé nuju aya di bumi. 18  Tilu dinten saatos abdi ngalahirkeun, anjeunna gé ngalahirkeun. Harita di bumi téh ngan aya duaan, teu aya sasaha deui. 19  Wengina, anakna téh maot, katindihan ku anjeunna. 20  Tengah wengi, pas hamba Juragan ieu nuju tibra, anjeunna gugah. Anak abdi dicandak ti gigireun abdi, seug digolérkeun gigireunana. Ari anakna nu tos maot digolérkeun gigireun abdi. 21  Énjingna, barang abdi gugah badé nyusuan, geuning budak téh tos maot. Barang disidik-sidik, sihoréng éta mah sanés anak abdi.” 22  Tapi awéwé nu kadua ngomong kieu, ”Lain. Nu hirup mah anak urang, nu paéh anak manéh!” Awéwé nu kahiji némbalan, ”Lain. Nu paéh téh anak manéh, nu hirup mah anak urang.” Duanana paréa-réa omong hareupeun Raja. 23  Tungtungna Raja ngomong kieu, ”Nu hiji ngakuna, ’Nu hirup mah anak urang, nu paéh anak manéh!’ Nu hiji deui ngomong, ’Lain. Nu paéh téh anak manéh, nu hirup mah anak urang!’” 24  Jadi ceuk Raja, ”Bawa pedang ka dieu.” Seug Raja dipangmawakeun pedang. 25  Tuluy Raja ngomong kieu, ”Orok nu hirup kénéh, beulah dua wéh. Sabeulah bikeun ka awéwé nu ieu, sabeulah deui ka awéwé nu itu.” 26  Tapi lantaran kajurung ku kanyaah ka anakna, indung benerna buru-buru méménta kieu ka Raja, ”Ampun Juragan, tinimbang dipaéhan mah, mangga pasihkeun wéh ka anjeunna.” Tapi awéwé nu hiji deui ngomong kieu, ”Beulah dua wéh, Juragan. Éta orok moal jadi milik abdi atawa manéhna!” 27  Ngadéngé kitu, Raja ngajawab, ”Éta orok ulah dipaéhan! Bikeun ka awéwé nu kahiji. Éta indung benerna.” 28  Putusan Raja téh kadéngé ku sakabéh urang Israél. Atuh maranéhna tajub ka Raja. Maranéhna nyarahoeun Raja téh dibéré kabijaksanaan ku Allah pikeun ngahakiman.

Catetan Tambihan

Atawa ”tos nunjukkeun asih satia nu ageung”.
Atawa ”masih kénéh nunjukkeun asih satia nu ageung”.
Atawa ”budak kénéh”.
As. ”beuratna”.