Dua Babad 24:1-27

  • Pamaréntahan Yéhoas (1-3)

  • Yéhoas ngoméan bait (4-14)

  • Yéhoas jadi murtad (15-22)

  • Yéhoas dipaéhan (23-27)

24  Basa jadi raja, Yéhoas téh umurna tujuh taun. Manéhna maréntah salila 40 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Zibia, asalna ti Béér-syéba.  Sapanjang Imam Yéhoyada hirup, Yéhoas terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa.  Manéhna ku Yéhoyada dipangmilihkeun dua pamajikan, tuluy boga anak-anak lalaki jeung awéwé.  Ka dieunakeun, Yéhoas hayang pisan ngoméan bumina Yéhuwa.  Jadi, manéhna ngumpulkeun para imam jeung urang Léwi, pok ngomong ka maranéhna, ”Geura indit ka kota-kota di Yéhuda. Kumpulkeun duit ti sakabéh urang Israél, supaya bumina Allah aranjeun bisa dioméan unggal taun. Jung geura laksanakeun.” Tapi ku urang Léwi téh kalah ka diengké-engké.  Jadi Raja nyalukan Yéhoyada, imam kapala téa, tuluy ngomong kieu, ”Ku naon Bapa teu nitah urang Léwi ngumpulkeun pajeg suci ti Yéhuda jeung Yérusalém? Pan Musa hamba Yéhuwa tos maréntahkeun supaya jamaah Israél ngumpulkeun pajeg suci kanggo kémah suci.  Bapa terang pan anak-anakna Atalia, si awéwé jahat téa, geus norobos asup ka bumina Allah nu sajati? Kabéh barang suci di bumina Yéhuwa dipaké ku maranéhna keur nyembah ka déwa-déwa Baal.”  Jadi sakumaha paréntah Raja, hiji kotak dijieun tuluy diteundeun di luar, di gerbang bumina Yéhuwa.  Geus kitu, aya pangumuman nu disebarkeun di sakuliah Yéhuda jeung Yérusalém pikeun mawa pajeg suci keur Yéhuwa, sakumaha nu diparéntahkeun ku Musa, hamba Allah nu sajati, ka urang Israél di tanah gurun. 10  Sakabéh pajabat jeung rahayat saruka bungah. Maranéhna terus mawaan sumbangan, tuluy diasupkeun ka éta kotak nepi ka pinuh.* 11  Lamun geus loba eusina, éta kotak dibawa ku urang Léwi pikeun diserahkeun ka Raja. Sékertaris Raja jeung jalma nu mantuan imam kapala bakal datang, seug ngosongkeun kotak, geus kitu ku maranéhna diteundeun deui di tempatna. Éta nu dilampahkeun ku maranéhna unggal poéna. Duit nu dikumpulkeun téh kacida lobana. 12  Duitna ku Raja jeung Yéhoyada dibikeun ka jalma-jalma nu ngawaskeun pagawéan di bumina Yéhuwa. Ku jalma-jalma, duit téh dipaké mayar tukang-tukang batu jeung tukang-tukang nu arahli nu ngoméan bumina Yéhuwa, sarta keur mayar tukang-tukang beusi jeung tukang-tukang tambaga nu ngoméan bumina Yéhuwa. 13  Prak para pangawas téh mimiti digawé. Pagawéan ngoméan bumina Allah terus diawaskeun ku maranéhna. Sanggeus dioméan, bumina Allah nu sajati téh jadi kawas baheula, alus jeung ajeg. 14  Sanggeus réngsé, sésa duit téh dipulangkeun ka Raja jeung Yéhoyada. Ku maranéhna, duit téh dipaké keur nyieun paparabotan di bumina Yéhuwa, parabot keur palayanan jeung keur ngabaktikeun kurban, cangkir, sarta parabot tina emas jeung pérak. Sapanjang Yéhoyada hirup, maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman di bumina Yéhuwa unggal poé. 15  Yéhoyada téh geus kacida sepuhna sarta bagja hirupna. Manéhna maot dina umur 130 taun. 16  Manéhna dikuburkeun di Kota Daud cara para raja, lantaran manéhna geus ngalampahkeun nu hadé di Israél keur Allah nu sajati sarta geus ngurus bumina Allah. 