Dua Babad 34:1-33

  • Yosia raja Yéhuda (1, 2)

  • Parobahan nu dilampahkeun ku Yosia (3-13)

  • Buku Hukum katimu (14-21)

  • Ramalan Hulda ngeunaan musibat (22-28)

  • Yosia maca buku éta hareupeun jalma-jalma (29-33)

34  Basa jadi raja, Yosia téh umur dalapan taun. Manéhna maréntah salila 31 taun di Yérusalém.  Manéhna milampah nu bener dina pandangan Yéhuwa sarta nuturkeun lalampahan Daud karuhunna. Manéhna teu nyimpang ka kénca atawa ka katuhu.  Dina taun ka-8 pamaréntahanana, basa budak kénéh, manéhna mimiti ngajalankeun ibadah ka Allahna Daud karuhunna. Dina taun ka-12, manéhna mimiti nyingkir-nyingkirkeun tempat-tempat pamujaan, tihang-tihang berhala, patung-patung ukiran, jeung patung-patung logam di Yéhuda jeung Yérusalém.  Salian ti éta, manéhna nitah supaya mézbah-mézbah paranti ngabakti ka déwa-déwa Baal dirugrugkeun. Wadah-wadah dupa luhureunana gé diancur-ancurkeun. Tihang-tihang berhala, patung-patung ukiran, jeung patung-patung logam dibebekan nepi ka jadi bubuk, tuluy éta diawurkeun ka makam jelema-jelema nu baheulana osok ngurban ka berhala-berhala éta.  Tulang-taléng para imam Baal ku manéhna diduruk dina mézbah urut maranéhna ngurban. Tah, kitu carana Yosia mersihan Yéhuda jeung Yérusalém.  Di kota-kota Manasyé, Éfraim, Siméon, terus nepi ka Naftali, jeung di ruruntuhan nu aya di sakurilingna,  Yosia ngarugrugkeun mézbah-mézbah sarta ngabebek tihang-tihang berhala jeung patung-patung ukiran nepi ka jadi bubuk. Wadah-wadah dupa nu aya di sakuliah Israél gé ku manéhna diancur-ancurkeun. Geus kitu, manéhna balik ka Yérusalém.  Dina taun ka-18 pamaréntahanana, sanggeus bérés mersihan sakuliah nagri jeung bait, manéhna ngutus Syafan anak Azalia, Maaséya pamingpin kota, jeung Yoah anak Yoahaz, nu jadi tukang nyatet, pikeun ngoméan bumina Yéhuwa Allahna.  Duit nu dibawa ka bumina Allah beunang ngumpulkeun urang Léwi nu ngajaga panto téh ku maranéhna dibikeun ka Imam Agung Hilkia. Ngumpulkeunana téh ti Manasyé, Éfraim, jeung sakabéh urang Israél séjénna, kitu deui ti Yéhuda, Bényamin, jeung penduduk Yérusalém. 10  Geus kitu, duitna téh dibikeun ka jalma-jalma nu ditugaskeun pikeun ngawaskeun pagawéan di bumina Yéhuwa. Engké ku maranéhna dibikeun deui ka jalma-jalma nu bakal ngoméan bumina Yéhuwa. 11  Dibikeunna téh ka tukang kai jeung kuli keur meuli batu potongan jeung kai keur panyangga. Duit éta gé dipaké keur masang balok dina wangunan-wangunan nu diantep sina raruksak ku raja-raja Yéhuda. 12  Nu digarawé téh jalma-jalma nu satia. Urang Léwi nu dipilih pikeun jadi pangawas maranéhna téh nyaéta Yahat jeung Obaja turunan Mérari sarta Zakharia jeung Mésyulam turunan Kohat. Salian ti maranéhna, aya ogé urang Léwi nu jarago maén musik, 13  nu jadi kapala kuli-kuli,* sarta nu jadi pangawas keur tukang-tukang nu migawé rupa-rupa pagawéan. Sababaraha urang Léwi gé jadi sékertaris, mandor, jeung tukang jaga gerbang. 14  Waktu rék nyokot duit nu dibawa ka bumina Yéhuwa, Imam Hilkia nimu buku Hukum Yéhuwa nu dibikeun ka Musa. 15  Jadi, Hilkia ngomong kieu ka Syafan sékertaris téa, ”Kuring nimu buku Torét di bumina Yéhuwa.” Seug éta buku dibikeun ka Syafan. 16  Geus kitu, Syafan mawa éta buku ka Raja jeung ngomong kieu, ”Sadaya tugas téh tos dijalankeun ku hamba-hamba Raja. 17  Artos nu dikumpulkeun di bumina Yéhuwa téh tos dikaluarkeun sareng diserahkeun ka para mandor sareng nu didaramel.” 18  Syafan gé ngomong kieu ka Raja, ”Imam Hilkia masihan ieu buku ka abdi.” Seug buku téh dipangmacakeun ku Syafan hareupeun Raja. 19  Sanggeus ngadéngé kekecapan dina Torét, béréwék Raja nyoéhkeun pakéanana. 