Dua Babad 29:1-36

  • Hizkia raja Yéhuda (1, 2)

  • Parobahan nu dilampahkeun ku Hizkia (3-11)

  • Bait disucikeun (12-19)

  • Ibadah di bait dipulihkeun (20-36)

29  Basa jadi raja, Hizkia téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 29 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Abiya anak Zakharia.  Hizkia terus milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Daud karuhunna.  Dina taun kahiji pamaréntahanana, dina bulan kahiji, panto-panto di bumina Yéhuwa dibarukaan ku manéhna tuluy dioméan.  Geus kitu, para imam jeung urang Léwi dikumpulkeun ku manéhna di lapangan di beulah wétan.  Pok manéhna ngomong, ”Aranjeun urang Léwi, dangukeun kuring. Geura sucikeun diri aranjeun sarta sucikeun bumina Yéhuwa Allah karuhun aranjeun. Sagala barang nu nganajisan tempat suci ieu piceunan.  Bapa-bapa urang téh teu satia sarta ngalampahkeun nu awon dina pandangan Yéhuwa Allah urang. Aranjeunna ninggalkeun Allah, ngarendahkeun tabernakel Yéhuwa, sarta nukangan Anjeunna.  Panto-panto tepas* ditutupan, lampu-lampu gé dipareuman. Aranjeunna tos teu meuleum dupa deui sarta teu ngabaktikeun kurban beuleuman di tempat suci kanggo Allah Israél.  Balukarna, Yéhuwa ambek ka Yéhuda sareng Yérusalém, nepi ka nu ningalina sarta nu ngadéngéna gé jadi sieuneun, gogodeg, sareng moyokan,* kawas nu kasaksian sorangan ku aranjeun.  Éta sababna karuhun urang diparaéhan ku pedang. Anak jeung pamajikan urang gé ditawan. 10  Ayeuna, kuring hoyong ngadamel perjangjian sareng Yéhuwa Allah Israél, supaya amarah Anjeunna nu ngagedur sirna. 11  Dulur-dulur, ayeuna téh sanés waktosna pikeun ninggalkeun tugas.* Pan Yéhuwa tos milih aranjeun pikeun ngadeg payuneun Anjeunna, pikeun ngalalayanan Anjeunna, sareng pikeun meuleum kurban kanggo Anjeunna.” 12  Ngadéngé kitu, prak urang Léwi téh digawé. Ti turunan Kohat, aya Mahat anak Amasai jeung Yoél anak Azaria. Ti turunan Mérari, aya Kis anak Abdi jeung Azaria anak Yéhalélél. Ti turunan Gérsyon, aya Yoah anak Zima jeung Éden anak Yoah. 13  Ti turunan Élizafan, aya Syimri jeung Yéuél. Ti turunan Asaf, aya Zakharia jeung Matania. 14  Ti turunan Héman, aya Yéhiél jeung Syiméi. Ti turunan Yédutun, aya Syémaya jeung Uziél. 15  Maranéhna ngumpulkeun dulur-dulurna, nyucikeun diri, sarta datang pikeun nyucikeun bumina Yéhuwa, sakumaha paréntah Raja nu luyu jeung ucapan Yéhuwa. 16  Sup para imam arasup ka bumina Yéhuwa pikeun nyucikeun éta bumi. Sagala rupa nu najis nu kapanggih di bait Yéhuwa dikalaluarkeun tuluy diteundeun di buruan bumina Yéhuwa. Geus kitu, éta kabéh ku urang Léwi diakutan kaluar ka Lebak Kidron. 17  Éta bumi téh mimiti disucikeun dina poé kahiji bulan kahiji. Dina poé kadalapan, maranéhna geus bérés nyucikeun bumina Yéhuwa nepi ka bagian tepas. Geus kitu, disambung deui dalapan poé pikeun nyucikeun sakuliah bumina Yéhuwa. Jadi dina poé nu ka-16 bulan nu kahiji, kabéhanana bérés disucikeun. 18  Sanggeusna, maranéhna ngadep ka Raja Hizkia, pok ngomong, ”Sakuliah bumina Yéhuwa téh tos disucikeun, kitu ogé mézbah kanggo kurban beuleuman sarta paparabotanana sareng méja paranti neundeun roti nu dibaktikeun* sarta paparabotanana. 19  Sadaya paparabotan nu ku Raja Ahaz disingkirkeun, nyaéta waktos anjeunna maréntah sarta teu satia ka Allah, ku abdi sadaya tos disiapkeun sareng disucikeun. Ayeuna, éta sadaya tos aya di payuneun mézbah Yéhuwa.” 20  Raja Hizkia hudang isuk-isuk tuluy ngumpulkeun para pajabat kota. Bral maranéhna indit ka bumina Yéhuwa. 