Dua Babad 14:1-15

  • Maotna Abiya (1)

  • Asa raja Yéhuda (2-8)

  • Asa ngéléhkeun 1.000.000 urang Étiopia (9-15)

14  Ahirna, Abiya maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Kota Daud. Asa anakna ngaganti manéhna jadi raja. Dina jaman Asa, éta nagri téh aman salila sapuluh taun.  Asa milampah nu hadé jeung nu bener dina pandangan Yéhuwa Allahna.  Manéhna ngarugrugkeun mézbah-mézbah allah asing jeung tempat-tempat pamujaan sarta ngancurkeun pilar-pilar berhala* jeung tihang-tihang berhala.*  Geus kitu, manéhna maréntahkeun urang Yéhuda pikeun nyembah ka Yéhuwa Allah karuhun maranéhna sarta ngajalankeun Torét jeung paréntah-Na.  Tempat-tempat pamujaan jeung tempat-tempat dupa nu aya di sakabéh kota di Yéhuda ku manéhna diancur-ancurkeun. Salila manéhna maréntah, karajaan téh ayem tengtrem.  Manéhna ngawangun kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda waktu kaayaan éta nagri ayem tengtrem jeung euweuh perang salila mangtaun-taun, sabab Yéhuwa méré katengtreman.  Manéhna ngomong ka urang Yéhuda, ”Hayu urang ngawangun kota-kota ieu. Sakurilingna urang adegkeun témbok-témbok jeung munara-munara, sarta gerbang-gerbang jeung palang-palangna. Ieu tanah téh masih milik urang, sabab urang nyembah ka Yéhuwa Allah urang. Urang nyembah ka Anjeunna, jadi Anjeunna masihan katengtreman ti musuh-musuh di sakuriling urang.” Prak maranéhna digawé, sagalana téh lancar.  Asa boga 300.000 prajurit ti Yéhuda nu mawa taméng gedé jeung tumbak. Ari ti Bényamin mah aya 280.000 prajurit perkasa nu mawa taméng leutik* jeung busur panah.  Hiji waktu, Zérah urang Étiopia datang rék merangan maranéhna bari mawa 1.000.000 prajurit jeung 300 karéta perang. Barang manéhna nepi ka Marésyah, 10  Asa kaluar rék ngalawan manéhna. Masing-masing nyieun barisan tempur di Lebak Zéfata di Marésyah. 11  Geus kitu, Asa sasambat kieu ka Yéhuwa Allahna, ”Nun Yéhuwa, kanggo Gusti mah tangtos gampil nyalametkeun balad ageung nu kuat atanapi balad alit nu lemah. Tulungan, nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, sabab mung ka Gusti abdi sadaya muntang. Ku nami Gusti, abdi sadaya tiasa nyanghareupan pasukan nu ageung ieu. Nun Yéhuwa, Gusti téh Allah abdi sadaya. Ulah dugi ka manusa biasa unggul ngalawan Gusti.” 12  Jadi, Yéhuwa ngéléhkeun urang Étiopia hareupeun Asa jeung Yéhuda. Urang Étiopia ngabecir kalabur. 13  Ku Asa jeung baladna diudag nepi ka Gérar. Urang Étiopia terus diparaéhan. Euweuh saurang-urang acan nu diantep hirup, sabab maranéhna dimusnakeun ku Yéhuwa jeung pasukan-Na. Barang-barangna dijabelan, kacida lobana. 14  Geus kitu, Asa jeung baladna nalukkeun sakabéh kota di sakuriling Gérar. Bisa kitu téh sabab penduduk kota-kota éta geus kacida sieuneunana ka Yéhuwa. Sakabéh kota téh dijarah sabab loba nu bisa dijarah. 15  Para pangangon nu matuh di kémah-kémah gé diserang. Embé, domba, jeung onta-onta nu kacida lobana téh dirampas. Geus kitu, kakara Asa jeung baladna baralik ka Yérusalém.

Catetan Tambihan

Tingali Daptar Istilah.
Tingali Daptar Istilah.
Taméng nu sok dibawa ku tukang panah.