Dua Babad 32:1-33

  • Sanhérib ngancam Yérusalém (1-8)

  • Sanhérib nangtang ka Yéhuwa (9-19)

  • Malaikat maéhan pasukan Asiria (20-23)

  • Panyakit jeung kasombongan Hizkia (24-26)

  • Hal-hal nu dilampahkeun sarta maotna Hizkia (27-33)

32  Sanggeus Hizkia satia ngalampahkeun éta kabéh, Sanhérib raja Asiria datang tuluy nyerang Yéhuda. Manéhna ngepung kota-kota nu dibénténgan, maksudna rék dibobol jeung direbut.  Barang ningali Sanhérib datang jeung rék merangan Yérusalém,  Hizkia badami jeung para pajabat sarta para prajurit. Manéhna mutuskeun rék ngurugan cinyusu-cinyusu luareun kota. Éta putusan téh didukung.  Loba jalma dikumpulkeun, seug kabéh cinyusu jeung walungan nu ngalir ka sakuliah tanah téh diurugan, da ceuk maranéhna, ”Ulah nepi ka raja-raja Asiria manggihan loba cai waktu datang ka dieu.”  Geus kitu, Hizkia boga tékad pikeun ngawangun deui kabéh témbok nu raruksak sarta ngadegkeun munara-munara luhureunana. Di luarna, manéhna ngawangun témbok séjén. Manéhna gé ngoméan Pasir* di Kota Daud sarta nyieun loba senjata jeung taméng.  Manéhna milih panglima-panglima pasukan, seug dikumpulkeun di alun-alun deukeut gerbang kota. Hizkia nguatkeun maranéhna, pokna,  ”Maranéh kudu wani jeung kuat. Ulah sieun atawa geumpeur ku raja Asiria jeung baladna nu gedé. Nu nyarengan urang téh leuwih loba tibatan nu nyarengan manéhna.  Manéhna mah ngandelkeun kakuatan manusa biasa, ari urang mah disarengan ku Yéhuwa Allah urang, nu bakal nulungan jeung perang demi urang.” Ngadéngé omongan Hizkia raja Yéhuda, para panglima jadi taleger.  Geus kitu Sanhérib raja Asiria, nu keur aya di Lakhis bareng jeung sakabéh pasukanna nu karuat, ngirim utusan-utusan ka Yérusalém. Maranéhna nepikeun pesen kieu ka Hizkia raja Yéhuda jeung sakabéh urang Yéhuda di Yérusalém, 10  ”Ieu nu diucapkeun ku Sanhérib raja Asiria, ’Naon andelan maranéh nepi ka caricing kénéh di Yérusalém sakitu geus kakepung? 11  Hizkia téh geus nipu maranéh ku ngomong kieu, ”Yéhuwa Allah urang bakal nyalametkeun urang ti raja Asiria.” Éta téh bohong. Maranéh rék disina paraéh bakating ku lapar jeung halabhab. 12  Pan Hizkia kénéh nu ngancur-ngancurkeun tempat-tempat pamujaan jeung mézbah-mézbah Allah maranéh. Manéhna ogé pan nu nitah Yéhuda jeung Yérusalém sujud hareupeun hiji mézbah tuluy meuleum kurban luhureunana? 13  Can nyaho kitu naon nu dilampahkeun ku kuring jeung karuhun kuring ka bangsa-bangsa di nagri séjén? Mémangna aya allah-allah ti bangsa séjén nu sanggup nyalametkeun nagrina ti kuring? 14  Baheula, karuhun kuring geus ngamusnakeun loba bangsa. Ayeuna gé, allah-allah kabéh bangsa éta moal aya nu bisa nyalametkeun umatna ti kuring. Jadi, maranéh percaya bakal disalametkeun ku Allah maranéh ti kuring téh naon dasarna? 15  Ulah daék ditipu atawa disasabkeun ku Hizkia! Ulah percaya ka manéhna, da euweuh allah ti bangsa atawa karajaan mana waé nu bisa nyalametkeun umatna ti kuring jeung karuhun kuring. Allah maranéh gé nya sarua, moal bisa nyalametkeun maranéh ti kuring!’” 16  Para utusan téh terus wéh ngahina Yéhuwa Allah nu sajati sarta Hizkia hamba-Na. 17  Aya ogé surat nu ditulis pikeun ngahina jeung nangtang ka Yéhuwa Allah Israél, kieu eusina, ”Allah-allahna kabéh bangsa di nagri séjén teu bisaeun nyalametkeun umatna ti kuring, nya Allahna Hizkia gé moal bisaeun nyalametkeun umat-Na ti kuring.” 