Dua Babad 7:1-22

  • Kamulyaan Yéhuwa minuhan bait (1-3)

  • Upacara pangresmian (4-10)

  • Yéhuwa némbongan ka Sulaéman (11-22)

7  Sanggeus Sulaéman bérés ngadoa, gur seuneu turun ti langit ngabeuleum kurban beuleuman sarta kurban-kurban séjénna. Kamulyaan Yéhuwa minuhan bumina Allah.  Para imam jadi teu bisa asup ka bumina Yéhuwa lantaran kamulyaan Yéhuwa geus minuhan bumina Yéhuwa.  Waktu seuneu turun sarta kamulyaan Yéhuwa minuhan éta bumi, bruk kabéh urang Israél nu narempo téh sarujud kana lanté bari ngucap sukur ka Yéhuwa, ”sabab Anjeunna téh bageur, asih satia-Na aya keur salalanggengna”.  Geus kitu, Raja jeung sakabéh rahayat méré kurban keur Yéhuwa.  Kurban nu dibaktikeun ku Raja Sulaéman téh nyaéta sapi 22.000 jeung domba 120.000. Kitu carana Raja jeung sakabéh rahayat ngaresmikeun bumina Allah nu sajati.  Para imam narangtung di tempat tugasna masing-masing, kitu ogé jeung urang Léwi nu nyarekel alat-alat musik nu dipaké jang ngawih keur Yéhuwa. (Alat-alat éta dijieun ku Raja Daud pikeun ngahaturkeun nuhun ka Yéhuwa sarta muji kieu maké alat-alat éta,* ”Asih satia-Na aya keur salalanggengna.”) Breng para imam nariup tarompét tarik pisan hareupeun maranéhna, ari kabéh urang Israél mah narangtung.  Geus kitu, Sulaéman nyucikeun bagian tengah buruan nu aya di hareupeun bumina Yéhuwa. Di éta buruan, manéhna méré kurban beuleuman jeung gajih sato-sato kurban karukunan. Éta téh lantaran mézbah tambaga nu dijieun ku Sulaéman teu mahi pikeun ngabaktikeun sakabéh kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung gajih sato-sato kurban karukunan.  Harita, Sulaéman ngayakeun Perayaan Saung Daun salila tujuh poé bareng jeung sakabéh urang Israél, nyaéta kumpulan jamaah nu loba pisan ti Lébo-hamat* nepi ka Wadi* Mesir.  Maranéhna téh geus ngayakeun perayaan ngaresmikeun mézbah salila tujuh poé. Geus kitu, maranéhna gé ngayakeun Perayaan Saung Daun salila tujuh poé. Dina poé kadalapan,* maranéhna ngayakeun acara nu istiméwa. 10  Dina poé ka-23 bulan katujuh, jalma-jalma ku Raja dititah baralik ka imah. Maranéhna gumbira lantaran sagala kahadéan nu ditémbongkeun ku Yéhuwa ka Daud jeung Sulaéman sarta ka Israél umat-Na. 11  Tah, kitu caritana Sulaéman bérés ngawangun bumina Yéhuwa jeung istana raja téh. Sakabéh nu dipikahayang ku Sulaéman ngeunaan bumina Yéhuwa jeung istanana sorangan bérés dipigawé. 12  Geus kitu, Yéhuwa némbongan ka Sulaéman ti peuting sarta nyarios kieu, ”Doa jeung paménta manéh geus didéngé ku Kuring. Kuring gé geus milih ieu tempat keur Kuring pikeun dijadikeun tempat ngurban. 13  Lamun Kuring nutup langit jeung teu nurunkeun hujan, lamun Kuring nitah simeut ngagalaksak ieu nagri, sarta lamun Kuring ngadatangkeun wabah panyakit ka umat Kuring, 14  tuluy umat Kuring nu nyandang ngaran Kuring téh ngarendahkeun diri, ngadoa, néangan pituduh Kuring, sarta tarobat tina lalampahanana nu jahat, Kuring bakal ngadéngékeun maranéhna ti sorga sarta ngahampura dosa maranéhna jeung mulihkeun nagri maranéhna. 15  Ayeuna, Kuring bakal merhatikeun jeung ngadéngékeun doa nu ditepikeun di ieu tempat. 16  Kuring geus milih jeung nyucikeun ieu imah, supaya ngaran Kuring terus aya di dieu salilana. Kuring bakal merhatikeun jeung ngajaga ieu imah salilana. 17  ”Salian ti éta, lamun manéh ngabakti ka Kuring sakumaha Daud bapa manéh, nyaéta ku cara ngajalankeun sagala paréntah Kuring sarta taat kana aturan jeung hukum Kuring, 18  tahta karajaan manéh bakal kukuh, sakumaha jangji Kuring ieu ka Daud bapa manéh, ’Bakal terus aya turunan manéh nu maréntah Israél.’ 19  Tapi lamun manéh ninggalkeun Kuring, nyimpang tina paréntah jeung naon nu geus ditetepkeun ku Kuring, tuluy ngalalayanan sarta sujud ka allah-allah séjén, 20  Israél bakal diusir ti nagri nu geus dibikeun ku Kuring ka maranéhna. Imah nu geus disucikeun ku Kuring demi ngaran Kuring gé bakal disingkirkeun, sina dipoyok jeung dihina ku kabéh bangsa. 21  Ieu imah bakal jadi tumpukan ruruntuhan. Unggal jalma nu ngaliwat bakal gogodeg bari ngomong kieu, ’Ku naon ieu nagri jeung wangunan téh nepi ka dikieukeun ku Yéhuwa?’ 22  Tuluy maranéhna bakal ngaromong kieu, ’Éta téh lantaran maranéhna geus ninggalkeun Yéhuwa Allah karuhunna, padahal maranéhna geus dibawa budal ti Mesir. Maranéhna kalah ka nuturkeun, nyembah, jeung ngalalayanan allah-allah séjén. Éta sababna ku Anjeunna dikeunaan bahla.’”

Catetan Tambihan

Atawa ”muji kieu bareng jeung maranéhna”, bisa jadi ngamaksudkeun urang Léwi.
Atawa ”jalan asup ka Hamat”.
Tingali Daptar Istilah.
Sapoé sanggeus Perayaan Saung Daun, atawa poé ka-15.