Dua Babad 17:1-19

  • Yéhosyafat raja Yéhuda (1-6)

  • Para pamingpin ngajar di kota-kota di Yéhuda (7-9)

  • Pasukan militér Yéhosyafat (10-19)

17  Yéhosyafat anakna ngaganti manéhna jadi raja sarta ngukuhkeun kakawasaanana di Israél.  Manéhna nempatkeun pasukan di sakabéh kota nu dibénténgan di Yéhuda sarta nempatkeun pos-pos pasukan di tanah Yéhuda jeung di kota-kota Éfraim nu dijabel ku Asa bapana.  Yéhuwa terus nyarengan Yéhosyafat, lantaran Yéhosyafat nuturkeun jalan hirup Daud karuhunna sarta teu nyembah ka déwa-déwa Baal.  Manéhna nyembah ka Allah nu disembah ku bapana sarta ngajalankeun paréntah Allah. Kalakuan manéhna henteu cara kalakuan Israél.  Ku bantuan Yéhuwa, karajaan Yéhosyafat jadi kukuh. Sakabéh urang Yéhuda terus méréan hadiah ka manéhna. Manéhna jadi kacida beungharna tur kacida mulyana.  Yéhosyafat wani ngajalankeun paréntah Yéhuwa. Malah, manéhna ngancur-ngancurkeun tempat-tempat pamujaan jeung tihang-tihang berhala di Yéhuda.  Dina taun katilu pamaréntahanana, Yéhosyafat ngutus para pamingpin pikeun ngajar di kota-kota di Yéhuda. Maranéhna téh nyaéta Bén-hail, Obaja, Zakharia, Nétanél, jeung Mikaya.  Urang Léwi gé aya nu milu jeung maranéhna, nyaéta Syémaya, Nétania, Zébadia, Asahél, Syémiramot, Yéhonatan, Adoniya, Tobiya, jeung Tob-adoniya. Aya ogé para imam, nyaéta Élisyama jeung Yéhoram.  Maranéhna ngajar di sakuliah Yéhuda bari mawa buku Hukum Yéhuwa. Maranéhna ngideran kota-kota di Yéhuda pikeun ngajar jalma-jalma. 10  Sakabéh karajaan di sakuriling Yéhuda sarieuneun ka Yéhuwa. Teu aya nu wanieun merangan Yéhosyafat. 11  Urang Filistin méré upeti ka Yéhosyafat mangrupa hadiah jeung duit. Urang Arab méré domba jalu 7.700 jeung embé jalu 7.700 ti ingon-ingon maranéhna. 12  Beuki lila Yéhosyafat beuki kuat. Manéhna terus ngawangun tempat-tempat nu dibénténgan jeung kota-kota pagudangan di Yéhuda. 13  Manéhna boga proyék-proyék gedé di kota-kota di Yéhuda. Manéhna gé nempatkeun prajurit-prajurit perkasa di Yérusalém. 14  Para prajurit éta dibagi-bagi nurutkeun kulawarga pihak bapa maranéhna. Ngabagina téh kieu: Ti Yéhuda, ti antara para pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang, aya Adnah, nu mingpin 300.000 prajurit perkasa. 15  Bawahanana, nyaéta Yéhohanan, mingpin 280.000 prajurit. 16  Bawahanana nu séjén, nyaéta Amasia anak Zikhri, mingpin 200.000 prajurit perkasa. Manéhna ngalalayanan Yéhuwa téh sukaréla, ku kahayangna sorangan. 17  Ti Bényamin, aya Éliada, prajurit perkasa nu mingpin 200.000 jalma nu mawa busur panah jeung taméng. 18  Bawahanana, nyaéta Yéhozabad, mingpin 180.000 urang nu marawa senjata perang. 19  Nya maranéhna nu ngalalayanan Raja téh, salian ti jalma-jalma nu ditempatkeun ku Raja di kota-kota nu dibénténgan di sakuliah Yéhuda.

Catetan Tambihan