Dua Babad 13:1-22

  • Abiya raja Yéhuda (1-22)

    • Abiya ngéléhkeun Yéroboam (3-20)

13  Dina taun ka-18 pamaréntahan Raja Yéroboam, Abiya jadi raja Yéhuda.  Manéhna maréntah salila tilu taun di Yérusalém. Indungna téh Mikaya* anak Uriél ti Gibéah. Harita téh Abiya jeung Yéroboam silih perangan.  Abiya indit ka pangperangan mawa 400.000 prajurit jarago* nu perkasa. Pikeun ngalawan Abiya, Yéroboam nyieun barisan tempur nu jumlahna 800.000 prajurit jarago* nu perkasa.  Abiya nangtung di Gunung Zémaraim, di daérah pagunungan Éfraim. Manéhna ngomong kieu, ”Hé Yéroboam jeung sakabéh urang Israél, dangukeun.  Teu tarerang kitu Yéhuwa Allah Israél tos ngadamel perjangjian uyah* sareng Daud pikeun masihkeun karajaan Israél ka Daud sareng turunanana keur salamina?  Tapi Yéroboam anak Nébat, palayanna Sulaéman anak Daud téa, kalah ka barontak ka dununganana,  heug manéhna ngumpulkeun jalma-jalma pangangguran nu euweuh gunana. Maranéhna barontak ka Réhoboam anak Sulaéman. Ari Réhoboam teu bisa nanaon, da harita anjeunna ngora kénéh jeung loba kasieun.  ”Balad aranjeun kacida lobana, sarta aranjeun boga patung-patung anak sapi emas beunang nyieun Yéroboam pikeun jadi allah-allah aranjeun. Jadi, ayeuna aranjeun ngarasa bisa ngalawan karajaan Yéhuwa nu dikawasaan ku turunan Daud.  Imam-imam Yéhuwa, nyaéta turunan Harun, ku aranjeun diusiran, kitu deui jeung urang Léwi. Aranjeunna diganti ku imam-imam aranjeun sorangan, kawas kabiasaan bangsa-bangsa ti nagri séjén. Malah, sambarang jalma gé bisa jadi imam keur naon waé nu dianggap allah, asal mawa hiji sapi jalu ngora jeung tujuh domba jalu. 10  Ari kanggo abdi sadaya mah Yéhuwa téh Allah abdi sadaya. Abdi sadaya moal nepi ka ninggalkeun Anjeunna. Imam-imam abdi sadaya, nyaéta turunan Harun, ngalalayanan Yéhuwa dibantu ku urang Léwi. 11  Unggal isuk jeung pasosoré, aranjeunna ngabaktikeun kurban beuleuman nu haseupna ngebul sarta dupa seungit ka Yéhuwa. Aranjeunna gé nyusun roti nu dibaktikeun* dina méja tina emas murni. Salian ti éta, aranjeunna nyeungeut lampu dina wadah lampu emas unggal pasosoré. Éta sadaya dilampahkeun pikeun ngajalankeun tanggung jawab ka Yéhuwa Allah abdi sadaya. Sabalikna, aranjeun mah ninggalkeun Anjeunna. 12  Sok perhatikeun, Allah nu sajati nyarengan sareng ngabingbing abdi sadaya. Imam-imam Anjeunna araya di dieu rék nariup tarompét tanda kudu perang ngalawan aranjeun. Éh urang Israél, ulah ngalawan Yéhuwa, Allah karuhun aranjeun, da aranjeun moal bisa unggul.” 13  Sanajan kitu, Yéroboam ngatur supaya aya nu nyerang Yéhuda ti tukang. Jadi, pasukan utamana mah aya di hareupeun Yéhuda, tapi aya ogé nu nyerang maranéhna ti tukang. 14  Waktu urang Yéhuda malik, musuh geus siap nyerang ti hareup jeung ti tukang. Jadi, maranéhna sasambat ménta tulung ka Yéhuwa, ari para imam nariup tarompét tarik pisan. 15  Barang urang Yéhuda ngagorowok kacida tarikna, Allah nu sajati ngéléhkeun Yéroboam jeung sakabéh urang Israél hareupeun Abiya jeung urang Yéhuda. 16  Urang Israél kalalabur, tapi maranéhna ku Allah diserahkeun ka urang Yéhuda. 17  Abiya jeung pasukanna maéhan loba pisan urang Israél. Nu paraéh téh aya 500.000 prajurit nu jarago.* 18  Harita urang Israél direndahkeun, tapi urang Yéhuda mah kabukti unggul lantaran maranéhna ngandelkeun Yéhuwa, Allah karuhun maranéhna. 19  Yéroboam terus diudag ku Abiya. Kota-kota manéhna gé direbut, nyaéta Bétel jeung kota-kota sakurilingna, Yésyana jeung kota-kota sakurilingna, sarta Éfrain jeung kota-kota sakurilingna. 20  Dina jaman Abiya, Yéroboam teu bisa mulihkeun deui kakawasaanana. Ka dieunakeun, Yéhuwa ngahukum manéhna, tuluy manéhna maot. 21  Ari karajaan Abiya mah beuki kukuh. Manéhna boga 14 pamajikan. Anak-anakna nu lalaki aya 22, ari nu awéwé aya 16. 22  Riwayat Abiya, kaasup nu dilampahkeunana jeung nu diucapkeunana, ditulis dina catetan Nabi Ido.

Catetan Tambihan

Disebut ogé Maaka dina pasal 11:20-22 jeung 1Raj 15:2.
As. ”pilihan”.
As. ”pilihan”.
Nyaéta perjangjian nu langgeng jeung moal barobah.
Atawa ”roti susun”.
As. ”prajurit pilihan”.