Dua Babad 15:1-19

  • Parobahan nu dilampahkeun ku Asa (1-19)

15  Azaria anak Odéd narima kawasa suci Allah.  Jadi, manéhna ngadep ka Asa tuluy ngomong kieu, ”Gusti Raja sarta sakabéh urang Yéhuda jeung Bényamin, dangukeun abdi! Yéhuwa téh nyarengan aranjeun salami aranjeun teu ninggalkeun Anjeunna. Upami aranjeun milarian Anjeunna, Anjeunna tangtu kersa dipendakan. Tapi upami aranjeun ninggalkeun Anjeunna, Anjeunna bakal ninggalkeun aranjeun.  Tos lami pisan Israél téh teu ngalalayanan Allah nu sajati, teu diajar ku imam, sareng teu gaduh hukum.  Tapi ari keur susah mah aranjeunna téh marulang ka Yéhuwa Allah Israél sarta milarian Anjeunna, seug Anjeunna kersa dipendakan.  Harita, teu aya nu tiasa aman iinditan, sabab kaayaan di ieu nagri téh kacow pisan.  Hiji bangsa diancurkeun ku bangsa séjén, hiji kota diancurkeun ku kota séjén, sabab maranéhna ku Allah disina kacow ku rupa-rupa kasusah.  Tapi aranjeun mah kudu kuat, ulah leutik haté, sabab nu dilampahkeun ku aranjeun bakal diberkahan.”  Barang ngadéngé kekecapan jeung ramalan Nabi Odéd, Asa jadi wani tuluy ngancurkeun berhala-berhala nu pikageuleuheun di sakuliah tanah Yéhuda jeung Bényamin, kitu deui di kota-kota nu direbut ku manéhna di daérah pagunungan Éfraim. Manéhna gé ngoméan mézbah Yéhuwa nu aya di hareupeun tepas* bumina Yéhuwa.  Asa ogé ngumpulkeun sakabéh urang Yéhuda jeung Bényamin sarta urang asing nu cicing bareng jeung maranéhna ti Éfraim, Manasyé, jeung Siméon. Maranéhna téh ti Israél, tapi maranéhna ngabalad jeung Asa lantaran ningali yén Yéhuwa, Allahna Asa, nyarengan manéhna. Jumlah maranéhna téh loba pisan. 10  Jadi, maranéhna karumpul di Yérusalém dina bulan katilu taun ka-15 pamaréntahan Asa. 11  Dina poé éta, maranéhna ngurbankeun sato-sato beunang ngajarah téa ka Yéhuwa, nyaéta sapi 700 jeung domba 7.000. 12  Geus kitu, maranéhna nyieun perjangjian pikeun ngalalayanan Yéhuwa Allah karuhunna ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa.* 13  Saha waé nu teu daék ngalalayanan Yéhuwa Allah Israél kudu dipaéhan, boh nu ngora boh nu kolot, boh lalaki boh awéwé. 14  Geus kitu, maranéhna sumpah ka Yéhuwa ku sora nu tarik jeung surak gumbira, bari diiring ku tarompét tanduk jeung tarompét séjénna. 15  Sakabéh urang Yéhuda barungah geus ngucapkeun éta sumpah, sabab maranéhna geus sumpah ku sapinuhna haté, bener-bener néangan Anjeunna, jeung ditarima ku Anjeunna. Yéhuwa terus ngajaga maranéhna supaya aman ti musuh-musuh di sakurilingna. 16  Malah, Raja Asa mecat Maaka ninina sorangan tina jabatan ibu suri, lantaran Maaka geus nyieun patung nu pikageuleuheun jang dipaké nyembah tihang berhala. Patungna ku Asa dirugrugkeun, dicacag, tuluy diduruk di Lebak Kidron. 17  Tapi, tempat-tempat pamujaan di Israél mah teu diancurkeun. Sanajan kitu, sapanjang hirupna téh Asa sapinuhna haté ka Allah. 18  Asa gé mawaan barang-barang anu geus disucikeun ku manéhna jeung bapana ka bumina Allah, nyaéta pérak, emas, jeung rupa-rupa parabot. 19  Teu aya perang nepi ka taun ka-35 pamaréntahan Asa.

Catetan Tambihan

Atawa ”rohangan panghareupna”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.