Dua Babad 27:1-9

  • Yotam raja Yéhuda (1-9)

27  Basa jadi raja, Yotam téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Yérusyah anak Zadok.  Manéhna terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Uzzia bapana, tapi manéhna mah teu maksa asup ka bait Yéhuwa. Sanajan kitu, rahayat mah angger wéh milampah nu jahat.  Manéhna ngawangun Gerbang Luhur di bumina Yéhuwa sarta ngawangun témbok Ofél.  Manéhna gé ngawangun kota-kota di daérah pagunungan Yéhuda sarta ngawangun tempat nu dibénténgan jeung munara di leuweung-leuweung.  Manéhna merangan raja urang Ammon sarta ngéléhkeun maranéhna. Jadi dina taun éta, urang Ammon méré upeti, nyaéta pérak 3.420 kilo, gandum 2,2 juta liter, jeung barli 2,2 juta liter.* Urang Ammon gé méré upeti nu sarua dina taun kadua jeung katilu.  Jadi Yotam beuki kuat, lantaran manéhna nurut ka Yéhuwa Allahna.  Riwayat Yotam, kaasup kabéh perang jeung naon nu dilampahkeunana, ditulis dina Buku Raja-Raja Israél jeung Yéhuda.  Basa jadi raja, manéhna téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém.  Ahirna, Yotam maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna di Kota Daud. Ahaz anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

As. ”pérak 100 talénta, gandum 10.000 kor, jeung barli 10.000 kor”. Tingali Lamp. B14.