Dua Babad 22:1-12

  • Ahazia raja Yéhuda (1-9)

  • Atalia ngarebut tahta (10-12)

22  Geus kitu, penduduk Yérusalém ngangkat Ahazia anak bungsu Raja pikeun jadi raja, lantaran lanceuk-lanceukna geus diparaéhan ku pasukan rampog nu datang ka pakémahan bareng jeung urang Arab. Jadi, Ahazia anak Yéhoram maréntah sabagé raja Yéhuda.  Basa jadi raja, Ahazia téh umurna 22 taun. Manéhna maréntah salila sataun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Atalia incu Omri.  Ahazia gé nuturkeun kalakuan kulawarga Ahab, sabab indungna ngajurung manéhna ngalampahkeun nu jahat.  Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha nu dilampahkeun ku kulawarga Ahab, da éta kulawarga nu jadi jurunaséhatna sanggeus bapana maot, nepi ka tungtungna Ahazia ancur.  Naséhat maranéhna ku Ahazia diturut. Jadi, manéhna ngabalad jeung Yéhoram anak Ahab raja Israél pikeun merangan Hazaél raja Siria di Ramot-giléad. Di ditu, Yéhoram dipanah ku tukang panah.  Manéhna balik ka Yizréél pikeun nyageurkeun raheut-raheutna, lantaran manéhna dipanah di Rama basa merangan Hazaél raja Siria. Ahazia* anak Yéhoram raja Yéhuda indit ka Yizréél rék ngalongok Yéhoram anak Ahab nu keuna ku panah.*  Inditna Ahazia ka Yéhoram digunakeun ku Allah pikeun ngancurkeun Ahazia. Di ditu, manéhna indit jeung Yéhoram pikeun manggihan Yéhu incu Nimsyi, nu geus dipilih ku Yéhuwa pikeun nyingkirkeun kulawarga Ahab.  Waktu Yéhu mimiti ngahukum kulawarga Ahab, manéhna panggih jeung para pajabat Yéhuda sarta alo-alona Ahazia nu ngalalayanan Ahazia. Maranéhna kabéh diparaéhan.  Geus kitu, manéhna néangan Ahazia. Ari pék téh Ahazia keur nyumput di Samaria, seug ditéwak ku anak buahna Yéhu sarta dibawa ka Yéhu. Geus kitu Ahazia téh dipaéhan tuluy dikuburkeun, sabab ceuk maranéhna, ”Anjeunna téh incuna Yéhosyafat, nu ngalalayanan Yéhuwa ku sapinuhna haté.” Ti kulawarga Ahazia, teu aya nu neruskeun manéhna jadi raja. 10  Waktu Atalia indungna Ahazia nyaho yén anakna geus maot, manéhna maéhan sakabéh turunan raja urang Yéhuda. 11  Tapi Yéhosyabéat anak awéwéna Raja Yéhoram (manéhna ogé pamajikanana Imam Yéhoyada sarta lanceukna Ahazia) susulumputan mawa Yéhoas ti antara anak-anak Raja Ahazia anu bakal dipaéhan. Yéhoas jeung pangasuhna disumputkeun di hiji kamar. Ku kituna Yéhoas salamet, teu milu dipaéhan ku Atalia. 12  Éta budak disumputkeun di bumina Allah nu sajati salila genep taun, salila Atalia maréntah jadi ratu.

Catetan Tambihan

Dina sababaraha naskah Ibrani, ditulisna ”Azaria”.
Atawa ”nu keur gering”.