Dua Babad 36:1-23

  • Yéhoahaz raja Yéhuda (1-3)

  • Yéhoyakim raja Yéhuda (4-8)

  • Yéhoyakhin raja Yéhuda (9, 10)

  • Zédékia raja Yéhuda (11-14)

  • Ancurna Yérusalém (15-21)

  • Paréntah Korés pikeun ngawangun deui bait (22, 23)

36  Geus kitu, rahayat éta nagri ngangkat Yéhoahaz anak Yosia jadi raja di Yérusalém gaganti bapana.  Basa jadi raja, Yéhoahaz téh umur 23 taun. Manéhna maréntah salila tilu bulan di Yérusalém.  Tapi, raja Mesir nurunkeun kadudukan manéhna di Yérusalém sarta ngawajibkeun Yéhuda mayar upeti, nyaéta pérak 3.420 kilo jeung emas 34,2 kilo.*  Sababaraha waktu ti dinya, raja Mesir ngangkat Éliakim lanceukna Yéhoahaz jadi raja Yéhuda jeung Yérusalém. Ngaran Éliakim diganti jadi Yéhoyakim. Ari Yéhoahaz dibawa ku Nékho ka Mesir.  Basa jadi raja, Yéhoyakim téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 11 taun di Yérusalém. Yéhoyakim terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa Allahna.  Hiji waktu, Nébukhadnézar raja Babilon datang merangan manéhna. Yéhoyakim diranté maké dua ranté tambaga, seug diboyong ka Babilon.  Sawaréh paparabotan di bumina Yéhuwa ku Nébukhadnézar diakutan ka Babilon tuluy disimpen di istanana di Babilon.  Riwayat Yéhoyakim, kaasup hal-hal pikaijideun nu dilampahkeunana jeung kajahatanana, ditulis dina Buku Raja-Raja Israél jeung Yéhuda. Yéhoyakhin anakna ngaganti manéhna jadi raja.  Basa jadi raja, Yéhoyakhin téh umur 18 taun. Manéhna maréntah salila tilu bulan sapuluh poé di Yérusalém. Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa. 10  Dina awal taun,* Raja Nébukhadnézar ngirim bawahanana pikeun ngaboyong Yéhoyakhin ka Babilon sarta ngajabel barang-barang nu aralus ti bumina Yéhuwa. Zédékia emangna dijadikeun raja Yéhuda jeung Yérusalém. 11  Basa jadi raja, Zédékia téh umur 21 taun. Manéhna maréntah salila 11 taun di Yérusalém. 12  Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa Allahna. Manéhna teu ngarendahkeun diri hareupeun Nabi Yérémia, nu dititah ku Yéhuwa pikeun ngélingan manéhna. 13  Zédékia ku Raja Nébukhadnézar téh geus dititah sumpah demi Allah bakal satia ka éta raja, tapi Zédékia kalah ka barontak. Zédékia gé heuras beuheung jeung embung nurut ka Yéhuwa Allah Israél. 14  Sakabéh kapala para imam jeung sakumna rahayat geus bener-bener teu satia. Maranéhna ngalampahkeun sagala hal nu pikaijideun, nurutan bangsa-bangsa séjén, sarta nganajisan bumina Yéhuwa nu geus disucikeun ku Anjeunna di Yérusalém. 15  Yéhuwa Allah karuhun maranéhna terus ngélingan maranéhna ku jalan para utusana-Na. Maranéhna diélingan deui diélingan deui, lantaran Anjeunna karunya ka umat-Na sarta embung bait-Na ancur. 16  Tapi maranéhna kalah ka nyeungseurikeun utusan-utusan Allah nu sajati, nyapirakeun ucapan Allah, sarta moyok ka nabi-nabi-Na, nu matak Yéhuwa ambek ka umat-Na. Maranéhna geus teu bisa ditulungan deui. 17  Jadi, Allah ngadatangkeun raja urang Khaldéa pikeun merangan maranéhna. Para jajaka diparaéhan ku pedang di tempat suci. Rék ka jajaka, ka mojang, ka nu kolot, ka nu gering, éta raja meni téga pisan. Kabéh dipasrahkeun ku Allah ka éta raja. 18  Paparabotan di bumina Allah nu sajati, ti nu leutik nepi ka nu gedé, kitu deui harta di bumina Yéhuwa sarta harta raja jeung para pajabatna, kabéh diakut ka Babilon. 19  Bumina Allah nu sajati ku manéhna diduruk, témbok Yérusalém dirugrugkeun, munara-munara nu dibénténgan diduruk, barang-barang nu aralus gé kabéh diancurkeun. 20  Nu teu dipaéhan ku pedang téh ku manéhna diboyong ka Babilon, dijadikeun palayan-palayan keur manéhna jeung anak-anakna nu lalaki nepi ka karajaan Pérsia maréntah. 21  Éta téh ngarah firman Yéhuwa nu ditepikeun ku Yérémia jadi kanyataan, nepi ka hutang sabat éta nagri dibayar punah. Salila 70 taun, éta nagri bakal kalantar, disina istirahat.* 22  Dina taun kahiji* pamaréntahan Korés raja Pérsia, supaya firman Yéhuwa nu ditepikeun ku Yérémia jadi kanyataan, Yéhuwa ngagerakkeun haté Korés raja Persia pikeun ngaluarkeun pangumuman nu bakal diuarkeun di sakuliah karajaanana. Éta pangumuman gé ditulis. Kieu eusina, 23  ”Ieu nu diucapkeun ku Korés raja Pérsia, ’Yéhuwa, Allah nu ngawasaan sorga, tos masihan sadaya karajaan di bumi ka kuring. Kuring tos ditugaskeun pikeun ngawangun bumi kanggo Anjeunna di Yérusalém, di Yéhuda. Saha waé ti antara aranjeun nu jadi umat-Na, mangga angkat ka ditu. Mugia éta jalmi disarengan ku Yéhuwa Allahna.’”

Catetan Tambihan

As. ”pérak 100 talénta jeung emas satalénta”. Tingali Lamp. B14.
Bisa jadi usum semi.
Atawa ”disina ngajalankeun sabat”.
Katingalina ngamaksudkeun taun kahiji Korés maréntah Babilon.