Dua Babad 19:1-11

  • Yéhu negor Yéhosyafat (1-3)

  • Parobahan nu dilampahkeun ku Yéhosyafat (4-11)

19  Ari Yéhosyafat raja Yéhuda mah salamet, tuluy manéhna balik ka istanana di Yérusalém.  Yéhu anak Hanani jurutingal téa ngadep ka Yéhosyafat tuluy ngomong kieu, ”Saé kitu upami Raja nulung ka nu jahat, upami Raja nyaah ka nu ijid ka Yéhuwa? Ku sabab éta, Yéhuwa ambek ka Raja.  Sanaos kitu, Allah téh ningali aya nu saé dina diri Raja. Raja tos ngancurkeun tihang-tihang berhala di ieu tanah, sarta Raja gaduh tékad pikeun ibadah ka Allah nu sajati.”  Yéhosyafat tetep matuh di Yérusalém. Manéhna indit deui manggihan rahayatna ti Béér-syéba nepi ka daérah pagunungan Éfraim, maksudna rék ngajak rahayat ibadah deui ka Yéhuwa Allah karuhun maranéhna.  Manéhna gé ngalantik hakim-hakim di sakuliah éta tanah, di unggal kota nu dibénténgan di Yéhuda.  Manéhna ngomong ka hakim-hakim éta, ”Aranjeun téh kudu bener-bener ngajalankeun tugas, da aranjeun ngahakiman téh keur Yéhuwa, lain keur manusa. Allah bakal nyarengan aranjeun waktu aranjeun nyieun putusan hukum.  Aranjeun kudu hormat* ka Yéhuwa. Mun rék ngalampahkeun nanaon téh kudu dipikirkeun heula, sabab Yéhuwa Allah urang sadaya mah moal teu adil, moal beurat sabeulah, sarta moal narima panyogok.”  Di Yérusalém gé, Yéhosyafat ngalantik sababaraha urang Léwi, imam, jeung pamingpin kulawarga pihak bapa ti urang Israél pikeun jadi hakim keur Yéhuwa sarta ngurus kasus hukum penduduk Yérusalém.  Manéhna méré paréntah kieu, ”Aranjeun kudu ngajalankeun tugas bari hormat* ka Yéhuwa. Sing satia sarta nurut ka Anjeunna ku sapinuhna haté. 10  Waktu dulur-dulur aranjeun nu matuh di kota séjén mawa kasus hukum ngeunaan maéhan jelema, atawa maranéhna nanyakeun ngeunaan perkara hukum, paréntah, aturan, atawa putusan, béré nyaho naon nu kudu dilampahkeun supaya maranéhna teu nyieun kasalahan hareupeun Yéhuwa. Mun henteu, Anjeunna bakal ambek ka aranjeun jeung dulur-dulur aranjeun. Tah, éta nu kudu dilampahkeun téh supaya aranjeun teu nyieun kasalahan. 11  Imam Kapala Amaria bakal ngawaskeun pagawéan aranjeun nu aya patalina jeung ibadah ka Yéhuwa. Zébadia anak Ismail bakal mingpin urang Yéhuda dina sagala urusan raja. Ari urang Léwi bakal mantuan aranjeun. Sing wani dina ngajalankeun tugas. Mugia Yéhuwa nyarengan jalma-jalma nu ngalampahkeun naon nu hadé.”*

Catetan Tambihan

As. ”sieun”.
As. ”sieun”.
Atawa ”nyarengan naon nu hadé”.