21  Maranéhna mawa sapi jalu tujuh, domba jalu tujuh, anak domba jalu tujuh, jeung embé jalu tujuh pikeun dijadikeun kurban pangampura dosa keur kulawarga Raja, keur tempat suci, jeung keur Yéhuda. Raja maréntahkeun para imam, nyaéta turunan Harun, pikeun ngabaktikeun éta kabéh dina mézbah Yéhuwa. 22  Sapi-sapi téh ku para imam dipareuncitan, getihna dibawa tuluy diképrét-képrétkeun kana mézbah. Geus kitu, domba-domba jalu dipareuncitan, getihna diképrét-képrétkeun kana mézbah. Anak-anak domba jalu gé dipareuncitan, getihna diképrét-képrétkeun kana mézbah. 23  Ari embé jalu keur kurban pangampura dosa mah dibawa ka hareupeun Raja jeung jamaah. Tuluy, maranéhna numpangkeun leungeun ka embé-embé éta. 24  Embé-embé téh ku para imam dipareuncitan sarta dijadikeun kurban pangampura dosa, ari getihna mah dikanamézbahkeun. Geus kitu, para imam bakal mangméntakeun pangampura keur sakabéh urang Israél, lantaran Raja ngomong yén kurban beuleuman jeung kurban pangampura dosa téh kudu dibaktikeun demi sakabéh urang Israél. 25  Harita, Raja nempatkeun urang Léwi di bumina Yéhuwa pikeun narabeuh simbal, alat musik nu maké senar, jeung harpa, sakumaha paréntah Daud, Gad jurutingal Raja, jeung Nabi Natan. Éta téh paréntah ti Yéhuwa nu ditepikeun ku para nabi-Na. 26  Jung urang Léwi narangtung bari nyarekel alat-alat musik rancangan Daud, ari para imam nyarekel tarompét. 27  Geus kitu, Hizkia nitah supaya kurban beuleuman dibaktikeun dina mézbah. Barang kurban beuleuman dibaktikeun, breng jalma-jalma ngarawih keur Yéhuwa. Alat-alat musik nu dirancang ku Daud raja Israél téh ditabeuh sarta tarompét ditiup. 28  Waktu para imam jeung urang Léwi ngarawih sarta nariup tarompét, sakumna jamaah dareku nepi ka sakabéh kurban beuleuman bérés dibaktikeun. 29  Sanggeusna, Raja jeung sakabéh jalma nu bareng jeung manéhna sarujud nyembah ka Allah. 30  Raja Hizkia jeung para pajabat nitah urang Léwi pikeun muji Yéhuwa ku jabur karangan Daud jeung karangan Asaf jurutingal téa. Breng maranéhna muji sukur bari suka bungah sarta sujud jeung nyembah ka Allah. 31  Geus kitu Hizkia ngomong, ”Ayeuna aranjeun téh tos dipisahkeun kanggo Yéhuwa. Sok geura datang ka bumina Yéhuwa bari mawa sato-sato jang dikurbankeun sarta mawa kurban pamuji sukur.” Seug jamaah téh marawaan sato-sato jang dikurbankeun sarta marawaan kurban pamuji sukur. Salian ti éta, saha waé nu haténa iklas gé marawaan kurban beuleuman. 32  Kurban beuleuman nu dibawa ku jamaah téh nyaéta sapi 70, domba jalu 100, jeung anak domba jalu 200. Kabéhanana téh kurban beuleuman keur Yéhuwa. 33  Ari keur pangbakti suci, maranéhna mawa sapi 600 sarta domba jeung embé 3.000. 34  Tapi, ku sabab kakurangan imam pikeun nyisitan kulit sato-sato jang kurban beuleuman, dulur-dulur maranéhna, nyaéta urang Léwi, mantuan nepi ka kabéhanana bérés sarta nepi ka para imam bérés nyucikeun diri. Dibantuan téh lantaran urang Léwi mah leuwih sumanget nyucikeun diri tibatan para imam. 35  Salian ti éta, kurban beuleuman téh meni loba, kitu ogé jeung gajih ti kurban karukunan, sarta kurban inuman keur kurban beuleuman. Tah, kitu ibadah di bumina Yéhuwa téh diayakeun deui.* 36  Sagalana téh meni gancang bérésna lantaran dibantuan ku Allah nu sajati. Ku kituna, Hizkia jeung sakabéh jalma saruka bungah.

Catetan Tambihan

Atawa ”rohangan panghareupna”.
As. ”ngahéot”.
Atawa ”pikeun istirahat”.
Atawa ”roti susun”.
Atawa ”disiapkeun”.