Dua Babad 21:1-20

  • Yéhoram raja Yéhuda (1-11)

  • Surat ti Élia (12-15)

  • Yéhoram gering tuluy maot (16-20)

21  Ahirna, Yéhosyafat maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna di Kota Daud. Yéhoram anakna ngaganti manéhna jadi raja.  Yéhoram boga adi-adi lalaki, anak-anak Yéhosyafat kénéh, nyaéta Azaria, Yéhiél, Zakharia, Azaria, Mikhaél, jeung Syéfatia. Maranéhna kabéh téh anak-anak lalaki Yéhosyafat raja Israél.  Maranéhna ku bapana dibéré loba pisan hadiah pérak jeung emas, barang-barang nu marahal, sarta kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda. Ari Yéhoram mah dibéré karajaan, sabab manéhna téh nu cikal.  Sanggeus ngawasaan karajaan bapana, Yéhoram maéhan adi-adina sarta sababaraha pajabat Israél ku pedang pikeun ngukuhkeun kakawasaanana.  Basa jadi raja, Yéhoram téh umurna 32 taun. Manéhna maréntah salila 8 taun di Yérusalém.  Manéhna nuturkeun kalakuan raja-raja Israél, sakumaha nu dilampahkeun ku kulawargana Ahab, da pamajikanana téh anak Ahab. Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa.  Tapi, Yéhuwa teu kersaeun nyingkirkeun turunan Daud. Éta téh demi perjangjian Anjeunna jeung Daud, sabab Anjeunna geus jangji yén bakal aya turunan Daud nu maréntah jadi raja* nepi ka saterusna.  Dina jaman pamaréntahan Yéhoram, urang Édom barontak ka karajaan Yéhuda tuluy misahkeun diri jeung ngangkat rajana sorangan.  Ku sabab kitu, Yéhoram jeung para panglimana mawa sakabéh pasukan karétana meuntas. Ti peuting, manéhna maju ngéléhkeun urang Édom nu geus ngepung manéhna jeung para panglima pasukan karétana. 10  Tapi, Édom terus barontak ka Yéhuda nepi ka ayeuna. Harita urang Libna gé barontak ngalawan Yéhoram, sabab Yéhoram geus ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhunna. 11  Yéhoram gé nyieun tempat-tempat pamujaan di gunung-gunung di Yéhuda, nu matak penduduk Yérusalém téh jadi teu satia ka Allah.* Urang Yéhuda gé ninggalkeun Allah. 12  Tungtungna, manéhna meunang surat ti Nabi Élia, kieu eusina, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allahna Daud karuhun Raja, ’Manéh teu nuturkeun lampah Yéhosyafat bapa manéh atawa lampah Asa raja Yéhuda. 13  Manéh kalah ka nuturkeun lalampahan raja-raja Israél. Gara-gara manéh, Yéhuda jeung penduduk Yérusalém teu satia ka Kuring* kawas kulawargana Ahab. Manéh gé kalah ka maéhan adi-adi sorangan, anak-anak bapa manéh, nu leuwih hadé batan manéh. 14  Jadi, Yéhuwa bakal ngahukum rahayat manéh, anak-anak manéh, jeung pamajikan manéh. Sakabéh pangaboga manéh gé bakal dimusnakeun. 15  Manéh gé bakal katerap ku loba panyakit, kaasup kasakit dina peujit. Beuki lila bakal beuki nyeri, nepi ka peujit manéh ngaborojol ka luar.’” 16  Geus kitu, urang Filistin jeung urang Arab nu maratuhna deukeut ka urang Étiopia ku Yéhuwa digerakkeun sina nyerang Yéhoram. 17  Maranéhna nyerang Yéhuda, norobos asup, jeung ngajarah naon waé nu aya di istana raja. Anak-anak Raja nu lalaki sarta pamajikan-pamajikan Raja diboyong kabéh. Nu disésakeun téh ngan Yéhoahaz* nu bungsu. 18  Sanggeusna, Yéhoram ku Yéhuwa diterapan kasakit peujit nu teu bisa diubaran. 19  Teu lila ti harita, nyaéta dua taun sanggeusna, peujitna kaluar ku sabab éta kasakit. Tungtungna, manéhna maot bakating ku nyeri-nyerina. Rahayatna teu ngahurungkeun seuneu pikeun ngahormat ka manéhna, teu kawas ka karuhunna. 20  Basa jadi raja, Yéhoram téh umurna 32 taun. Manéhna maréntah salila dalapan taun di Yérusalém. Basa manéhna maot, euweuh nu nyeungceurikan. Manéhna dikuburkeun di Kota Daud, tapi lain di makam para raja.

Catetan Tambihan

As. ”bakal méré palita ka Daud jeung turunanana”.
Atawa ”ngalacur ka allah-allah séjén”.
Atawa ”ngalacur ka allah-allah séjén”.
Ngaran séjénna Ahazia.