Dua Babad 1:1-17

  • Sulaéman ménta kabijaksanaan (1-12)

  • Kamakmuran Sulaéman (13-17)

1  Pamaréntahan Sulaéman anak Daud beuki kukuh. Manéhna disarengan ku Yéhuwa Allahna sarta dijadikeun raja nu kacida hébatna.  Sulaéman ngumpulkeun sakabéh urang Israél, para pamingpin nu ngapalaan 1.000 jeung 100 urang, hakim-hakim, jeung sakabéh pamingpin di sakuliah Israél, nyaéta para pamingpin kulawarga pihak bapa.  Bral Sulaéman jeung sakumna jamaah indit ka pasir* di Gibéon, sabab di ditu téh aya kémah tepangan* Allah nu sajati, nyaéta kémah nu dijieun di tanah gurun ku Musa hamba Yéhuwa.  Tapi, ari peti perjangjian Allah nu sajati mah ku Daud geus dibawa ti Kiriat-yéarim ka tempat nu geus disiapkeun ku manéhna, nyaéta di kémah nu dipasang ku manéhna di Yérusalém.  Mézbah tambaga jieunan Bézalél anak Uri incu Hur geus diteundeun hareupeun tabernakel Yéhuwa. Sulaéman jeung éta jamaah biasa ngadoa hareupeun* éta mézbah.  Geus kitu, di dinya Sulaéman ngurban hareupeun Yéhuwa. Manéhna ngabaktikeun 1.000 kurban beuleuman dina mézbah tambaga nu aya di kémah tepangan.  Peuting éta, Allah némbongan ka Sulaéman jeung nanya kieu, ”Cik, manéh hayang dibéré naon?”  Sulaéman ngajawab, ”Gusti téh tos sakitu nyaahna* ka Daud pun bapa, dugi ka abdi gé dijantenkeun raja gegentos anjeunna.  Nun Allah Yéhuwa, mugia jangji Gusti ka Daud pun bapa ditedunan, sabab Gusti tos ngersakeun abdi ngarajaan ieu bangsa, nu seueurna kawas kekebul dina taneuh. 10  Pasihan abdi kabijaksanaan sareng pangarti pikeun mingpin ieu umat, sabab saha nu tiasa ngahakiman umat Gusti nu sakitu seueurna?” 11  Geus kitu, Allah ngucap kieu ka Sulaéman, ”Manéh teu ménta supaya jadi makmur, beunghar, atawa kamashur. Manéh gé teu ménta supaya jalma-jalma nu ngéwa ka manéh dipaéhan, atawa ménta supaya manéh panjang umur. Tapi, manéh ménta kabijaksanaan jeung pangarti pikeun ngahakiman umat Kuring nu dirajaan ku manéh. Ku sabab éta nu jadi kahayang haté manéh, 12  Kuring bakal méré kabijaksanaan jeung pangarti ka manéh. Tapi lain éta hungkul, ka manéh gé Kuring bakal méré kamakmuran, kabeungharan, jeung kamashuran nu teu dipiboga ku raja-raja saacan manéh atawa sanggeus manéh.” 13  Geus kitu, Sulaéman ninggalkeun kémah tepangan di pasir di Gibéon tuluy indit ka Yérusalém. Di dinya, manéhna ngarajaan Israél. 14  Karéta perang jeung kuda* Sulaéman téh terus nambahan. Manéhna nepi ka boga 1.400 karéta perang jeung 12.000 kuda.* Éta kabéh ditempatkeun ku manéhna di kota-kota tempat nyimpen karéta jeung di deukeut istana raja di Yérusalém. 15  Dina jaman Sulaéman, pérak jeung emas di Yérusalém téh kacida lobana kawas batu. Kitu deui jeung kai aras, lobana téh kawas tangkal ara leuweung di Syéféla. 16  Kuda-kuda Sulaéman téh didatangkeun ti Mesir.* Éta kuda-kuda* téh dibeulina ku para sudagar nu diutus ku Sulaéman, hargana gé geus ditetepkeun. 17  Unggal karéta nu didatangkeun ti Mesir téh hargana 600 duit pérak, ari kuda mah 150 duit pérak. Geus kitu, éta kabéh dijual deui ka raja-raja urang Hét jeung ka raja-raja Siria.

Catetan Tambihan

Atawa ”bukit”.
Atawa ”tabernakel”.
Atawa ”biasa ménta pituduh Allah di”.
Atawa ”tos nunjukkeun asih satia nu ageung”.
Atawa ”pasukan kuda”.
Atawa ”pasukan kuda”.
Atawa bisa jadi ”ti Mesir jeung ti Kéwé”, meureun maksudna Kilikia.
Atawa bisa jadi ”Éta kuda-kuda ti Kéwé”.