Dua Babad 23:1-21

  • Bantuan Yéhoyada; Yéhoas dijadikeun raja (1-11)

  • Atalia dipaéhan (12-15)

  • Parobahan nu dilampahkeun ku Yéhoyada (16-21)

23  Dina taun nu katujuh, Imam Yéhoyada némbongkeun kawani. Manéhna nyieun perjangjian jeung para pamingpin nu ngapalaan 100 urang, nyaéta Azaria anak Yéroham, Ismail anak Yéhohanan, Azaria anak Obéd, Maaséya anak Adaya, jeung Élisyafat anak Zikhri.  Geus kitu, maranéhna ngideran Yéhuda tuluy ngumpulkeun urang Léwi ti sakabéh kota di Yéhuda sarta ngumpulkeun para pamingpin kulawarga pihak bapa ti urang Israél. Waktu maranéhna datang ka Yérusalém,  sakumna jamaah nyieun perjangjian jeung Raja di bumina Allah nu sajati. Geus kitu, Yéhoyada ngomong kieu ka maranéhna, ”Anak Raja bakal maréntah, sakumaha jangji Yéhuwa ngeunaan turunan Daud.  Jadi, ieu nu kudu dilampahkeun ku aranjeun: Dina poé Sabat, sapertilu ti para imam jeung urang Léwi bakal ditugaskeun pikeun ngajaga panto,  sapertilu bakal ngajaga di istana raja, jeung sapertilu deui bakal ngajaga di Gerbang Pondasi. Ari sakabéh rahayat bakal aya di buruan bumina Yéhuwa.  Teu meunang aya nu asup ka bumina Yéhuwa, kajaba para imam jeung urang Léwi nu keur tugas. Aranjeunna mah meunang asup lantaran geus dipisahkeun pikeun tugas suci. Ari nu séjénna kudu tetep aya di luar, kudu nurut kana paréntah Yéhuwa.  Urang Léwi kudu nyekel senjatana masing-masing jeung ngajaga Raja ti unggal sisi. Saha waé nu norobos ka bumina Allah, paéhan. Ka mana waé Raja indit,* tuturkeun ku aranjeun.”  Urang Léwi jeung sakabéh urang Yéhuda ngalampahkeun percis sakumaha nu diparéntahkeun ku Imam Yéhoyada. Maranéhna mawa pasukan masing-masing, boh pasukan nu ditugaskeun dina poé Sabat boh nu henteu, sabab kabéhanana euweuh nu dibébaskeun tina tugas ku Imam Yéhoyada.  Para pamingpin nu ngapalaan 100 urang ku Imam Yéhoyada dibéré tumbak, taméng leutik,* jeung taméng bunder milik Raja Daud, nu disimpen di bumina Allah nu sajati. 10  Manéhna nempatkeun para prajurit di kéncaeun jeung katuhueun éta bumi, di deukeut mézbah jeung di deukeut éta bumi. Kabéhanana jaraga sakurilingeun Raja bari nyarekel senjata. 11  Geus kitu, maranéhna mawa kaluar anak raja, rap dimakutaan. Gulungan nu eusina Hukum Allah gé diteundeun luhureun sirah éta budak. Terus, éta budak dikucuran ku minyak sarta dijadikeun raja ku Yéhoyada jeung anak-anakna nu lalaki. Ger jalma-jalma sarurak, ”Mugia Raja diberkahan!” 12  Waktu Atalia ngadéngé sora jalma-jalma lalumpatan jeung sarurak muji Raja, manéhna langsung ngadatangan jalma-jalma di bumina Yéhuwa. 13  Katempo Raja téh keur nangtung deukeut pilar di lawang asup. Para pajabat jeung pasukan tarompét nyarengan Raja. Sakabéh rahayat éta nagri sarurak gumbira jeung nariup tarompét. Salian ti éta, jurukawih nu diiring ku alat-alat musik téh mingpin* jalma-jalma nu ngawihkeun pupujian. Ningali kitu, béréwék Atalia nyoéhkeun pakéanana tuluy ngagorowok, ”Hianat! Hianat!” 14  Para pamingpin nu ngapalaan 100 urang, nu tugasna mingpin pasukan, dititah kaluar ku Imam Yéhoyada. Ceuk Yéhoyada, ”Bawa éta awéwé kaluar tina barisan. Saha waé nu ngabéla manéhna kudu dipaéhan ku pedang!” Saacanna, manéhna geus ngomong, ”Éta awéwé ulah dipaéhan di bumina Yéhuwa.” 15  Kerewek Atalia ditéwak, seug dibawa ka lawang asup Gerbang Kuda di istana raja. Gancang manéhna dipaéhan di dinya. 16  Tuluy, Yéhoyada nyieun perjangjian antara manéhna jeung sakabéh rahayat sarta Raja yén maranéhna bakal terus jadi umat Yéhuwa. 17  Geus kitu, sakabéh rahayat téh indit ka kuil Baal. Éta kuil dirubuhkeun, mézbah-mézbahna jeung patung-patungna dialancurkeun, sarta Matan imam Baal dipaéhan hareupeun mézbah-mézbah éta. 18  Saterusna, Yéhoyada nugaskeun para imam jeung urang Léwi pikeun ngawaskeun bumina Yéhuwa. Maranéhna ku Daud geus dibagi jadi kelompok-kelompok pikeun ngurus bumina Yéhuwa sarta ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa, sakumaha nu ditulis dina Hukum Musa. Maranéhna kudu ngawihkeun lagu bari suka bungah, sakumaha nu geus diatur ku Daud. 19  Yéhoyada gé nugaskeun tukang jaga di gerbang-gerbang bumina Yéhuwa pikeun nyegah jalma nu najis ku lantaran naon waé asup ka éta bumi. 20  Ti dinya, manéhna mawa para pamingpin nu ngapalaan 100 urang, para bangsawan, para pajabat, jeung sakabéh rahayat di éta nagri pikeun ngawal Raja ti bumina Yéhuwa ka istana. Maranéhna asup ka istana ngaliwatan Gerbang Luhur, tuluy gék Raja diuk dina tahta karajaan. 21  Sakabéh rahayat éta nagri gumbira. Éta kota aman lantaran Atalia geus dipaéhan ku pedang.

Catetan Tambihan

As. ”Waktu Raja kaluar jeung waktu Raja asup”.
Taméng nu sok dibawa ku tukang panah.
Atawa ”méré isarat ka”.