18  Maranéhna terus wéh ngomong maké basa Yahudi ka urang Yérusalém nu aya di luhureun témbok. Ngomongna téh dihaja ditarikkeun supaya jalma-jalma sieun jeung geumpeur, ngarah éta kota babari direbutna. 19  Maranéhna nangtang ka Allahna Yérusalém, sarua kawas nangtang ka allahna bangsa-bangsa di bumi nu dijieun ku manusa. 20  Tapi, Raja Hizkia jeung Nabi Yésaya anak Amoz terus ngadoa jeung nyambat pitulung Allah nu aya di sorga. 21  Tuluy, Yéhuwa ngutus hiji malaikat pikeun ngamusnakeun kabéh prajurit perkasa, pamingpin, jeung panglima di pakémahan raja Asiria. Ari geus kitu mah raja Asiria téh balik ka nagrina bari nandang kaéra. Hiji waktu, manéhna asup ka kuil allahna. Di ditu, manéhna dipaéhan ku pedang, ku anak-anakna sorangan. 22  Kitu carana Yéhuwa nyalametkeun Hizkia jeung penduduk Yérusalém ti Sanhérib raja Asiria jeung ti sakabéh musuh. Allah ngabébaskeun maranéhna ti musuh-musuh sakurilingeunana. 23  Loba nu daratang ka Yérusalém bari marawa pangbakti keur Yéhuwa jeung marawa barang-barang nu aralus keur Hizkia raja Yéhuda. Ti semet harita, Hizkia dihormat pisan ku kabéh bangsa. 24  Hiji poé, Hizkia gering jeung téréh maot. Manéhna ngadoa ka Yéhuwa, tuluy ku Allah dijawab jeung dibéré tanda. 25  Tapi, Hizkia teu ngahargaan sagala kahadéan nu ditarima ku manéhna, da haténa jadi angkuh, nu matak Allah jadi ambek ka manéhna sarta ka Yéhuda jeung Yérusalém. 26  Tapi, ahirna mah Hizkia ngarendahkeun diri jeung teu angkuh deui, kitu deui jeung penduduk Yérusalém. Jadi, Yéhuwa teu ngahukum maranéhna dina jaman Hizkia. 27  Hizkia jadi beuki beunghar jeung mulya. Manéhna ngawangun gudang-gudang keur nyimpen pérak, emas, batu-batu permata, minyak balsem, taméng-taméng, jeung barang-barangna nu marahal. 28  Manéhna gé ngawangun gudang-gudang keur nyimpen hasil tina sisikian, tina cianggur anyar, jeung tina minyak. Salian ti éta, manéhna ngawangun kandang-kandang keur ingon-ingon sarta keur embé jeung domba. 29  Manéhna ngawangun kota-kota keur dirina sorangan sarta ngumpulkeun loba pisan embé, domba, jeung sapi, sabab manéhna ku Allah dibéré loba pisan harta banda. 30  Hizkia mendet cai anu ngocor ti Cinyusu Gihon beulah luhur, tuluy éta cai dikocorkeun ka wétan, ka Kota Daud. Sagala nu dipigawé ku Hizkia euweuh nu gagal. 31  Tapi, waktu para pajabat Babilon ngirim utusan pikeun nanyakeun ngeunaan tanda nu kajadian di éta tanah, Hizkia ku Allah nu sajati téh diantep sina nyieun putusan sorangan, sabab Allah hayang nguji manéhna supaya kanyahoan sagala eusi haténa. 32  Riwayat Hizkia, kaasup asih satiana ka Allah, ditulis dina catetan ngeunaan titingalian Nabi Yésaya anak Amoz, nyaéta dina Buku Raja-Raja Yéhuda jeung Israél. 33  Ahirna, Hizkia maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di lamping* nu tungtungna ka makam anak-anak Daud nu lalaki. Waktu dikuburkeun, manéhna dihormat-hormat ku sakabéh urang Yéhuda jeung penduduk Yérusalém. Geus kitu, Manasyé anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Atawa ”Milo”. Istilah Ibrani nu hartina ”gundukan”.
Atawa ”léréng”.