Dua Babad 25:1-28

  • Amazia raja Yéhuda (1-4)

  • Perang jeung Édom (5-13)

  • Amazia nyembah berhala (14-16)

  • Perang jeung Yéhoas raja Israél (17-24)

  • Maotna Amazia (25-28)

25  Basa jadi raja, Amazia téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 29 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Yéhoadan, asalna ti Yérusalém.  Amazia terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, tapi teu ku sapinuhna haté.  Sanggeus karajaanana beuki kukuh, manéhna maéhan palayan-palayanna nu baheula maéhan Raja Yéhoas bapana.  Tapi, manéhna teu maéhan anak-anak para palayan éta, sakumaha aturan ti Yéhuwa nu ditulis dina Torét, dina Kitab Musa, nyaéta, ”Bapa teu meunang maot gara-gara dosa anakna. Anak gé teu meunang maot gara-gara dosa bapana. Unggal jalma kudu maot lantaran dosana sorangan.”  Geus kitu, Amazia ngumpulkeun urang Yéhuda tuluy nitah maranéhna nangtung nurutkeun kulawarga pihak bapa. Maranéhna téh dibagi-bagi deui nurutkeun pamingpinna, nyaéta pamingpin nu ngapalaan 1.000 urang jeung 100 urang. Éta nu dilampahkeun ku Amazia ka sakabéh urang Yéhuda jeung Bényamin. Nu umurna 20 taun ka luhur ku manéhna didaptar. Di antara maranéhna, aya 300.000 jalma nu jago* nu siap jadi prajurit. Maranéhna gé bisa maké tumbak jeung taméng gedé.  Salian ti éta, Amazia nyéwa 100.000 prajurit perkasa ti Israél nu dibayar ku pérak 3.420 kilo.*  Tapi, hamba Allah nu sajati datang ka manéhna tuluy ngomong kieu, ”Gusti Raja, ulah angkat sareng pasukan Israél, da Yéhuwa teu nyarengan Israél, teu nyarengan sasaha ti turunan Éfraim.  Mangga Raja angkat nyalira, sing wani merangan musuh. Upami Raja keukeuh badé angkat sareng pasukan Israél, Allah nu sajati tiasa ngalantarankeun Raja diéléhkeun ku musuh-musuh, da Anjeunna téh gaduh kawasa pikeun nulungan atanapi ngéléhkeun Raja.”  Ngadéngé kitu, Amazia ngomong ka hamba Allah nu sajati éta, ”Tapi, pérak 3.420 kilo nu tos dibayarkeun ka pasukan Israél téa kumaha?” Dijawab ku hamba Allah nu sajati, ”Yéhuwa sanggup masihan nu langkung-langkung ti éta.” 10  Jadi, pasukan nu datang ti Éfraim téh ku Amazia dibubarkeun, dititah baralik. Tapi, maranéhna jadi kacida ambekna ka Yéhuda. Maranéhna baralik bari panas haté. 11  Geus kitu, Amazia ngawani-wanikeun manéh pikeun mingpin pasukanna ka Lebak Uyah. Di dinya, manéhna maéhan 10.000 urang Séir. 12  Urang Yéhuda gé néwak 10.000 jalma. Kabéhanana dibawa ka puncak hiji cadas tuluy disuntrung-suntrungkeun ka handap nepi ka parejét. 13  Tapi pasukan nu dititah balik ku Amazia, nu teu tulus diajak perang, kalah ka nyerang kota-kota Yéhuda, ti Samaria nepi ka Bét-horon. Maranéhna maéhan 3.000 jalma tuluy nyokot loba pisan jarahan. 