Dua Babad 18:1-34

  • Yéhosyafat ngabalad jeung Ahab (1-11)

  • Mikaya ngaramalkeun Israél bakal éléh (12-27)

  • Ahab dipaéhan di Ramot-giléad (28-34)

18  Yéhosyafat téh kacida beungharna tur kacida mulyana, hanjakalna manéhna ngabalad jeung Ahab ku jalan perkawinan.  Sababaraha taun sanggeusna, manéhna datang ka Samaria manggihan Ahab. Ahab meuncit* loba pisan domba jeung sapi keur Yéhosyafat jeung jalma-jalma nu datang bareng jeung manéhna. Harita, Ahab gé ngajak Yéhosyafat merangan Ramot-giléad.  Ahab raja Israél ngomong kieu ka Yéhosyafat raja Yéhuda, ”Kersa teu ngiring ka Ramot-giléad?” Dijawab ku Yéhosyafat, ”Hayu, engké abdi nyandak prajurit ogé pikeun mantuan Raja di pangperangan.”  Tapi Yéhosyafat ngomong kieu ka raja Israél, ”Saacanna, hayu urang ménta pituduh heula ka Yéhuwa.”  Jadi, raja Israél ngumpulkeun 400 nabi. Manéhna nanya kieu, ”Kumaha, mending merangan Ramot-giléad atawa ulah?” Dijawab ku maranéhna, ”Mangga maju, éta kota ku Allah nu sajati pasti diserahkeun ka Raja.”  Geus kitu Yéhosyafat nanya, ”Ari di dieu aya nabi Yéhuwa teu? Hayu urang tanyakeun ogé ka anjeunna.”  Raja Israél némbalan, ”Aya saurang deui nu bisa mangméntakeun pituduh ka Yéhuwa, ngaranna Mikaya anak Imla. Tapi kuring mah ngéwa ka manéhna, da mun ngaramalkeun kuring téh ngan nu garoréng hungkul, tara nu alus.” Sanajan kitu Yéhosyafat ngomong, ”Raja ulah nyarios siga kitu atuh.”  Jadi, raja Israél nitah salah sahiji pajabat istana, ”Gancang, Mikaya anak Imla bawa ka dieu.”  Harita, raja Israél jeung Yéhosyafat raja Yéhuda téh keur dariuk di pangirikan* hareupeun gerbang Samaria. Maranéhna dariuk dina tahtana masing-masing maké baju karajaan. Kabéh nabi ngaramal hareupeun maranéhna. 10  Zédékia anak Khénaana nyieun tatandukan tina beusi tuluy ngomong kieu, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Ku tatandukan ieu, manéh bakal neunggar* urang Siria nepi ka musna.’” 11  Kabéh nabi séjén gé ngaramalkeun nu sarua. Ceuk maranéhna, ”Mangga Raja maju ka Ramot-giléad, tangtu unggul. Éta kota ku Yéhuwa bakal diserahkeun ka Raja.” 12  Jelema nu diutus ka Mikaya ngomong kieu, ”Punten ieu mah, nabi-nabi anu sanés téh ngaramalkeun nu saraé ka Raja. Bapa ogé saéna mah kitu, nyarios sapertos nu sanés.” 13  Tapi Mikaya némbalan, ”Demi Yéhuwa nu hirup, naon waé nu diucapkeun ku Allah abdi, nya éta nu bakal diucapkeun ku abdi.” 14  Tuluy Mikaya ngadep ka Raja, seug ditanya kieu, ”Kumaha Mikaya, mending merangan Ramot-giléad atawa ulah?” Langsung dijawab kieu, ”Mangga maju, tangtu Raja unggul. Éta kota bakal diserahkeun ka Raja.” 15  Tapi Raja ngomong deui, ”Kudu sabaraha kali urang nitah manéh sumpah, lamun ngomong demi nami Yéhuwa téh kudu nu sabenerna?” 16  Jadi Mikaya ngomong kieu, ”Katingali ku abdi, sadaya urang Israél paburencay di gunung-gunung, kawas domba teu aya pangangonna. Yéhuwa nyarios, ’Maranéhna geus teu boga dunungan. Geus, sina baralik ka imahna masing-masing, sina saralamet.’” 