Dua Babad 2:1-18

  • Jalma-jalma siap-siap pikeun ngawangun bait (1-18)

2  Saterusna, Sulaéman méré paréntah pikeun ngawangun bumi nu ngamulyakeun nami Yéhuwa sarta ngawangun istana raja.  Sulaéman milih kuli* 70.000 urang, tukang motong batu di gunung 80.000 urang, jeung mandorna 3.600 urang.  Terus, Sulaéman ngirim pesen kieu ka Hiram raja Tirus, ”Kapungkur, anjeun kantos ngintunkeun kai aras ka Daud pun bapa kanggo ngawangun istanana. Ayeuna, mugia anjeun ogé kersa nulungan abdi.  Abdi téh badé ngawangun bumi nu ngamulyakeun nami Yéhuwa Allah abdi, supados éta bumi tiasa disucikeun kanggo Anjeunna, supados dupa seungit tiasa dibeuleum payuneun Anjeunna, supados roti nu dibaktikeun* tetep aya, sarta supados kurban beuleuman tiasa dibaktikeun, boh énjing-énjing boh pasosonten, dina dinten Sabat, dina bulan anyar, sarta dina perayaan-perayaan kanggo Yéhuwa Allah abdi sadaya. Ieu téh kawajiban nu kedah dijalankeun ku Israél salamina.  Bumi nu badé diwangun ku abdi téh kacida agréngna, sabab Allah abdi sadaya téh langkung punjul tibatan allah-allah nu sanés.  Da saha nu sanggem ngawangun bumi kanggo Anjeunna? Sabab langit, malahan mah langit nu sakitu legana gé, teu cekap kanggo Anjeunna mah. Saha atuh abdi téh dugi ka tiasa ngawangun bumi kanggo Anjeunna? Abdi mah mung tiasa ngawangun tempat kanggo ngabaktikeun kurban ka Anjeunna.  Ayeuna, mugi dikintun jalmi saurang nu tiasaeun ngukir sareng ahli ngadamel barang-barang tina emas, pérak, tambaga, beusi, wol ungu, benang beureum, sareng benang biru. Éta jalmi bakal didamel di Yéhuda sareng di Yérusalém sasarengan sareng tukang-tukang abdi nu arahli, nu tos disiapkeun ku Daud pun bapa.  Nyuhunkeun dikintunan ogé kai aras, juniper, sareng candana ti Lébanon, sabab abdi terang palayan-palayan anjeun téh tarampil nuaran kai Lébanon. Tangtu engké maranéhna dibantuan ku palayan-palayan abdi  pikeun nyayagikeun kai nu seueur pisan, da bumi nu badé diwangun ku abdi téh kacida agréngna. 10  Kanggo para palayan anjeun nu nuaran kai, abdi badé nyayagikeun tuangeun, nyaéta gandum 4,4 juta liter,* barli 4,4 juta liter, cianggur 440.000 liter,* sareng minyak zaitun 440.000 liter.” 11  Jadi, Hiram raja Tirus ngirim surat balesan ka Sulaéman, nu eusina, ”Yéhuwa ngajadikeun anjeun raja téh lantaran nyaah ka umat-Na.” 12  Terus Hiram ngomong kieu, ”Mugia Yéhuwa Allah Israél, nu nyiptakeun langit jeung bumi, dipuji, sabab Anjeunna tos masihan ka Daud putra nu bijaksana, nu gaduh kapinteran sareng pangarti, nu bakal ngawangun bumi kanggo Yéhuwa sarta istana raja. 13  Ayeuna abdi ngutus tukang nu ahli, nu gaduh pangarti, nyaéta Hiram-abi. 14  Indungna téh urang Dan, ari bapana urang Tirus. Hiram-abi téh ahli nyieun rupa-rupa barang tina emas, pérak, tambaga, beusi, batu, kai, wol ungu, benang biru, kaén lemes, jeung benang beureum. Manéhna bisaeun nyieun rupa-rupa ukiran jeung rupa-rupa barang nurutkeun rancangan nu dibikeun ka manéhna. Manéhna bakal digawé bareng jeung tukang-tukang nu arahli ti anjeun sarta ti Daud bapa anjeun, dunungan abdi. 15  Mangga kintunkeun gandum, barli, minyak zaitun, jeung cianggur nu tos dijangjikeun ka palayan-palayan anjeun ieu. 16  Kai-kai ti Lébanon badé dituaran, seueurna mah sakumaha nu dipikabutuh ku anjeun. Saatosna, kai-kai éta badé dibeungkeutan, didamel jadi rakit-rakit, tuluy dikintun ngaliwatan laut ka Yopa. Ti dinya, mangga candak ka Yérusalém.” 17  Geus kitu, Sulaéman ngitung kabéh urang asing nu lalaki nu matuh di tanah Israél, kawas sénsus anu baréto dilampahkeun ku Daud bapana. Kabéhanana téh aya 153.600 urang. 18  Nu ditugaskeun jadi kuli* téh 70.000 urang, nu jadi tukang motong batu di gunung 80.000 urang, sarta nu jadi mandor pikeun nugaskeun para pagawé téh 3.600 urang.

Catetan Tambihan

Atawa ”kuli panggul”.
Atawa ”roti susun”.
As. ”20.000 kor”. Tingali Lamp. B14.
As. ”20.000 bat”. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”kuli panggul”.