Dua Babad 6:1-42

  • Sulaéman ngomong ka jalma réa (1-11)

  • Doa Sulaéman waktu ngaresmikeun bait (12-42)

6  Tuluy, Sulaéman ngomong kieu, ”Nun Yéhuwa, Gusti nyarios yén Gusti téh bakal linggih dina méga* hideung.  Ayeuna, abdi parantos ngadamel ieu bumi anu agréng haturkeuneun ka Gusti, kanggo Gusti linggih salalamina.”  Ti dinya, Raja malik ka jamaah Israél nu keur narangtung di dinya, seug ngaberkahan maranéhna.  Pokna, ”Puji Yéhuwa Allahna Israél, nu tos jangji* ka Daud pun bapa sareng ngalaksanakeun éta jangji,* nu eusina,  ’Ti barang Kuring mawa umat Kuring budal ti tanah Mesir, Kuring can milih hiji kota ti antara sakabéh daérah kaom Israél pikeun jadi tempat diwangunna imah nu ngamulyakeun ngaran Kuring. Kuring gé can milih sasaha pikeun jadi pamingpin Israél umat Kuring.  Tapi, ayeuna Kuring geus milih Yérusalém supaya ngaran Kuring dimulyakeun. Kuring gé geus milih Daud pikeun jadi pamingpin keur Israél umat Kuring.’  Daud pun bapa hoyong pisan ngawangun bumi nu ngamulyakeun nami Yéhuwa Allah Israél.  Tapi Yéhuwa nyarios kieu ka pun bapa, ’Manéh hayang pisan ngawangun imah nu ngamulyakeun ngaran Kuring. Kahayang manéh téh alus pisan.  Sanajan kitu, lain manéh nu bakal ngawangunna. Nu bakal ngawangun imah nu ngamulyakeun ngaran Kuring téh anak manéh sorangan nu engké bakal lahir.’ 10  Éta jangji Yéhuwa téh ayeuna tos laksana. Abdi nu neruskeun pun bapa jadi raja Israél, percis sakumaha jangji Yéhuwa. Abdi gé tos ngawangun bumi nu ngamulyakeun nami Yéhuwa Allah Israél. 11  Di dinya, abdi tos nempatkeun peti perjangjian, nu eusina papan-papan batu perjangjian antara Yéhuwa jeung urang Israél.” 12  Geus kitu, Sulaéman nangtung nyanghareup ka mézbah Yéhuwa tuluy nadahkeun leungeun hareupeun sakabéh jamaah Israél. 13  (Sulaéman geus nyieun panggung tina tambaga, tuluy diteundeun di tengah-tengah buruan. Panjangna kira-kira 2 méter, lébarna kira-kira 2 méter, jeung jangkungna kira-kira saméter.* Sulaéman téh nangtung di dinya.) Manéhna sujud hareupeun sakabéh jamaah Israél tuluy nadahkeun leungeun ka langit, 14  seug ngadoa, ”Nun Yéhuwa Allah Israél, teu aya Allah nu sapertos Gusti, boh di langit boh di bumi. Gusti nedunan jangji Gusti sarta nunjukkeun asih satia ka hamba-hamba Gusti, nu sapinuhna haté ngalalayanan Gusti. 15  Jangji Gusti ka hamba Gusti, nyaéta Daud pun bapa, tos ditedunan. Gusti tos jangji sareng ngalaksanakeun éta jangji. 16  Ayeuna nun Yéhuwa Allah Israél, mugia Gusti teras nedunan jangji Gusti ka hamba Gusti, nyaéta Daud pun bapa. Gusti tos jangji kieu, ’Bakal terus aya turunan manéh nu diuk dina tahta Israél, asal anak-anak manéh hirup bener jeung nurut kana hukum Kuring, sakumaha manéh nurut ka Kuring.’ 17  Ku kituna, nun Yéhuwa Allah Israél, abdi nyuhunkeun sangkan jangji Gusti ka Daud hamba Gusti téh laksana. 