Dua Babad 20:1-37

  • Bangsa-bangsa tatangga rék nyerang Yéhuda (1-4)

  • Yéhosyafat ngadoa ménta tulung (5-13)

  • Yéhuwa ngajawab doa (14-19)

  • Yéhuda disalametkeun ku cara nu luar biasa (20-30)

  • Ahir tina pamaréntahan Yéhosyafat (31-37)

20  Hiji waktu, urang Moab, urang Ammon, jeung sabagian urang Ammonim* sakongkol. Maranéhna daratang pikeun merangan Yéhosyafat.  Aya nu ngalapor ka Yéhosyafat, ”Aya balad musuh ti Édom ageung pisan, datangna ti daérah laut.* Ayeuna nuju aya di Hazazon-tamar, nyaéta Én-gédi.”  Ngadéngé kitu, Yéhosyafat sieuneun. Manéhna boga tékad pikeun néangan pituduh Yéhuwa. Jadi, manéhna ngumumkeun puasa ka sakuliah Yéhuda.  Sakabéh urang Yéhuda karumpul pikeun ménta pitulung ka Yéhuwa. Maranéhna daratang ti sakabéh kota di Yéhuda pikeun néangan pituduh Yéhuwa.  Geus kitu, Yéhosyafat nangtung di antara sakumna jamaah Yéhuda jeung Yérusalém, di bumina Yéhuwa, hareupeun buruan anyar.  Seug Yéhosyafat ngadoa, ”Nun Yéhuwa, Allah karuhun abdi sadaya, mung Gusti Allah nu aya di sorga téh. Gusti ngawasaan sadaya karajaan bangsa-bangsa. Gusti téh kiat sareng perkasa, moal aya nu kiat ngalawan ka Gusti.  Nun Allah abdi sadaya, penduduk ieu tanah disingkir-singkirkeun ku Gusti ti payuneun umat Gusti Israél, tuluy tanahna dipasihkeun ka turunan Ibrahim sobat Gusti pikeun jadi milik aranjeunna salamina.  Aranjeunna maratuh di dieu sarta ngadegkeun tempat suci nu ngamulyakeun nami Gusti. Saur aranjeunna,  ’Upami abdi sadaya katarajang musibat, sapertos ku perang, ku hukuman, ku wabah panyakit, atawa ku kalaparan, teras abdi sadaya nangtung payuneun ieu bumi sareng payuneun Gusti (sabab nami Gusti téh aya di ieu bumi), seug abdi sadaya sasambat nyuhunkeun pitulung bakating ku sesah-sesahna, mugia ku Gusti didangukeun sareng disalametkeun.’ 10  Ayeuna, abdi sadaya badé diserang ku musuh ti Ammon, Moab, sareng daérah pagunungan Séir. Kapungkur basa urang Israél budal ti tanah Mesir, aranjeunna téh ku Gusti teu diidinan nyerang bangsa-bangsa éta. Aranjeunna ninggalkeun sareng teu ngamusnakeun bangsa-bangsa éta. 11  Tapi, ayeuna dibalesna téh kieu geuning. Abdi sadaya badé diusir ti tanah nu dipasihkeun ku Gusti sabagé warisan. 12  Nun Allah abdi sadaya, maranéhna téh moal dihukum ku Gusti, kitu? Da abdi sadaya mah teu walakaya mayunan balad musuh nu sakitu ageungna. Duka kedah kumaha, abdi sadaya mah mung tiasa muntang ka Gusti.” 13  Harita, sakabéh urang Yéhuda narangtung hareupeun Yéhuwa bareng jeung pamajikan maranéhna sarta anak-anakna, kaasup nu laleutik kénéh. 14  Terus di tengah-tengah jamaah, Yahaziél, urang Léwi turunan Asaf, narima kawasa suci Yéhuwa. Yahaziél téh anakna Zakharia, Zakharia téh anakna Bénaya, Bénaya téh anakna Yéiél, Yéiél téh anakna Matania. 15  Manéhna ngomong kieu, ”Hé sakabéh urang Yéhuda, penduduk Yérusalém, jeung Raja Yéhosyafat, dangukeun abdi! Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Ulah sieun atawa geumpeur ku balad musuh nu gedé, sabab ieu téh perangna Allah, lain perangna maranéh. 16  Isukan, sok datangan maranéhna. Maranéhna bakal ngaliwat ka Tanjakan Ziz. Maranéh bakal paamprok jeung maranéhna di tungtung lebak* nu aya di hareupeun Tanah Gurun Yéruél. 17  Maranéh mah teu kudu perang, siap-siap wéh di tempat maranéh. Sok narangtung jeung tingali kumaha Yéhuwa bakal nyalametkeun maranéh. Hé Yéhuda jeung Yérusalém, ulah sieun atawa geumpeur. Isukan, datangan maranéhna. Kuring, Yéhuwa, bakal nyarengan maranéh.’” 