Dua Babad 5:1-14

  • Jalma-jalma siap-siap pikeun ngaresmikeun bait (1-14)

    • Peti perjangjian dibawa ka bait (2-10)

5  Kabéh nu kudu dipigawé di bumina Yéhuwa téh diréngsékeun ku Sulaéman. Seug Sulaéman mawa asup barang-barang anu geus disucikeun ku Daud bapana. Pérak, emas, jeung barang-barang séjénna disimpen di rohangan tempat nyimpen harta di bumina Allah nu sajati.  Geus kitu, Sulaéman ngumpulkeun para kokolot Israél, kabéh kapala kaom, jeung para pamingpin kulawarga pihak bapa. Kabéhanana daratang ka Yérusalém, maksudna rék mindahkeun peti perjangjian Yéhuwa ti Kota Daud, nyaéta Zion.  Kabéh urang Israél karumpul hareupeun Raja dina perayaan* nu diayakeun dina bulan katujuh.  Sanggeus para kokolot Israél nepi, seug peti téh diangkat ku urang Léwi.  Éta peti, kémah tepangan, jeung kabéh parabot suci nu aya di kémah téh dibarawaan ku para imam jeung urang Léwi.  Raja Sulaéman jeung sakabéh urang Israél, nu dititah ngadep ka manéhna, karumpul hareupeun peti. Harita, domba jeung sapi nu dikurbankeun téh kacida lobana, nepi ka teu kaitung jumlahna.  Peti perjangjian Yéhuwa téh ku para imam diasupkeun ka tempatna di rohangan nu pangjerona di éta bumi, nyaéta Rohangan Mahasuci. Diteundeunna handapeun jangjang kérub-kérub.  Éta jangjang kérub-kérub téh mébér luhureun peti, ngauban peti ti luhur jeung tongkat-tongkat paranti ngagotongna.  Tongkat-tongkatna téh panjang pisan, nepi ka tungtung-tungtungna katempo ti Rohangan Suci hareupeun rohangan pangjerona, tapi ari ti luar mah teu katempo. Nepi ka kiwari, éta aya kénéh di dinya. 10  Peti téh eusina dua papan batu, anu baheula disimpen ku Musa di dinya basa keur di Horéb téa, nyaéta basa Yéhuwa nyieun perjangjian jeung urang Israél sanggeus maranéhna budal ti Mesir. 11  Waktu para imam kalaluar ti tempat suci (sabab kabéh imam nu daratang téh kudu nyucikeun diri, teu sual maranéhna ti kelompok mana), 12  kabéh urang Léwi nu ngarawih, nu dipingpin ku Asaf, Héman, Yédutun, anak-anak maranéhna nu lalaki, jeung dulur-dulur maranéhna, nyarepeng simbal, alat musik nu maké senar, sarta harpa. Maranéhna maraké kaén lemes sarta narangtung wétaneun mézbah bareng jeung 120 imam nu nariup tarompét. 13  Waktu nu nariup tarompét jeung nu ngarawih téh babarengan muji jeung ngucap sukur ka Yéhuwa, breng kadéngé sora tarompét, simbal, jeung alat musik séjénna basa maranéhna muji Yéhuwa, ”sabab Anjeunna téh bageur, asih satia-Na aya keur salalanggengna”, seug bumina Yéhuwa téh pinuh ku méga.* 14  Para imam jadi teu bisa neruskeun tugasna, lantaran kamulyaan Yéhuwa geus minuhan bumina Allah nu sajati.

Catetan Tambihan

Maksudna, Perayaan Saung Daun.
Atawa ”awan”.