17  Sanggeus Yéhoyada maot, para pajabat Yéhuda daratang, bruk sarujud ka Raja. Maranéhna méré saran, seug diturut ku Raja. 18  Lila-lila, jalma-jalma téh ninggalkeun bumina Yéhuwa Allah karuhun maranéhna. Maranéhna kalah ka nyembah ka tihang-tihang berhala jeung ka patung-patung. Ku lantaran kasalahan éta, Allah ambek ka Yéhuda jeung Yérusalém. 19  Sanajan kitu, Yéhuwa teu eureun-eureun ngutus para nabi-Na ngarah maranéhna balik deui ka Anjeunna. Anjeunna terus ngélingan, tapi ku maranéhna teu diturut. 20  Zakharia anak Imam Yéhoyada narima kawasa suci Allah. Jung manéhna nangtung di tempat nu luhur tuluy ngomong kieu ka jalma-jalma, ”Ieu nu diucapkeun ku Allah nu sajati, ’Ku naon maranéh téh ngalanggar paréntah Yéhuwa? Matak nyilakakeun diri sorangan! Maranéh geus ninggalkeun Yéhuwa, jadi Anjeunna gé bakal ninggalkeun maranéh.’” 21  Tapi, jalma-jalma sakongkol ngalawan manéhna. Ku paréntah Raja, Zakharia dibalédogan ku batu di buruan bumina Yéhuwa. 22  Raja Yéhoas teu inget kana asih satia Yéhoyada, bapana Zakharia. Anakna Yéhoyada ku manéhna kalah ka dipaéhan. Basa keur sakarat, Zakharia ngomong kieu, ”Mugia Yéhuwa ningali jeung ngabales anjeun.” 23  Dina awal taun, pasukan Siria datang nyerang Yéhoas tuluy nyerbu Yéhuda jeung Yérusalém. Kabéh pajabat diparaéhan, tuluy kabéh jarahan diakutan ka raja Damaskus. 24  Sanajan pasukan Siria téh ngan saeutikan, maranéhna ku Yéhuwa disina unggul ngalawan pasukan Yéhuda nu loba. Éta téh lantaran Yéhuda geus ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhun maranéhna. Jadi, urang Siria ngalaksanakeun hukuman ti Allah keur Yéhoas. 25  Sanggeus pasukan Siria mundur jeung ninggalkeun Yéhoas nu keur raheut parah,* palayan-palayanna sorangan sakongkol ngalawan manéhna, lantaran manéhna geus maéhan anak-anak* Imam Yéhoyada nu lalaki. Yéhoas téh dipaéhan di tempat saréna sorangan. Manéhna maot tuluy dikuburkeun di Kota Daud, tapi lain di makam para raja. 26  Nu sakongkol ngalawan Yéhoas téh nyaéta Zabad anak Syiméat awéwé urang Ammon jeung Yéhozabad anak Syimrit awéwé urang Moab. 27  Carita ngeunaan anak-anakna Yéhoas nu lalaki, ngeunaan pépéling ti para nabi ka Yéhoas, jeung ngeunaan bumina Allah nu sajati nu dioméan, kabéhanana ditulis dina Buku Raja-Raja.* Amazia anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”nepi ka kabéh jalma nyumbang”.
Atawa ”keur katerap ku loba panyakit”.
Atawa ”anak”. Bentuk jamak di dieu téh bisa jadi pikeun nunjukkeun sakumaha hébatna Zakharia anak Yéhoyada.
Atawa ”dina tulisan ngeunaan Buku Raja-Raja”.