18  Bruk Yéhosyafat sujud, bruk deui sakabéh urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém sarujud hareupeun Yéhuwa pikeun nyembah ka Yéhuwa. 19  Jung urang Léwi turunan Kohat jeung turunan Korah narangtung pikeun muji Yéhuwa Allah Israél ku sora nu tarik. 20  Isukna isuk-isuk pisan, maranéhna indit ka Tanah Gurun Tékoa. Waktu rék indit, Yéhosyafat nangtung tuluy ngomong kieu, ”Hé urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém, dangukeun kuring! Sing percaya ka Yéhuwa Allah aranjeun supaya bisa pengkuh.* Sing percaya ogé ka nabi-nabi-Na. Sagalana tangtu bakal lancar.” 21  Sanggeus badami jeung rahayat, Yéhosyafat nugaskeun jalma-jalma pikeun ngawihkeun pupujian keur Yéhuwa. Maranéhna maraké baju suci sarta laleumpang hareupeun para prajurit bari ngarawih kieu, ”Haturkeun nuhun ka Yéhuwa, sabab asih satia-Na aya keur salalanggengna.” 22  Barang maranéhna suka bungah ngawihkeun pupujian, Yéhuwa ngatur serangan ka pasukan Ammon, Moab, jeung daérah pagunungan Séir nu nyerang Yéhuda, ngarah maranéhna silih serang. 23  Jadi, urang Ammon jeung urang Moab ngagempur jeung maéhan penduduk daérah pagunungan Séir. Sanggeusna maranéhna silih gempur. 24  Barang urang Yéhuda nepi ka munara jaga di tanah gurun jeung nempo ka lebah pasukan musuh, mayit-mayit téh geus tinggolépak, euweuh nu salamet. 25  Jadi, Yéhosyafat jeung pasukanna kalaluar rék ngajarah pasukan musuh. Loba pisan bebekelan, papakéan, jeung barang-barang nu marahal nu dibarawaan ku maranéhna, tapi éta gé teu kabawa kabéh. Butuh tilu poé keur mawa éta kabéh bakating ku loba-lobana. 26  Dina poé nu kaopat, maranéhna karumpul di Lebak Béraka pikeun muji* Yéhuwa. Éta sababna, éta tempat dingaranan Lebak Béraka* nepi ka ayeuna. 27  Geus kitu, Yéhosyafat mingpin pasukan Yéhuda jeung Yérusalém baralik ka Yérusalém. Maranéhna kacida bungahna lantaran Yéhuwa geus ngéléhkeun musuh maranéhna. 28  Maranéhna asup ka Yérusalém bari diiring ku alat musik nu maké senar, harpa, jeung tarompét. Geus kitu, maranéhna indit ka bumina Yéhuwa. 29  Waktu ngadéngé Yéhuwa geus merangan musuh-musuh Israél, sakabéh karajaan di nagri-nagri séjén kacida sarieuneunana ka Allah. 30  Ku kituna, karajaan Yéhosyafat ayem tengtrem. Manéhna ku Allah disina bébas ti sakabéh musuh sakurilingeunana. 31  Yéhosyafat terus maréntah Yéhuda. Basa jadi raja, manéhna téh umurna 35 taun. Manéhna maréntah di Yérusalém salila 25 taun. Indungna téh Azuba anak Syilhi. 32  Yéhosyafat terus nuturkeun tuladan Asa bapana. Manéhna teu nyimpang, tapi terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa. 33  Najan kitu, tempat-tempat pamujaan mah teu diancurkeun. Jalma-jalma gé acan nyiapkeun haténa pikeun néangan Allah karuhun maranéhna. 34  Riwayat Yéhosyafat, ti awal nepi ka ahir, ditulis dina catetan Yéhu anak Hanani, nu jadi bagian tina Buku Raja-Raja Israél. 35  Sanggeus kitu, Yéhosyafat raja Yéhuda ngabalad jeung Ahazia raja Israél nu jahat. 36  Maranéhna duaan téh nyieun kapal-kapal nu rék balayar ka Tarsyis, nyieunna di Ézion-gébér. 37  Tapi, Éliézér anak Dodawahu ti Marésya nepikeun ramalan ngeunaan Yéhosyafat. Kieu cenah, ”Lantaran Raja ngabalad jeung Ahazia, naon nu dipidamel ku Raja bakal diancurkeun ku Yéhuwa.” Jadi, kapal-kapal éta barejad, teu bisa dipaké balayar ka Tarsyis.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”urang Méunim”.
Katingalina Laut Beureum.
Atawa ”wadi”.
Atawa ”tabah”.
As. ”ngaberkahan”.
Hartina ”Berkah”.