Dua Babad 11:1-23

  • Pamaréntahan Réhoboam (1-12)

  • Urang Léwi nu satia pindah ka Yéhuda (13-17)

  • Kulawarga Réhoboam (18-23)

11  Barang nepi ka Yérusalém, Réhoboam langsung ngumpulkeun turunan Yéhuda jeung Bényamin sarta 180.000 prajurit nu jarago,* maksudna téh rék merangan Israél sangkan manéhna bisa mulihkeun deui karajaanana.  Tuluy, Yéhuwa nepikeun firman ka nabi* nu ngaranna Syémaya,  ”Béjakeun ka Réhoboam anak Sulaéman raja Yéhuda jeung sakabéh urang Israél nu aya di Yéhuda jeung Bényamin,  ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Ulah merangan dulur maranéh. Geura baralik ka imah masing-masing, sabab ieu kabéh téh geus dikersakeun ku Kuring.”’” Jadi kabéhanana nurut kana firman Yéhuwa, seug baralik. Maranéhna teu tulus merangan Yéroboam.  Réhoboam matuh di Yérusalém sarta ngawangun kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda.  Kota-kotana téh nyaéta Bétléhém, Étam, Tékoa,  Bét-zur, Soko, Adulam,  Gat, Marésyah, Zif,  Adoraim, Lakhis, Azéka, 10  Zora, Aiyalon, jeung Hébron. Tah, éta kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda jeung Bényamin téh. 11  Geus kitu, Réhoboam nguatan tempat-tempat nu dibénténgan jeung nempatkeun para panglima pasukan di dinya. Manéhna gé nyadiakeun dahareun, minyak, jeung cianggur. 12  Di sakabéh kota, manéhna nyadiakeun taméng gedé jeung tumbak. Kota-kota éta téh jadi kuat pisan. Yéhuda jeung Bényamin gé tetep jadi milikna. 13  Para imam jeung urang Léwi daratang ti sakuliah Israél pikeun mihak ka manéhna. 14  Urang Léwi ninggalkeun tegalan jeung tanah maranéhna tuluy datang ka Yéhuda jeung Yérusalém, lantaran Yéroboam jeung anak-anakna nu lalaki teu ngidinan maranéhna ngalalayanan Yéhuwa deui sabagé imam. 15  Yéroboam kalah ka ngangkat imam-imamna sorangan pikeun ngalalayanan di tempat-tempat pamujaan sarta pikeun nyembah ka roh-roh jahat nu kawas embé* jeung patung anak sapi nu dijieun ku manéhna. 16  Ari jalma-jalma ti sakabéh kaom Israél nu hayang nyembah ka Yéhuwa Allah Israél ku sapinuhna haté mah nuturkeun para imam jeung urang Léwi ka Yérusalém pikeun ngurban ka Yéhuwa Allah karuhunna. 17  Salila tilu taun, maranéhna ngukuhkeun karajaan Yéhuda jeung ngadukung Réhoboam anak Sulaéman, sabab salila tilu taun éta maranéhna nuturkeun tuladan Daud jeung Sulaéman. 18  Geus kitu, Réhoboam nikah jeung Mahalat. Bapana Mahalat téh Yérimot anak Daud, ari indungna téh Abihail anak Éliab incu Isai. 19  Mahalat ngalahirkeun anak-anak lalaki, nyaéta Yéus, Syémaria, jeung Zaham. 20  Tuluy, Réhoboam nikah deui jeung Maaka incu Absalom. Teu lila ti harita, Maaka ngalahirkeun Abiya, Atai, Ziza, jeung Syélomit. 21  Réhoboam boga 18 pamajikan jeung 60 selir. Manéhna gé boga 28 anak lalaki jeung 60 anak awéwé. Tapi di antara kabéh pamajikan jeung selirna, nu paling dipikanyaah ku Réhoboam téh Maaka incu Absalom. 22  Jadi, Réhoboam ngangkat Abiya anak Maaka pikeun jadi pamingpin di antara dulur-dulurna. Manéhna hayang ngajadikeun Abiya raja. 23  Tapi carana téh bijaksana. Réhoboam ngirim* sababaraha anakna nu lalaki ka sakabéh kota nu dibénténgan di sakuliah daérah Yéhuda jeung Bényamin. Anak-anakna éta gé dibéré pasadiaan nu loba pisan jeung dipangnéangankeun loba pamajikan.

Catetan Tambihan

As. ”prajurit pilihan”.
As. ”hamba ti Allah nu sajati”.
As. ”ka embé”.
Atawa ”nyebarkeun”.