Dua Babad 4:1-22

  • Mézbah, Laut Tambaga, jeung jolang-jolang (1-6)

  • Wadah lampu, méja-méja, jeung buruan (7-11a)

  • Paparabotan bait réngsé dijieun (11b-22)

4  Geus kitu, Sulaéman nyieun mézbah tambaga. Panjangna 20 hasta, lébarna 20 hasta, jeung jangkungna 10 hasta.*  Manéhna nyieun hiji wadah paranti nampung cai nu disebut Laut Tambaga. Bangunna bunder, jerona 5 hasta, garis tengahna 10 hasta, jeung kurilingna 30 hasta.  Handapeun éta, sakurilingna dihias ku wawaluhan dua jajar, dina unggal hastana aya sapuluh wawaluhan, dicitakna téh ngahiji jeung éta Laut.  Éta Laut ditumpangkeun kana 12 sasapian jalu tina tambaga, nu 3 nyanghareup ka kalér, 3 ka kulon, 3 ka kidul, 3 deui ka wétan. Kabéh sasapian éta nukangan Laut.  Kandelna Laut téh sadampal leungeun.* Biwir Laut téh siga biwir cangkir, siga kembang bakung nu keur mekar. Éta Laut bisa nampung cai 66.000 liter.*  Geus kitu, manéhna nyieun sapuluh jolang, lima diteundeun di kénca lima di katuhu. Jolang-jolang éta téh paranti ngumbah barang-barang nu dipaké pikeun ngabaktikeun kurban beuleuman. Ari Laut mah dipaké ku para imam keur mersihan diri.  Tuluy, manéhna nyieun sapuluh wadah lampu tina emas, sakumaha nu geus ditangtukeun. Wadah-wadah éta diteundeunna di bait, lima di kénca lima di katuhu.  Manéhna gé nyieun sapuluh méja tuluy diteundeun di bait, lima di kénca lima di katuhu. Salian ti éta, manéhna nyieun 100 mangkok emas.  Manéhna nyieun buruan keur para imam sarta buruan gedé jeung panto-pantona, tuluy sakabéh panto éta dilapis ku tambaga. 10  Ari Laut mah ditempatkeun di katuhueun bumina Allah, di beulah kidul wétan. 11  Hiram gé nyieun wadah-wadah paranti lebu, singkup-singkup, jeung mangkok-mangkok. Ku kituna, Hiram ngaréngsékeun kabéh pagawéanana keur Raja Sulaéman di bumina Allah nu sajati, nyaéta 12  dua pilar jeung mamakutaanana anu bangunna siga mangkok, dua jaring keur ngahias dua mamakutaan éta, 13  sarta 400 dadalimaan keur dua jaring nu ngahias dua mamakutaan éta, unggal jaringna téh aya dua jajar dadalimaan. 14  Manéhna gé nyieun sapuluh gorobag jeung sapuluh jolangna, 15  Laut Tambaga jeung 12 sasapian jalu handapeunana, 16  wadah paranti lebu, singkup, garpuh, sarta kabéh parabot tina tambaga nu harérang. Éta kabéh dijieun ku Hiram-abiw keur Raja Sulaéman pikeun dipaké di bumina Yéhuwa. 17  Raja nitah supaya éta barang-barang téh dijieunna dina citakan tina taneuh liket di daérah Yordan, di antara Sukot jeung Zéréda. 18  Kabéh barang nu dijieun ku Sulaéman téh loba pisan, nepi ka beurat tambagana téh teu kanyahoan sabaraha-sabarahana. 19  Sulaéman gé méré paréntah pikeun nyieun paparabotan keur di bumina Allah nu sajati, nyaéta mézbah emas, méja-méja paranti neundeun roti nu dibaktikeun ka Allah, 20  wadah-wadah lampu jeung lampu-lampuna tina emas murni nu bakal diseungeut hareupeun rohangan pangjerona, sakumaha nu geus ditangtukeun, 21  kekembangan, lampu-lampu, jeung cacapit sumbu, kabéhanana téh tina emas nu pangmurnina. 22  Aya ogé alat paranti mareuman seuneu dina sumbu, mangkok, cangkir, jeung wadah ruhak, kabéhanana tina emas murni. Panto-panto gé dijieun, nyaéta panto-panto beulah jero ka Rohangan Mahasuci jeung panto-panto keur Rohangan Suci, kabéhanana tina emas.

Catetan Tambihan

Tingali Lamp. B14.
Kira-kira 7,4 sénti. Tingali Lamp. B14.
As. ”3.000 bat”. Tingali Lamp. B14.