Dua Babad 26:1-23

  • Uzzia raja Yéhuda (1-5)

  • Pasukan militér Uzzia nu hébat (6-15)

  • Uzzia nu sombong keuna ku kusta (16-21)

  • Maotna Uzzia (22, 23)

26  Geus kitu, kabéh rahayat Yéhuda ngangkat Uzzia jadi raja ngaganti Amazia bapana. Harita téh Uzzia umurna 16 taun.  Sanggeus Raja Amazia maot siga karuhunna, Uzzia ngarebut Élot pikeun dijadikeun milik Yéhuda deui, tuluy éta kota diwangun deui.  Basa jadi raja, manéhna téh umur 16 taun. Manéhna maréntah salila 52 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Yékolia, asalna ti Yérusalém.  Manéhna terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Amazia bapana.  Uzzia terus ngalalayanan Allah sapanjang aya kénéh Zakharia, nu ngajarkeun manéhna pikeun hormat* ka Allah nu sajati. Salila manéhna ngalalayanan Yéhuwa, manéhna dijadikeun makmur ku Allah nu sajati.  Hiji waktu, manéhna indit merangan urang Filistin tuluy ngarubuhkeun témbok Gat, témbok Yabné, jeung témbok Asdod. Geus kitu, manéhna ngawangun kota-kota di daérah Asdod jeung di daérah séjénna milik urang Filistin.  Allah nu sajati terus mantuan manéhna merangan urang Filistin, urang Arab nu cicing di Gurbaal, jeung urang Méunim.  Urang Ammon gé mayar upeti ka Uzzia. Kamashuran Uzzia kauar-uar nepi ka Mesir, da manéhna kacida kawasana.  Salian ti éta, Uzzia ngawangun munara-munara nu kuat di Yérusalém, nyaéta deukeut Gerbang Juru, Gerbang Lebak, jeung Pilar Panyangga. 10  Manéhna gé ngawangun munara-munara di tanah gurun sarta ngagali* loba sumur, sabab manéhna téh boga ingon-ingon loba pisan. Éta gé dilampahkeun ku manéhna di Syéféla sarta di dataran luhur. Manéhna boga loba patani sarta tukang kebon anggur di gunung-gunung jeung di Karmél, da manéhna resep tatanén. 11  Salian ti éta, Uzzia boga pasukan nu mawa senjata jeung siap perang. Maranéhna bakal perang sarta dibagi jadi kelompok-kelompok. Maranéhna diitung sarta didaptar ku Yéiél nu jadi sékertaris sarta ku Maaséya. Maranéhna duaan téh diawaskeun ku Hanania, salah sahiji pajabat raja. 12  Para pamingpin kulawarga pihak bapa nu ngapalaan para prajurit perkasa éta aya 2.600 urang. 13  Nu dikapalaan ku maranéhna téh aya 307.500 prajurit nu mawa senjata jeung siap perang. Maranéhna kabéh téh pasukan nu kuat sarta siap ngadukung Raja ngalawan musuh. 14  Maranéhna ku Uzzia dibéré taméng, tumbak, hélem, baju perang, busur panah, jeung batu-batu keur bandring. 15  Geus kitu di Yérusalém, manéhna nyieun alat-alat perang nu dirancang ku para ahli. Éta kabéh diteundeun di munara-munara sarta di juru-juru témbok. Alat-alat éta bisa ngalepaskeun panah jeung batu-batu gedé. Kamashuran manéhna kauar-uar nepi ka nu jauh, da manéhna meunang bantuan ti Allah sarta jadi kuat. 16  Tapi sanggeus jadi kuat, Uzzia kalah ka jadi sombong, nu matak manéhna ancur. Manéhna teu satia ka Yéhuwa Allahna ku cara asup ka bait Yéhuwa pikeun meuleum dupa di mézbah dupa. 17  Gancang manéhna disusul ku Imam Azaria jeung 80 imam Yéhuwa séjénna nu waranian. 18  Raja Uzzia diontrog ku maranéhna. Ceuk maranéhna, ”Uzzia, anjeun teu pantes meuleum dupa kanggo Yéhuwa! Mung imam nu kénging meuleum dupa, sabab aranjeunna téh turunan Harun sarta tos disucikeun. Geuwat tinggalkeun ieu tempat suci. Anjeun tos teu satia. Sanajan anjeun meuleum dupa gé, anjeun moal meunang kamulyaan ti Allah Yéhuwa.” 19  Tapi, Uzzia nu keur nyekel wadah paranti meuleum dupa jadi ambek. Waktu nyarékan para imam, dak dumadak Uzzia katerap kusta dina tarangna di hareupeun para imam di bumina Yéhuwa, gigireun mézbah dupa. 20  Waktu Imam Kapala Azaria jeung kabéh imam séjénna nempo ka manéhna, geuning dina tarangna téh aya kusta! Jadi, maranéhna ngageugeuwat Uzzia ka luar. Uzzia gé buru-buru kaluar, da manéhna geus dihukum ku Yéhuwa. 21  Raja Uzzia keuna ku panyakit kusta nepi ka maotna, jadi manéhna matuh di imah séjén ku lantaran kustana. Manéhna teu meunang asup ka bumina Yéhuwa. Yotam anakna ngurus istana sarta jadi hakim keur rahayat éta nagri. 22  Riwayat Uzzia, ti awal nepi ka ahir, dicatet ku Nabi Yésaya anak Amoz. 23  Ahirna, Uzzia maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna, tapi lain di makam para raja, da ceuk jalma-jalma, ”Anjeunna téh keuna ku kusta.” Yotam anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

As. ”sieun’.
Atawa ”sarta motong pikeun nyieun”, katingalina motong batu.