Dua Babad 10:1-19
-
Israél barontak ka Réhoboam (1-19)
10 Réhoboam indit ka Syikhém, sabab kabéh urang Israél geus karumpul di Syikhém pikeun ngangkat manéhna jadi raja.
2 Éta téh kadéngé ku Yéroboam anak Nébat, nu harita cicing kénéh di Mesir lantaran kabur ti Raja Sulaéman. Gancang manéhna balik ti Mesir.
3 Geus kitu, aya urang Israél nu diutus ka manéhna. Jadi, Yéroboam jeung sakabéh urang Israél ngadep ka Réhoboam, seug ngomong kieu,
4 ”Tanggungan ti ramana Juragan téh beurat teuing kanggo abdi sadaya. Saupama Juragan kersa ngénténgkeun tanggungan sareng tugas anu dipasihkeun ku ramana Juragan, abdi sadaya bakal ngalalayanan Juragan.”
5 Dijawab ku Raja, ”Sok ka darieu deui sanggeus tilu poé.” Seug maranéhna baralik.
6 Geus kitu, Raja Réhoboam badami jeung jalma-jalma nu geus karolot.* Maranéhna téh jurunaséhat Sulaéman bapana basa Sulaéman hirup kénéh. Raja nanya kieu, ”Kumaha saur Bapa-bapa, kedah dijawab kumaha éta jalma-jalma téh?”
7 Nu karolot éta ngajawab kieu, ”Upami Juragan bageur ka maranéhna, nyenangkeun haté maranéhna, sareng ngajawabna téh hadé, tangtu maranéhna bakal teras ngalalayanan Juragan.”
8 Sanajan kitu, éta naséhat ti nu geus karolot* téh teu didéngé ku Réhoboam. Manéhna ngadon badami jeung nu ngarora sapantaran manéhna, nu ayeuna ngalalayanan manéhna.
9 Manéhna ngomong, ”Aya jalma-jalma nu ménta tanggungan ti bapa urang dikurangan. Ari ceuk maranéh, urang mending ngajawab kumaha?”
10 Pamuda-pamuda nu sapantaran jeung manéhna téh némbalan kieu, ”Tos jawab wéh kieu ka jalma-jalma nu ménta tanggungan ti ramana Juragan dikurangan, ’Urang bakal méré tanggungan nu leuwih beurat tibatan nu dibéré ku bapa urang.*
11 Bapa urang geus méré tanggungan nu beurat, tapi ku urang rék ditambahan. Bapa urang ngahukum maranéh ku pecut, tapi urang mah bakal maké pecut cucuk beusi.’”
12 Dina poé nu katilu, Yéroboam jeung nu séjénna daratang ka Réhoboam, sabab saacanna Raja ngomong kieu, ”Sok ka darieu deui sanggeus tilu poé.”
13 Tapi, harita téh Raja ngajawab jalma-jalma meni kasar. Naséhat ti nu geus karolot* téh teu didéngé ku Raja Réhoboam.
14 Manéhna kalah ka nurut kana naséhat ti para pamuda. Manéhna ngomong, ”Urang bakal méré tanggungan nu leuwih beurat, malah ku urang mah rék ditambahan. Bapa urang ngahukum maranéh ku pecut, tapi urang mah bakal maké pecut cucuk beusi.”
15 Paménta rahayat téh teu didéngé ku Raja. Éta kabéh bisa kajadian téh lantaran geus dikersakeun ku Allah nu sajati, supaya ucapan Yéhuwa ka Yéroboam anak Nébat nu ditepikeun ku Ahiya urang Syilo téh laksana.
16 Waktu paméntana teu didéngé ku Raja, kabéh urang Israél ngomong kieu, ”Urang mah teu boga urusan jeung Daud. Urang gé teu meunang warisan ti anak Isai éta. Hé urang Israél, geura baralik ka allah-allah maranéh masing-masing! Hé turunan Daud, uruskeun urusan manéh sorangan.” Geus kitu, kabéh urang Israél baralik ka imahna masing-masing.
17 Tapi, Réhoboam tetep ngawasaan urang Israél anu maratuh di kota-kota Yéhuda.
18 Tuluy Réhoboam ngutus Hadoram, nu jadi kapala jalma-jalma nu digawé paksa, tapi ku urang Israél manéhna dibalédogan ku batu nepi ka tiwas. Ari Raja Réhoboam mah kabur ka Yérusalém tumpak karétana.
19 Nepi ka ayeuna, urang Israél téh tetep barontak ka turunan Daud.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”para kokolot”.
^ Atawa ”para kokolot”.
^ As. ”Cingir urang bakal leuwih gedé tibatan cangkéng bapa urang”.
^ Atawa ”para kokolot”.