Dua Babad 16:1-14

  • Perjangjian Asa jeung Siria (1-6)

  • Hanani negor ka Asa (7-10)

  • Maotna Asa (11-14)

16  Dina taun ka-36 pamaréntahan Asa, Baasya raja Israél nyerang Yéhuda tuluy ngabénténg Rama ngarah euweuh nu bisa kaluar asup ka wilayahna Asa raja Yéhuda.  Ku kituna, pérak jeung emas nu aya di rohangan tempat nyimpen harta di bumina Yéhuwa jeung di istana téh ku Asa dikaluarkeun, tuluy éta kabéh dikirimkeun ka Bén-hadad raja Siria anu matuh di Damaskus. Asa ngirim pesen kieu,  ”Urang duaan téh katalian ku perjangjian, sakumaha bapa urang duaan. Ieu abdi nyanggakeun pérak sareng emas kanggo anjeun. Abdi nyuhunkeun sangkan anjeun ngabatalkeun perjangjian sareng Baasya raja Israél, janten anjeunna bakal mundur ti wilayah abdi.”  Bén-hadad nyumponan paménta Raja Asa tuluy ngutus para panglimana sina nyerang kota-kota Israél. Maranéhna nalukkeun Iyon, Dan, Abél-maim, jeung sakabéh gudang di kota-kota Naftali.  Barang ngadéngé hal éta, Baasya langsung eureun ngabénténg Rama, pagawéanana diculkeun.  Geus kitu, kabéh urang Yéhuda dikumpulkeun ku Raja Asa. Kabéhanana ngakutan batu jeung kai ti Rama urut dipaké ku Raja Baasya keur ngawangun bénténg. Tuluy, éta bahan-bahan téh ku Raja Asa dipaké keur ngawangun Géba jeung Mizpa.  Hiji poé, Hanani jurutingal téa ngadep ka Asa raja Yéhuda. Manéhna ngomong kieu, ”Lantaran Raja ngandelkeun raja Siria, lainna ngandelkeun Yéhuwa Allahna Raja, Raja moal bisa ngéléhkeun pasukan raja Siria.  Baheula, pasukan Étiopia sareng Libia nu merangan Raja téh kacida ageungna, pan? Can deui karéta perang sareng prajurit kuda nu kacida seueurna. Tapi ku sabab Raja ngandelkeun Yéhuwa, maranéhna diserahkeun ka Raja.  Soca Yéhuwa téh nilik-nilik sakuliah dunya pikeun némbongkeun kakuatana-Na demi jalma-jalma nu sapinuhna haté ngabakti ka Anjeunna. Tindakan Raja téh kacida bodona. Ti semet ayeuna, Raja bakal teterusan perang.” 10  Tapi Asa kasinggung, seug jurutingal téh dijebloskeun ka panjara. Asa ambek pisan ku lantaran omongan manéhna. Ti saprak éta, Asa nindes sabagian rahayatna. 11  Riwayat Asa, ti awal nepi ka ahir, ditulis dina Buku Raja-Raja Yéhuda jeung Israél. 12  Dina taun ka-39 pamaréntahanana, Asa katerap panyakit dina sukuna nepi ka ripuh pisan. Sanajan geus sakitu ripuhna gé, manéhna teu ménta pitulung ka Yéhuwa, tapi kalah ka ménta pitulung ka para tabib. 13  Dina taun ka-41 pamaréntahanana, Asa maot siga karuhunna. 14  Manéhna dikuburkeun di pamakaman nu megah, nu saacanna geus digali keur manéhna sorangan di Kota Daud. Mayitna digolérkeun dina pasaran* nu geus dikucuran minyak balsem sarta minyak seungit nu dicampur ku rempah-rempah. Geus kitu, rahayat ngahurungkeun seuneu nu ngagedur pikeun ngahormat manéhna.*

Catetan Tambihan

Atawa ”tandu keur ngagotong mayit”.
Katingalina ieu téh pikeun ngaduruk rempah-rempah, lain pikeun krémasi Asa.