20  Raja langsung méré paréntah ka Hilkia, Ahikam anak Syafan, Abdon anak Mikha, Syafan sékertaris téa, jeung Asaya palayan Raja, kieu cenah, 21  ”Demi kuring sarta demi jalma-jalma nu araya kénéh di Israél jeung Yéhuda, pangnanyakeun ka Yéhuwa ngeunaan kekecapan nu aya dina buku nu kakara katimu ieu. Amarah Yéhuwa téh bakal ngagedur ka urang, lantaran karuhun urang teu nurut kana kekecapan Yéhuwa. Aranjeunna teu ngajalankeun sagala nu ditulis dina ieu buku.” 22  Jadi, Hilkia bareng jeung para utusan Raja téh indit ngadatangan Nabiah Hulda, pamajikanana Syalum. Syalum téh anak Tikwa incu Harhas, pangurus papakéan. Hulda matuhna di Wilayah Anyar di Yérusalém, jadi maranéhna ka dinya pikeun nyarita ka Hulda. 23  Ceuk Hulda, ”Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Béjakeun ka nu ngutus maranéh, 24  ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ’Kuring bakal ngadatangkeun musibat ka ieu tempat jeung pendudukna. Sakabéh kutukan nu ditulis dina buku nu dibacakeun ka raja Yéhuda bakal laksana. 25  Maranéhna geus ninggalkeun Kuring jeung ngurban ka allah-allah séjén. Maranéhna geus nganyenyeri haté Kuring ku sagala nu dipigawé ku maranéhna. Ku sabab éta, amarah Kuring bakal budal ka ieu tempat, moal bisa pareum.’” 26  Tapi, maranéh gé kudu ngomong kieu ka raja Yéhuda nu ngutus maranéh pikeun nanya ka Yéhuwa, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Manéh geus ngadéngé kekecapan nu aya dina éta buku. 27  Waktu manéh ngadéngé naon nu rék dilampahkeun ku Kuring, Allah manéh, ka ieu tempat jeung pendudukna, haté manéh langsung kageuing,* sarta manéh ngarendahkeun diri. Manéh ngarendahkeun diri hareupeun Kuring tuluy nyoéhkeun pakéan manéh bari ceurik sesegruk hareupeun Kuring. Kuring geus ngadéngé panyambat manéh, ceuk Yéhuwa. 28  Éta sababna, manéh moal bakal ningali musibat nu rék didatangkeun ku Kuring ka ieu tempat jeung pendudukna. Manéh bakal maot tuluy dikuburkeun cara karuhun manéh.’”’” Éta pesen téh ditepikeun ka Raja. 29  Jadi, Raja méré paréntah ka para kokolot Yéhuda jeung Yérusalém sina karumpul. 30  Geus kitu, Raja indit ka bumina Yéhuwa bareng jeung sakabéh urang Yéhuda, penduduk Yérusalém, para imam, urang Léwi, jeung sakabéh rahayat, ti nu ngora nepi ka nu kolot. Sakabéh kekecapan nu aya dina buku perjangjian nu katimu di bumina Yéhuwa téa dipangmacakeun ku manéhna hareupeun jalma réa. 31  Raja nangtung di tempatna jeung nyieun perjangjian* hareupeun Yéhuwa. Manéhna jangji bakal ngajalankeun perjangjian nu ditulis dina éta buku. Manéhna gé jangji bakal ngalalayanan Yéhuwa jeung ngajalankeun paréntah, pépéling, sarta aturan ti Anjeunna ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa.* 32  Geus kitu, manéhna ngajurung kabéh jalma nu aya di Yérusalém jeung Bényamin supaya satuju kana éta perjangjian. Prak penduduk Yérusalém ngalampahkeun naon nu luyu jeung perjangjian Allah, nyaéta Allah karuhun maranéhna. 33  Kabéh hal nu dipikageuleuh ku Allah* téh ku Yosia disingkir-singkirkeun ti sakuliah nagri urang Israél. Manéhna gé mantuan kabéh jalma di Israél pikeun ngalalayanan Yéhuwa Allah maranéhna. Salila manéhna hirup, jalma-jalma teu nyimpang. Maranéhna terus nyembah ka Yéhuwa Allah karuhun maranéhna.

Catetan Tambihan

Atawa ”kuli-kuli panggul”.
As. ”langsung jadi leuleuy”.
Atawa ”nganyarkeun perjangjian”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”Kabéh berhala”.