Dua Babad 33:1-25

  • Manasyé raja Yéhuda (1-9)

  • Manasyé tobat (10-17)

  • Maotna Manasyé (18-20)

  • Amon raja Yéhuda (21-25)

33  Basa jadi raja, Manasyé téh umur 12 taun. Manéhna maréntah salila 55 taun di Yérusalém.  Manasyé milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa. Manéhna nurutan kabiasaan nu pikaijideun ti bangsa-bangsa nu diusir ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél.  Tempat-tempat pamujaan nu baheula dirugrugkeun ku Hizkia bapana, ayeuna diwangun deui. Mézbah-mézbah keur déwa-déwa Baal jeung tihang-tihang berhala gé diadegkeun deui. Malah, manéhna sujud nyembah ka béntang-béntang nu aya di langit.  Manéhna gé ngawangun mézbah-mézbah keur aallahan di bumina Yéhuwa, padahal Yéhuwa geus méré nyaho kieu, ”Ngaran Kuring bakal aya di Yérusalém pikeun salilana.”  Geus kitu, di dua buruan bumina Yéhuwa, manéhna ngawangun mézbah-mézbah keur béntang-béntang di langit.  Malah, barudakna sorangan gé diduruk dijadikeun kurban di Lebak Putra Hinom. Salian ti éta, manéhna maké élmu gaib, ngaramal, jeung maké élmu sihir. Manéhna gé ngadatangkeun tukang manggil arwah jeung tukang ramal sina digawé keur manéhna. Manasyé ngalampahkeun loba hal jahat dina pandangan Yéhuwa. Éta téh nganyenyeri haté Anjeunna.  Patung ukiran nu dijieun ku manéhna téa diteundeun di bumina Allah nu sajati, padahal Allah geus ngabéjaan kieu ka Daud jeung Sulaéman anakna, ”Kuring bakal nempatkeun ngaran Kuring keur salilana di ieu imah jeung di Yérusalém, nyaéta tempat nu dipilih ku Kuring ti antara sakabéh daérah kaom Israél.  Urang Israél moal nepi ka diusir ti tanah nu geus ditangtukeun ku Kuring keur karuhun maranéhna, asal maranéhna bener-bener nurut kana sakabéh paréntah Kuring, sakabéh Torét, aturan, jeung putusan hukum nu ditepikeun ku Musa.”  Tapi, Manasyé kalah ka teterusan nyasabkeun Yéhuda jeung penduduk Yérusalém, nepi ka lalampahan maranéhna jadi leuwih parah tibatan bangsa-bangsa nu geus dimusnakeun ku Yéhuwa ti hareupeun urang Israél. 10  Yéhuwa terus ngélingan Manasyé jeung rahayatna, tapi henteu diturut. 11  Jadi, Yéhuwa ngadatangkeun para panglima pasukan raja Asiria. Manasyé ku maranéhna ditéwak maké kakait* tuluy diranté maké dua ranté tambaga, seug diboyong ka Babilon. 12  Waktu keur kasusahan, manéhna sasambat ménta dipikarunya ku Yéhuwa Allahna. Manéhna gé terus ngarendahkeun diri hareupeun Allah karuhunna. 13  Manéhna terus ngadoa ka Allah, nepi ka Allah kageuing ku panyambatna jeung ngamakbul paméntana pikeun dipikarunya. Seug Allah mulangkeun manéhna ka Yérusalém pikeun jadi raja deui. Ahirna, Manasyé ngarti yén Yéhuwa téh Allah nu sajati. 14  Saterusna, Manasyé ngawangun témbok nu luhur pisan di luar Kota Daud, kuloneun Gihon, nu aya di lebak.* Éta témbok terus diwangun nepi ka Gerbang Lauk, ngurilingan kota nepi ka Ofél. Geus kitu, manéhna milih panglima-panglima pasukan sarta nempatkeun maranéhna di kota-kota nu dibénténgan di Yéhuda. 15  Manéhna gé nyingkirkeun allah-allah asing jeung patung berhala nu aya di bumina Yéhuwa, kitu deui sakabéh mézbah nu diwangun ku manéhna di gunung tempat bumina Yéhuwa jeung di Yérusalém. Geus kitu, éta kabéh ku manéhna dibalang-balangkeun ka luareun kota. 16  Salian ti éta, manéhna ngoméan mézbah Yéhuwa, tuluy manéhna ngabaktikeun kurban karukunan jeung kurban pamuji sukur luhureunana. Geus kitu, manéhna méré paréntah ka urang Yéhuda pikeun ngalalayanan Yéhuwa Allah Israél. 17  Sanajan kitu, rahayat masih kénéh ngurban di tempat-tempat pamujaan, tapi ngurbanna mah ngan ka Yéhuwa Allah maranéhna. 18  Riwayat Manasyé, kaasup doana ka Allah sarta kekecapan jurutingal nu ngomong ka manéhna ngawakilan ngaran Yéhuwa Allah Israél, ditulis dina catetan sajarah ngeunaan raja-raja Israél. 19  Salian ti éta, doana, panyambatna nu dimakbul, sagala dosa jeung lalampahanana nu teu satia, sarta tempat manéhna ngawangun tempat-tempat pamujaan jeung ngadegkeun tihang-tihang berhala sarta patung-patung ukiran saacan manéhna ngarendahkeun diri, ditulis dina catetan para jurutingalna. 20  Ahirna, Manasyé maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di deukeut istanana. Amon anakna ngaganti manéhna jadi raja. 21  Basa jadi raja, Amon téh umur 22 taun. Manéhna maréntah salila dua taun di Yérusalém. 22  Amon terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Manasyé bapana. Manéhna terus nyembah jeung ngurban ka sakabéh patung-patung ukiran nu dijieun ku Manasyé bapana. 23  Tapi, manéhna mah teu ngarendahkeun diri hareupeun Yéhuwa, teu kawas Manasyé bapana nu ngarendahkeun diri. Manéhna kalah ka nambahan dosa sorangan. 24  Ka dieunakeun, palayan-palayan Amon sakongkol tuluy maéhan manéhna di istanana sorangan. 25  Tapi, kabéh nu sakongkol éta téh dipaéhan ku rahayat, tuluy rahayat ngangkat Yosia anakna jadi raja gaganti manéhna.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”ditéwak di sela-sela”.
Atawa ”wadi”.