1 Yahya 1:1-10

  • Firman kahirupan (1-4)

  • Hirup di nu caang (5-7)

  • Pentingna ngakukeun dosa (8-10)

1  Urang-urang nulis ka aranjeun ngeunaan manéhna nu geus aya ti mimiti pisan, nu geus didéngé, ditingali ku panon, diperhatikeun, jeung dicabak ku leungeun urang-urang, nyaéta ngeunaan firman kahirupan. 2  (Hirup langgeng geus jadi nyata keur urang-urang. Urang geus ningali éta, sarta méré kasaksian jeung nyarita ngeunaan éta ka aranjeun. Hirup langgeng ieu téh asalna ti Bapa sarta geus jadi nyata keur urang-urang.) 3  Naon nu geus ditingali jeung didéngé ku urang-urang dicaritakeun ogé ka aranjeun, supaya aranjeun gé bisa ngahiji* jeung urang-urang, nu hartina ngahiji jeung Bapa sarta Putra-Na, Isa Al-Masih. 4  Urang-urang nulis ieu kabéh téh ambéh kabungah urang saréréa jadi sampurna. 5  Ieu warta nu didéngé ti manéhna sarta nu diuarkeun ka aranjeun: Allah téh sumberna caang, teu aya poék saeutik-eutik acan dina diri-Na. 6  Lamun urang ngomong, ”Urang ngahiji jeung Allah,” tapi angger hirup di nu poék, urang téh bohong jeung teu ngajalankeun nu bener. 7  Sabalikna, lamun urang hirup di nu caang sakumaha Anjeunna gé aya di nu caang, urang kabéh bakal ngahiji sarta getih Isa Putra-Na bisa mupus sagala dosa urang. 8  Lamun urang ngomong, ”Urang teu boga dosa,” éta téh ngabobodo diri sorangan jeung teu aya nu bener dina diri urang. 9  Allah téh satia jeung adil. Jadi lamun urang ngakukeun dosa-dosa urang, Anjeunna bakal ngahampura dosa urang jeung ngabersihan urang tina sagala lampah nu goréng. 10  Lamun urang ngomong, ”Urang teu boga dosa,” éta sarua jeung nganggap Allah téh tukang bohong sarta firman-Na teu aya dina haté urang.

Catetan Tambihan

Atawa ”sakumpulan”.