Dua Babad 35:1-27

  • Yosia ngayakeun Paskah nu gedé (1-19)

  • Yosia dipaéhan ku Firaun Nékho (20-27)

35  Yosia ngayakeun Paskah keur Yéhuwa di Yérusalém. Kurban Paskah dipareuncitan dina poé ka-14 bulan nu kahiji.  Yosia nangtukeun tugas keur para imam sarta nyumangetan maranéhna pikeun ngajalankeun palayanan maranéhna di bumina Yéhuwa.  Geus kitu, manéhna ngomong kieu ka urang Léwi, nyaéta para guru Israél, nu geus disucikeun keur Yéhuwa, ”Peti perjangjian suci téh teundeun di bumi nu diwangun ku Sulaéman anak Daud raja Israél, jadi aranjeun geus teu kudu ngagotong éta peti dina taktak. Aranjeun kudu ngalalayanan Yéhuwa Allah aranjeun jeung Israél umat-Na.  Siapkeun diri pikeun ngajalankeun tugas dina kelompok-kelompok nurutkeun kulawarga pihak bapa aranjeun, sakumaha nu ditulis ku Daud raja Israél sarta ku Sulaéman anakna.  Sok narangtung di tempat suci nurutkeun kelompok aranjeun masing-masing. Ku kituna, hiji kulawarga pihak bapa ti urang Léwi bisa ngalalayanan hiji kulawarga pihak bapa ti dulur-dulur aranjeun, nyaéta ieu umat.  Sok pareuncitan kurban Paskah, sucikeun diri, tuluy siap-siap keur dulur-dulur aranjeun, supaya aranjeun bisa ngajalankeun firman Yéhuwa nu ditepikeun ku Musa.”  Yosia nyumbangkeun ingon-ingon keur rahayat, nyaéta anak domba jalu jeung anak embé jalu keur kurban Paskah pikeun saha waé nu datang. Kabéhanana téh aya 30.000, ari sapina aya 3.000. Éta kabéh téh tina kakayaan Raja.  Para pajabatna gé méré sumbangan pikeun dijadikeun kurban sukaréla keur rahayat, para imam, jeung urang Léwi. Para pamingpin di bumina Allah nu sajati, nyaéta Hilkia, Zakharia, jeung Yéhiél, méré kurban Paskah 2.600 jeung sapi 300 ka para imam.  Ari Konania jeung dulur-dulurna, nyaéta Syémaya jeung Nétanél, sarta para pamingpin urang Léwi, nyaéta Hasyabia, Yéiél, jeung Yozabad, nyumbangkeun kurban Paskah 5.000 jeung sapi 500 ka urang Léwi. 10  Sanggeus sagala kaperluan keur ibadah bérés disiapkeun, para imam nangtung di tempatna, sarta urang Léwi nangtung nurutkeun kelompokna masing-masing, sakumaha paréntah Raja. 11  Kurban Paskah téh dipareuncitan, tuluy para imam ngéprét-ngéprétkeun getih sato nu ditarima ti nu séjén. Ari urang Léwi mah nyisitan sato-sato éta. 12  Geus kitu, maranéhna nyiapkeun kurban beuleuman jang dibagi-bagikeun ka éta umat, nu geus dibagi jadi kelompok-kelompok nurutkeun kulawarga pihak bapa. Jadi, jalma-jalma bisa ngabaktikeun éta ka Yéhuwa, sakumaha nu ditulis dina buku Musa. Sapi-sapi ogé dikitukeun ku maranéhna. 13  Kurban Paskah dipasak* luhureun seuneu sakumaha biasana. Ari pangbakti suci dipasak dina panci, pariuk, jeung katél, tuluy éta buru-buru dibikeun ka umat. 14  Saterusna, maranéhna nyiapkeun kurban keur dirina sorangan jeung keur para imam, nyaéta turunan Harun. Urang Léwi nyiapkeun kurban keur dirina sorangan jeung keur para imam, nyaéta turunan Harun, lantaran para imam terus ngabaktikeun kurban beuleuman jeung gajih nepi ka peuting. 15  Para jurukawih, nyaéta turunan Asaf, aya di tempatna masing-masing, sakumaha paréntah Daud, Asaf, Héman, jeung Yédutun jurutingal Raja. Ari tukang jaga gerbang mah ngajaga di gerbangna masing-masing. Maranéhna teu perlu ninggalkeun tugasna, lantaran dulur-dulurna, nyaéta urang Léwi, geus nyiapkeun kurban keur maranéhna. 16  Jadi dina poé éta, sagala kaperluan keur ibadah ka Yéhuwa geus bérés disiapkeun, nyaéta keur ngayakeun Paskah sarta ngabaktikeun kurban beuleuman dina mézbah Yéhuwa, sakumaha paréntah Raja Yosia. 17  Harita, urang Israél nu daratang ka Yérusalém ngarayakeun Paskah jeung Perayaan Roti nu Teu Diragian salila tujuh poé. 18  Ti jaman Nabi Samuél, can pernah aya perayaan Paskah kawas kitu di Israél. Nya kitu deui di jaman raja-raja Israél saacanna, can pernah aya nu ngayakeun Paskah kawas nu diayakeun ku Yosia, para imam, urang Léwi, sakabéh urang Yéhuda jeung Israél nu datang, sarta penduduk Yérusalém. 19  Éta Paskah téh diayakeunana dina taun ka-18 pamaréntahan Yosia. 20  Sanggeus éta kabéh dilaksanakeun, nyaéta sanggeus Yosia bérés ngoméan bait, Nékho raja Mesir indit rék perang di Karkhémis deukeut Walungan Éfrat, tapi ku Yosia kalah ka dipegat rék diperangan. 21  Jadi, Nékho ngirim utusan pikeun nepikeun pesen kieu, ”Éh Raja Yéhuda, naon urusan anjeun jeung kuring? Da poé ieu mah kuring lain rék merangan anjeun, tapi rék merangan bangsa séjén. Ku Allah gé geus dibéjaan kudu buru-buru. Demi kasalametan anjeun sorangan, ulah ngalawan ka Allah nu nyarengan kuring, bisi anjeun dicilakakeun ku Allah.” 22  Tapi angger wéh Yosia teu balik. Manéhna kalah ka nyamar, rék merangan Nékho. Omongan Nékho teu didéngé ku manéhna, padahal éta téh asalna ti Allah. Jadi, Yosia perang di Padataran Mégido. 23  Di dinya, Raja Yosia keuna ku panah. Pokna ka para palayan, ”Bawa urang kaluar ti dieu. Urang raheut parah.” 24  Jadi ku para palayanna, manéhna digotong tina karéta tuluy dipindahkeun kana karéta perang nu kadua, bral indit ka Yérusalém. Ahirna, manéhna maot tuluy dikuburkeun di makam karuhunna. Sakabéh urang Yéhuda jeung Yérusalém nyeungceurikan manéhna. 25  Yérémia ngawihkeun lagu sedih keur Yosia. Lagu-lagu sedih ngeunaan Yosia terus dikawihkeun ku para jurukawih lalaki jeung awéwé nepi ka ayeuna. Tuluy, aya putusan yén éta lagu-lagu téh kudu dikawihkeun di Israél sarta diasupkeun kana kumpulan lagu-lagu sungkawa. 26  Riwayat Yosia, kaasup kasatiaanana* dina ngajalankeun naon nu ditulis dina Hukum Yéhuwa 27  sarta lalampahanana ti awal nepi ka ahir, ditulis dina Buku Raja-Raja Israél jeung Yéhuda.

Catetan Tambihan

Atawa bisa jadi ”dipanggang”.
As. ”asih satiana”.