18  ”Tapi nun Allah, naha leres Gusti téh badé linggih di bumi sareng manusa? Sabab langit, malah langit nu sakitu legana gé, teu cekap kanggo Gusti mah, komo deui wangunan nu diadegkeun ku abdi ieu. 19  Nun Yéhuwa Allah abdi, ayeuna abdi badé nyanggakeun panuhun. Mugia doa hamba Gusti ieu didangu. Mugia Gusti ngadangu panyambat sareng doa nu diucapkeun ku hamba Gusti ieu. 20  Mugia siang wengi soca Gusti merhatoskeun ieu wangunan, sareng upami hamba Gusti ieu ngadoa mayun ka ieu wangunan, mugia Gusti kersa ngadangukeun, sabab Gusti kantos nyarios yén ieu tempat téh kanggo nami Gusti. 21  Upami hamba Gusti ieu sareng Israél umat Gusti nyanggakeun doa sareng panuhun sarta nyuhunkeun pitulung bari mayun ka ieu wangunan, mugia ku Gusti didangu. Mugia Gusti ngadangu ti panglinggihan Gusti di sorga. Mugia Gusti ngadangu sareng ngahapunten. 22  ”Upami aya jalmi dituding gaduh kalepatan ka sasamana, seug dipaksa sumpah,* teras saatos sumpah téh éta jalmi sumping ka mézbah Gusti di ieu wangunan, 23  mugia ku Gusti didangu ti sorga, sareng mugia Gusti nindak sarta ngahakiman hamba-hamba Gusti. Nu jahat mugia dibales sarta dihukum ku Gusti satimpal sareng kalakuanana. Nu leres mugia dinyatakeun teu lepat* sarta diberkahan ku Gusti luyu sareng kahadéanana. 24  ”Upami Israél umat Gusti éléh ku musuh lantaran maranéhna teterasan dosa ka Gusti, seug tarobat sareng ngamulyakeun nami Gusti teras sasambat nyuhunkeun piwelas payuneun Gusti di ieu wangunan, 25  mugia Gusti ngadangukeun ti sorga sarta ngahapunten dosa Israél umat Gusti sareng nyandak maranéhna mulih ka nagri nu dipasihkeun ku Gusti ka maranéhna sareng ka karuhun maranéhna. 26  ”Upami langit nutup teu nurunkeun hujan lantaran maranéhna teterusan dosa ka Gusti, tuluy maranéhna sasambat bari mayun ka ieu tempat sareng ngamulyakeun nami Gusti sarta tarobat tina dosa-dosana lantaran tos direndahkeun* ku Gusti, 27  mugia Gusti ngadangukeun ti sorga sarta ngahapunten dosa hamba-hamba Gusti, nyaéta Israél umat Gusti. Mangga tuduhkeun pilampaheun nu leres ka maranéhna sarta turunkeun hujan ka nagri Gusti, nagri nu tos dipasihkeun ku Gusti kanggo jadi warisan maranéhna. 28  ”Upami ieu nagri katarajang ku kalaparan atanapi wabah panyakit, upami pepelakan ruksak ku angin panas, hama jamur, atanapi simeut ngabrul nu ngagalaksak, upami salah sahiji kota dikepung ku musuh, atanapi upami umat Gusti keuna ku musibat atanapi panyakit, 29  teras aya saurang atanapi sadaya umat Gusti, nyaéta Israél, nadahkeun panangan mayun ka ieu wangunan, maksadna badé ngadoa atanapi nyanggakeun panuhun naon waé ku lantaran kasesah sareng kapeurihna masing-masing, 30  mugia Gusti ngadangukeun ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta mugia Gusti ngahapunten maranéhna. Pasihan ganjaran ka unggal jalmi satimpal sareng tindakanana, sabab Gusti mah terang eusi haté maranéhna (da mung Gusti nu pangterangna kana eusi haté manusa). 31  Ku kituna, maranéhna tiasa hormat* sareng nurut ka Gusti saumur-umur di nagri nu tos dipasihkeun ku Gusti ka karuhun abdi sadaya. 