Dua Babad 28:1-27

  • Ahaz raja Yéhuda (1-4)

  • Diéléhkeun ku Siria jeung Israél (5-8)

  • Odéd ngélingan Israél (9-15)

  • Yéhuda direndahkeun (16-19)

  • Ahaz nyembah berhala; maotna Ahaz (20-27)

28  Basa jadi raja, Ahaz téh umur 20 taun. Manéhna maréntah salila 16 taun di Yérusalém. Manéhna henteu milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, henteu kawas Daud karuhunna.  Ahaz kalah ka nuturkeun kalakuan raja-raja Israél. Malah, manéhna nyieun patung-patung Baal tina logam.  Salian ti éta, manéhna meuleum kurban di Lebak Putra Hinom.* Budakna sorangan gé diduruk dijadikeun kurban, sakumaha kabiasaan pikaijideun ti bangsa-bangsa nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél.  Manéhna terus meuleum kurban di tempat-tempat pamujaan, di pasir-pasir,* jeung di handapeun unggal tangkal nu gomplok daunna.  Jadi, Yéhuwa nyerahkeun manéhna ka raja Siria. Raja Siria ngéléhkeun manéhna sarta ngaboyong loba jalma ka Damaskus. Raja Israél gé ngéléhkeun manéhna sarta maéhan loba prajuritna.  Dina sapoé, Pékah anak Rémalia maéhan 120.000 jalma di Yéhuda, kabéhanana téh prajurit nu waranian. Éta téh kajadian lantaran maranéhna geus ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhunna.  Geus kitu, Zikhri prajurit Éfraim maéhan Maaséya anak raja, Azrikam pangawas istana, jeung Élkana jalma kadua sanggeus raja.  Salian ti éta, urang Israél ngaboyong 200.000 dulur-dulur maranéhna, kaasup awéwé, anak-anak lalaki, jeung anak-anak awéwé. Maranéhna gé nyokot jarahan loba pisan, tuluy dibawa ka Samaria.  Di Samaria, aya nabi Yéhuwa nu ngaranna Odéd. Manéhna manggihan pasukan nu rék datang ka Samaria. Ceuk manéhna, ”Yéhuda diserahkeun téh lantaran Yéhuwa Allah karuhun maranéh ambek pisan ka Yéhuda. Tapi ku kejem-kejemna, maranéh kalah ka maéhan urang Yéhuda nepi ka kadéngé ku Allah nu di sorga. 10  Ayeuna, urang Yéhuda jeung Yérusalém ku maranéh rék dijadikeun palayan lalaki jeung awéwé. Lainna maranéh gé saruana boga salah ka Yéhuwa Allah maranéh? 11  Ayeuna sok déngékeun kuring. Pulangkeun para tawanan nu diboyong ti dulur-dulur maranéh, lantaran amarah Yéhuwa ngagedur ka maranéh.” 12  Ngadéngé kitu, sababaraha pamingpin urang Éfraim, nyaéta Azaria anak Yéhohanan, Bérékhia anak Mésyilémot, Yéhizkia anak Syalum, jeung Amasa anak Hadlai, manggihan jalma-jalma nu kakara balik ti pangperangan. 13  Ceuk maranéhna, ”Para tawanan téh ulah dibarawaan ka dieu. Engké urang kabéh bakal dianggap salah hareupeun Yéhuwa. Nu rék dilampahkeun ku maranéh téh kalah ka bakal nambahan dosa jeung kasalahan urang, padahal kasalahan urang téh geus gedé, sarta amarah Allah geus ngagedur ka Israél.” 14  Jadi, para prajurit nu mawa senjata nyerahkeun para tawanan jeung jarahan ka para pajabat jeung jalma-jalma nu keur karumpul. 15  Ti dinya, jalma-jalma nu geus ditugaskeun téh mawa para tawanan. Para tawanan diurus, nu buligir dibéré baju hasil tina jarahan. Para tawanan éta dibéré baju, sendal, dahareun jeung inumeun, sarta minyak keur ubar. Geus kitu, nu lalemah ditumpakkeun kana kaldé tuluy dibawa ka dulur-dulur maranéhna di Yérikho, kota tangkal palem. Ti dinya, anu ngalanteurkeun téh baralik deui ka Samaria. 16  Hiji waktu, Raja Ahaz ménta bantuan ka raja-raja Asiria. 17  Sakali deui, urang Édom nyerbu Yéhuda jeung ngaboyong tawanan. 18  Urang Filistin gé nyerang kota-kota di Syéféla jeung Négéb di Yéhuda. Maranéhna gé ngarebut Bét-syémés, Aiyalon, Gédérot, Soko jeung kota-kota di sakurilingna, Timnah jeung kota-kota di sakurilingna, sarta Gimzo jeung kota-kota di sakurilingna. Tuluy, kota-kota éta dicicingan ku maranéhna. 19  Yéhuwa ngarendahkeun Yéhuda ku lantaran Ahaz raja Israél. Ahaz ngantep kalakuan urang Yéhuda jadi liar. Balukarna, maranéhna jadi loba dosana jeung teu satia ka Yéhuwa. 20  Tungtungna, Tilgat-pilnésér raja Asiria nyerang jeung nyangsarakeun manéhna, lainna mantuan. 21  Jadi sagala nu aya di bumina Yéhuwa, di istana, jeung di imah para pajabat téh dicokotan ku Ahaz tuluy dibikeun ka raja Asiria, tapi angger wéh percumah. 22  Salila keur kasusahan, Raja Ahaz kalah ka nyieun leuwih loba dosa jeung teu satia ka Yéhuwa. 23  Malah, manéhna méré kurban ka allah-allahna Damaskus nu geus ngéléhkeun manéhna. Ceuk manéhna, ”Raja-raja Siria téh ditulungan ku allah-allahna, jadi aing gé rék ngurban ka allah-allah éta supaya ditulungan.” Ku lantaran éta, manéhna jeung sakabéh urang Israél cilaka. 24  Malah, Ahaz ngumpulkeun paparabotan nu aya di bumina Allah nu sajati, tuluy éta kabéh diancur-ancurkeun. Panto-panto bumina Yéhuwa ditutup. Manéhna gé nyieun mézbah-mézbah di unggal juru Yérusalém. 25  Di sakabéh kota di Yéhuda, manéhna nyieun tempat-tempat pamujaan pikeun meuleum kurban ka allah-allah séjén. Éta téh nganyenyeri haté Yéhuwa Allah karuhunna. 26  Riwayat Ahaz, kaasup sagala lalampahanana ti awal nepi ka ahir, ditulis dina Buku Raja-Raja Yéhuda jeung Israél. 27  Ahirna, Ahaz maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di kota Yérusalém, lantaran manéhna teu dibawa ka makam raja-raja Israél. Hizkia anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.
Atawa ”bukit-bukit”.