17  Ngadéngé kitu, raja Israél ngomong ka Yéhosyafat, ”Bener pan ceuk kuring gé? Manéhna mah mun ngaramalkeun kuring téh ngan nu garoréng hungkul, tara nu alus.” 18  Geus kitu Mikaya ngomong deui, ”Ayeuna, mangga dangukeun firman Yéhuwa. Abdi ningal Yéhuwa calik dina tahta-Na, sadaya pasukan sorga ngaradeg di kénca katuhu-Na. 19  Teras Yéhuwa nyarios, ’Saha nu rék ngabobodo Ahab raja Israél, ngarah manéhna indit ka Ramot-giléad jeung dipaéhan di dinya?’ Nu ieu ngomong kieu, nu itu ngomong kitu. 20  Jol hiji malaikat* maju, ngadep payuneun Yéhuwa. Saurna, ’Abdi wéh nu ngabobodo manéhna.’ Ku Yéhuwa ditanya, ’Kumaha carana?’ 21  Dijawab kieu ku anjeunna, ’Abdi badé angkat, engké sadaya nabina bakal disina ngabarohong ka manéhna.’ Saur Allah, ’Nya sok, manéh nu bakal ngabobodo manéhna. Rencana manéh moal gagal. Jung indit, geura laksanakeun.’ 22  Tah, nabi-nabi Raja ieu téh tos disina ngabarohong ku éta malaikat lantaran dikersakeun ku Yéhuwa. Tapi, saleresna mah Yéhuwa téh tos masihan terang bakal ngadatangkeun musibat ka Raja.” 23  Zédékia anak Khénaana nyampeurkeun Mikaya, seug Mikaya dicabok. Zédékia ngomong kieu, ”Maksudna, kawasa suci Yéhuwa pindah ti urang ka manéh tuluy ngomong ku jalan manéh, kitu?” 24  Mikaya ngajawab, ”Engké manéh bakal nyaho sorangan waktu manéh nyumput di rohangan nu pangjerona.” 25  Geus kitu raja Israél ngomong, ”Bawa Mikaya, serahkeun ka Amon pamingpin kota jeung ka Yoas putra Raja. 26  Béjakeun ka maranéhna, ’Ieu paréntah Raja, ”Jebloskeun ieu jelema ka panjara. Jatah dahareun jeung inumeunana kurangan nepi ka engké kuring balik sarta salamet.”’” 27  Tapi Mikaya ngomong kieu, ”Upami enya Raja mulang dina kaayaan salamet, éta hartina Yéhuwa teu nyarios ka abdi.” Terus manéhna nambahan, ”Saréréa, inget ucapan abdi.” 28  Bral raja Israél jeung Yéhosyafat raja Yéhuda indit ka Ramot-giléad. 29  Geus kitu raja Israél ngomong ka Yéhosyafat, ”Kuring rék nyamar di pangperangan, ari anjeun mah paké wéh baju karajaan anjeun.” Seug raja Israél téh nyamar, tuluy maranéhna maju ka pangperangan. 30  Raja Siria geus méré paréntah kieu ka para panglima pasukan karétana, ”Nu kudu diserang téh ngan raja Israél hungkul, nu séjénna mah ulah. Boh prajurit boh panglima, ulah diserang.” 31  Barang ningali Yéhosyafat, para panglima pasukan karéta mikir, ’Éta raja Israél.’ Jadi maranéhna malik rék nyerang Yéhosyafat. Tapi Yéhosyafat ngagorowok ménta tulung, seug ditulungan ku Yéhuwa. Maranéhna ku Allah disina ninggalkeun Yéhosyafat. 32  Barang nyaho éta téh lain raja Israél, para panglima pasukan karéta alundur, teu ngudag-ngudag deui. 33  Tapi, aya hiji prajurit mesatkeun panah sambarangan baé, pas pisan keuna ka raja Israél, kana sela-sela baju perangna. Raja nitah kusir karétana, ”Balikkeun karéta, kaluar ti pangperangan. Urang raheut parah!” 34  Éta perang téh lumangsung sapoé jeput. Ari raja Israél nangtung dina karétana bari kudu disangga, nyanghareup ka urang Siria nepi ka pasosoré. Barang panonpoé geus surup, les wéh manéhna maot.

Catetan Tambihan

Atawa ”ngurbankeun”.
Tempat misahkeun sisikian tina cangkangna.
Atawa ”ngadorong”.
As. ”roh”.