Dua Babad 31:1-21

  • Hizkia nyingkirkeun ibadah palsu (1)

  • Para imam jeung urang Léwi didukung (2-21)

31  Sanggeus perayaan, kabéh urang Israél nu daratang téh arindit ka kota-kota Yéhuda. Maranéhna ngancurkeun pilar-pilar berhala, ngarubuhkeun tihang-tihang berhala, jeung ngamusnakeun tempat-tempat pamujaan sarta mézbah-mézbah di sakuliah Yéhuda jeung Bényamin, kitu ogé di Éfraim sarta Manasyé. Sanggeus kitu mah kabéh urang Israél baralik ka kotana masing-masing, ka imahna masing-masing.  Terus, Hizkia ngabagi-bagi para imam jeung urang Léwi dina kelompok-kelompok, supaya maranéhna bisa ngajalankeun tugasna masing-masing. Tugas maranéhna téh nyaéta ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban karukunan, ngalalayanan, ngucap sukur, sarta muji Allah di gerbang-gerbang buruan di sakuriling bait Yéhuwa.  Sabagian tina pangaboga Raja dibikeun jadi kurban beuleuman, nyaéta kurban nu dibaktikeun unggal isuk jeung pasosoré, dina poé Sabat, dina bulan anyar, jeung dina perayaan-perayaan, sakumaha nu ditulis dina Hukum Yéhuwa.  Salian ti éta, Raja gé méré paréntah ka penduduk Yérusalém pikeun méré jatah keur para imam jeung urang Léwi, supaya maranéhna bisa jongjon* ngabdikeun hirupna pikeun ngajalankeun hukum Yéhuwa.  Barang éta paréntah katarima, urang Israél marawaan hasil panén nu pangmimitina, nyaéta sisikian, cianggur anyar, minyak, madu, jeung sagala hasil tanah, jaba marawaan ogé perpuluhan tina sagala pangabogana. Nu dibawa téh loba pisan.  Urang Israél jeung urang Yéhuda nu maratuh di kota-kota Yéhuda marawaan sapersapuluh tina sapi jeung domba sarta sapersapuluh tina pangbakti suci, nu geus disucikeun keur Yéhuwa Allah maranéhna. Bakating ku loba-lobana, sumbangan nu dibawa ku maranéhna téh nepi ka numpuk.  Sumbangan téh mimiti ditumpuk dina bulan katilu, sarta bérés dina bulan katujuh.  Waktu Hizkia jeung para pajabat datang sarta ningali éta tumpukan, maranéhna langsung muji Yéhuwa sarta ménta sangkan Israél umat-Na diberkahan.  Hizkia nanyakeun ka para imam jeung urang Léwi ngeunaan éta tumpukan. 10  Dijawab kieu ku Azaria, imam kapala ti kulawarga Zadok, ”Ti mimiti jalmi-jalmi masihan sumbangan ka bumina Yéhuwa, jalmi-jalmi téh taruang dugi ka wareg, tapi angger wéh sésana seueur kénéh, da Yéhuwa ngaberkahan umat-Na. Tah, ieu sésana téh sakieu seueurna.” 11  Ngadéngé kitu, Hizkia nitah supaya gudang-gudang* di bumina Yéhuwa disiapkeun, prak éta disiapkeun. 12  Sumbangan, perpuluhan, jeung pangbakti suci téh dibarawaan ku jalma-jalma. Maranéhna satia ngalampahkeun éta. Konania urang Léwi ditugaskeun jadi pangawas sarta dibantuan ku Syiméi dulurna. 13  Aya deui nu mantuan maranéhna, nyaéta Yéhiél, Azazia, Nahat, Asahél, Yérimot, Yozabad, Éliél, Ismakhia, Mahat, jeung Bénaya. Ku paréntah Raja Hizkia, Azaria dipilih pikeun ngawaskeun bumina Allah nu sajati. 14  Koré anak Imnah, urang Léwi nu jaga gerbang di beulah wétan, ditugaskeun pikeun ngurus sumbangan sukaréla keur Allah nu sajati. Barang-barang nu kacida sucina sarta sumbangan nu dibaktikeun ka Yéhuwa téh ku manéhna dibagi-bagikeun ka para imam. 15  Bawahan manéhna téh nyaéta Éden, Miniamin, Yésyua, Syémaya, Amaria, jeung Syékania. Ku lantaran bisa dipercaya, maranéhna ditugaskeun di kota-kota imam pikeun ngabagikeun jatah ka dulur-dulur maranéhna nurutkeun kelompok-kelompokna. Boh kolot boh ngora meunang jatah nu sarua. 16  Aya ogé jatah keur lalaki-lalaki nu aya dina daptar silsilah, nu unggal poé datang ka bumina Yéhuwa pikeun ngajalankeun tugasna nurutkeun kelompokna masing-masing. Ieu gé kaasup jatah keur anak-anak lalaki nu umurna tilu taun ka luhur. 17  Urang Léwi nu umurna 20 taun ka luhur jeung para imam dicatet dina daptar silsilah, nurutkeun kulawarga pihak bapa sarta nurutkeun tugas kelompokna masing-masing. 18  Nu dicatet dina daptar silsilah téh kaasup anak-anak, pamajikan, jeung kabéh anggota kulawarga maranéhna. Maranéhna kudu ngajaga diri tetep suci, lantaran maranéhna dipercaya pikeun ngajalankeun tugas suci. 19  Turunan Harun gé aya dina daptar silsilah éta. Maranéhna téh nyaéta para imam nu matuh di tegal jukut sakurilingeun kota-kota maranéhna. Di kota-kota éta, aya sababaraha lalaki nu dipilih jeung dibéré tanggung jawab pikeun ngabagikeun jatah ka para imam jeung ka saha waé nu aya dina daptar silsilah urang Léwi. 20  Éta nu dilampahkeun ku Hizkia di sakuliah Yéhuda téh. Manéhna terus milampah nu hadé jeung bener dina pandangan Yéhuwa Allahna. Manéhna gé terus satia ka Anjeunna. 21  Sagala nu dilampahkeun ku manéhna pikeun ngalalayanan Allahna, nu aya patalina jeung palayanan di bumina Allah nu sajati atawa Torét jeung paréntah Allah, dijalankeun ku sapinuhna haté, nu matak sagala pagawéanana téh hasil.

Catetan Tambihan

Atawa ”jojong”.
Atawa ”rohangan tempat dahar”.