Dua Babad 12:1-16

  • Syisyak nyerang Yérusalém (1-12)

  • Ahir tina pamaréntahan Réhoboam (13-16)

12  Sanggeus karajaan Réhoboam beuki kukuh, sarta manéhna beuki kuat, manéhna jeung sakabéh urang Israél ninggalkeun Hukum Yéhuwa.  Ku lantaran maranéhna teu satia ka Yéhuwa, dina taun kalima pamaréntahan Raja Réhoboam, Syisyak raja Mesir datang merangan Yérusalém.  Manéhna mawa 1.200 karéta, 60.000 prajurit kuda, jeung prajurit-prajurit nu teu kaitung lobana ti Mesir, nyaéta urang Libia, urang Sukiim, jeung urang Étiopia.  Sanggeus ngarebut kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda, manéhna terus maju nepi ka Yérusalém.  Nabi Syémaya ngadep ka Réhoboam jeung para pajabat Yéhuda nu harita keur karumpul di Yérusalém lantaran sarieuneun ka Syisyak. Éta nabi ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Maranéh geus ninggalkeun Kuring, jadi Kuring gé rék ninggalkeun maranéh. Maranéh rék diserahkeun ka Syisyak.’”  Ngadéngé kitu, Raja jeung para pajabat Israél ngarendahkeun diri jeung ngomong kieu, ”Yéhuwa téh adil.”  Waktu Yéhuwa ningali maranéhna ngarendahkeun diri, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Syémaya, ”Maranéhna téh geus ngarendahkeun diri, jadi ku Kuring moal nepi ka dimusnakeun. Sakeudeung deui, maranéhna ku Kuring rék disalametkeun. Kuring moal numplekkeun amarah Kuring ka Yérusalém ku jalan Syisyak.  Tapi maranéhna bakal ngalalayanan Syisyak, ngarah maranéhna ngarasakeun bédana ngalalayanan Kuring jeung ngalalayanan raja-raja* di bumi.”  Jadi, Syisyak raja Mesir datang merangan Yérusalém. Manéhna ngajarah harta nu aya di bumina Yéhuwa jeung di istana raja. Kabéh dijabelan, kaasup taméng-taméng emas nu dijieun ku Sulaéman. 10  Jadi, kabéhanana ku Raja Réhoboam diganti ku taméng-taméng tambaga tuluy dipercayakeun ka kapala-kapala pangawal nu ngajaraga lawang istana. 11  Saban Raja datang ka bumina Yéhuwa, para pangawal datang jeung mawa taméng-taméng éta, sanggeusna dipulangkeun deui ka rohangan para pangawal. 12  Yéhuwa teu ambek deui ka Raja, lantaran Raja geus ngarendahkeun diri. Anjeunna gé teu ngamusnakeun maranéhna. Salian ti éta, masih aya kénéh nu hadé di Yéhuda. 13  Raja Réhoboam ngukuhkeun kadudukanana di Yérusalém jeung terus maréntah. Basa jadi raja, Réhoboam téh umurna 41 taun. Manéhna maréntah salila 17 taun di Yérusalém, kota nu dipilih ku Yéhuwa ti antara sakabéh kaom di Israél keur nempatkeun nami Anjeunna. Indungna Raja téh Naama, urang Ammon. 14  Tapi lalampahan Réhoboam téh jahat, lantaran manéhna teu boga tékad pikeun néangan pituduh Yéhuwa. 15  Riwayat Réhoboam, ti awal nepi ka ahir, ditulis dina daptar silsilah nu dicatet ku Nabi Syémaya jeung ku Ido nu nepikeun titingalian ti Allah téa. Réhoboam jeung Yéroboam terus silih perangan. 16  Ahirna, Réhoboam maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Kota Daud. Abiya anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

As. ”karajaan-karajaan”.