14  Ari Amazia mah sanggeus ngéléhkeun urang Édom téh kalah ka mawaan patung-patungna urang Séir tuluy dijadikeun allahna. Manéhna sujud sarta meuleum kurban ka allah-allah éta. 15  Yéhuwa ambek pisan ka Amazia tuluy ngutus hiji nabi pikeun ngomong kieu, ”Ku naon Raja bet nuturkeun allah-allah éta bangsa nu teu tiasaeun nyalametkeun umatna ti Raja?” 16  Acan ogé éta nabi bérés ngomong, Raja geus ngomong kieu, ”Mémangna urang kabéh téh ngangkat manéh jadi jurunaséhatna Raja? Geus, ulah ngomong deui, bisi dipaéhan!” Méméh jep jempé, éta nabi ngomong, ”Ayeuna abdi terang yén Allah tos mutuskeun pikeun ngancurkeun Raja, sabab Raja tos nyembah patung-patung sarta teu ngadangukeun pépéling ti abdi.” 17  Sanggeus badami jeung jurunaséhatna, Amazia raja Yéhuda ngirim pesen ka Yéhoas anak Yéhoahaz incu Yéhu, raja Israél. Kieu cenah, ”Sok maju, hayu urang perang.” 18  Yéhoas raja Israél ngirim pesen kieu ka Amazia raja Yéhuda, ”Rungkun cucuk di Lébanon ngirim pesen ka tangkal aras di Lébanon, ’Kumaha upami anak awéwé anjeun dikawin ku anak lalaki kuring?’ Tapi, sato galak ti Lébanon ngaliwat jeung ngidek-ngidek éta rungkun. 19  Ceuk anjeun, ’Kuring geus ngéléhkeun Édom.’ Nu matak anjeun jadi gedé hulu, hayang dimulyakeun. Ari ayeuna tos digjaya mah tos wéh matuh di istana anjeun. Keur naon nyiar-nyiar pimasalaheun, rék nyéréd Yéhuda ancur bareng jeung anjeun?” 20  Tapi ku Amazia teu didéngé, sabab ku Allah mémang dikersakeunana kitu. Allah hayang Yéhuda diéléhkeun ku musuh-musuh, da jalma-jalmana geus nuturkeun allah-allahna Édom. 21  Jadi, Yéhoas raja Israél maju merangan Amazia raja Yéhuda di Bét-syémés, di daérah Yéhuda. 22  Yéhuda diéléhkeun ku Israél, jadi para prajuritna kalabur ka imahna* masing-masing. 23  Di Bét-syémés, Yéhoas raja Israél néwak Amazia raja Yéhuda, anak Yéhoas incu Yéhoahaz.* Geus kitu, Amazia dibawa ka Yérusalém. Tuluy, Yéhoas ngarugrugkeun témbok Yérusalém, ti Gerbang Éfraim nepi ka Gerbang Juru, nu panjangna kira-kira 180 méter.* 24  Kabéh emas, pérak, jeung paparabotan nu aya di bumina Allah nu sajati nu diawaskeun ku Obéd-édom sarta nu aya di rohangan tempat nyimpen harta di istana ku manéhna dibawa balik ka Samaria. Manéhna gé mawa sandera sababaraha urang. 25  Sanggeus Yéhoas anak Yéhoahaz raja Israél maot, Amazia anak Yéhoas raja Yéhuda hirup 15 taun deui. 26  Riwayat Amazia, ti awal nepi ka ahir, ditulis dina Buku Raja-Raja Yéhuda jeung Israél. 27  Ti saprak Amazia ninggalkeun Yéhuwa, jalma-jalma sakongkol ngalawan manéhna di Yérusalém, jadi manéhna kabur ka Lakhis. Tapi, maranéhna ngutus sababaraha jalma pikeun ngudag Amazia ka Lakhis sarta maéhan manéhna di ditu. 28  Mayitna dibawa balik maké karéta kuda tuluy dikuburkeun cara karuhunna di Yéhuda.

Catetan Tambihan

As. ”jalma pilihan”.
As. ”100 talénta”. Tingali Lamp. B14.
As. ”kémahna”.
Ngaran séjénna Ahazia.
As. ”panjangna 400 hasta”. Tingali Lamp. B14.