32  ”Gusti, upami aya urang asing anu sanés bagian ti umat Gusti Israél sumping ti nagri nu tebih ku lantaran ngadangu nami Gusti nu agung,* kawasa Gusti nu ageung, sareng kakuatan Gusti nu hébat, teras éta jalmi sumping sareng ngadoa mayun ka ieu wangunan, 33  mugia Gusti ngadangukeun ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta ngabulkeun sadaya paménta ti éta jalmi, sangkan sadaya bangsa di dunya tarerangeun kana nami Gusti sarta hormat* ka Gusti, sami sapertos Israél umat Gusti, sarta sangkan maranéhna terang yén nami Gusti téh aya dina ieu wangunan nu diwangun ku abdi. 34  ”Upami Gusti maréntahkeun umat Gusti merangan musuh, di mana waé tempatna, teras maranéhna ngadoa ka Gusti bari mayun ka ieu kota nu dipilih ku Gusti, mayun ka wangunan nu diwangun ku abdi kanggo ngamulyakeun nami Gusti, 35  mugia Gusti ngadangukeun doa sareng panuhun maranéhna ti sorga sarta masihan kaadilan ka maranéhna. 36  ”Upami maranéhna dosa ka Gusti (da jalmi mah teu aya nu luput tina dosa), dugi ka Gusti ambek sarta ngantep maranéhna diéléhkeun ku musuh, seug maranéhna diboyong ka hiji nagri, boh nu tebih boh nu caket, 37  teras pas di nagri pangasingan téh maranéhna éling, seug tarobat ka Gusti sarta sasambat nyuhunkeun dipikawelas ku Gusti, pok pada nyarios kieu, ’Abdi sadaya rumaos gaduh dosa sareng kalepatan. Lalampahan abdi sadaya téh lepat,’ 38  upami di nagri tempat maranéhna ditawan téh maranéhna sapinuhna haté* tarobat ka Gusti, seug ngadoa bari mayun ka nagri nu dipasihkeun ku Gusti ka karuhunna, ka kota nu dipilih ku Gusti, ka wangunan anu diwangun ku abdi kanggo ngamulyakeun nami Gusti, 39  mugia Gusti ngadangukeun doa sareng panuhun maranéhna ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta masihan kaadilan ka maranéhna. Mugia dosa maranéhna dihapunten ku Gusti. 40  ”Ayeuna nun Gusti Allah abdi, upami abdi sadaya ngadoa di* ieu tempat, mugia Gusti merhatoskeun sareng ngadangukeun panyambat abdi sadaya. 41  Nun Yéhuwa, mugia Gusti sareng peti perjangjian, nu ngalambangkeun kakuatan Gusti, linggih di ieu tempat. Nun Yéhuwa, mugia imam-imam Gusti nunjukkeun yén kasalametan téh asalna ti Gusti, sarta mugia nu saratia téh saruka bungah ku sagala kasaéan Gusti. 42  Nun Yéhuwa, jalmi nu tos dilantik ku Gusti téh ulah ditolak. Mugia Gusti teu hilap kana asih satia Gusti ka Daud hamba Gusti.”

Catetan Tambihan

Atawa ”awan”.
As. ”nu tos jangji ku biwir-Na”.
As. ”ngalaksanakeun éta jangji ku panangan-Na”.
As. ”Panjangna 5 hasta, lébarna 5 hasta, jeung jangkungna 3 hasta”. Tingali Lamp. B14.
Maksudna, sumpah yén manéhna siap meunang kutukan mun kabukti salah atawa mun teu bisa ngalaksanakeun sumpahna.
As. ”dinyatakeun leres”.
Atawa ”diantep sangsara”.
As. ”sieun”.
Atawa ”ku lantaran Gusti kagungan nami seungit”.
As. ”sieun”.
As. ”sapinuhna haté jeung sapinuhna jiwa”. Tingali ”Jiwa” dina Daptar Istilah.
Atawa ”ngadoa ngeunaan”.