Dua Babad 8:1-18

  • Proyék pangwangunan Sulaéman (1-11)

  • Cara ibadah di bait diatur (12-16)

  • Kapal-kapal Sulaéman (17, 18)

8  Lilana Sulaéman ngawangun bumina Yéhuwa jeung istanana sorangan téh 20 taun.  Terus, manéhna ngawangun deui kota-kota paméré Hiram sarta nitah urang Israél maratuh di dinya.  Ti dinya, manéhna indit ka Hamat-zoba tuluy ngarebut éta kota.  Geus kitu, manéhna nguatan pertahanan* Tadmor di tanah gurun sarta sakabéh kota pagudangan tempat nyimpen pasadiaan nu diwangun ku manéhna di Hamat.  Manéhna gé ngabénténg Bét-horon Luhur jeung Bét-horon Handap ku témbok-témbok, gerbang-gerbang, jeung palang-palang.  Manéhna ngawangun Baalat, kota-kota pagudangan, kota-kota pikeun nyimpen karéta, jeung kota-kota pikeun pasukan kuda. Salian ti éta, manéhna gé ngawangun sagala nu dipikahayang ku manéhna di Yérusalém, di Lébanon, jeung di sakuliah nagri nu dikawasaan ku manéhna.  Turunan urang Hét, urang Amori, urang Périz, urang Héwi, jeung urang Yébus, nyaéta nu lain bagian ti Israél,  nu harirup kénéh di éta nagri sarta teu dimusnakeun ku urang Israél, diwajibkeun gawé ku Sulaéman nepi ka ayeuna.  Ari urang Israél mah teu aya nu dipaksa gawé jadi palayan Sulaéman. Maranéhna dijadikeun prajurit, kapala para ajudan, panglima pasukan karéta, jeung panglima pasukan kuda. 10  Raja Sulaéman boga 250 pajabat daérah nu jadi mandor keur para pagawé. 11  Ari putri Firaun dipindahkeun ti Kota Daud ka istana nu diwangun ku Sulaéman keur manéhna, sabab ceuk Sulaéman, ”Najan manéhna téh pamajikan kuring, manéhna teu meunang matuh di istana Raja Daud di Israél, sabab tempat-tempat urut neundeun peti perjangjian Yéhuwa téh suci.” 12  Geus kitu, Sulaéman ngabaktikeun kurban beuleuman ka Yéhuwa dina mézbah Yéhuwa nu dijieun ku manéhna hareupeun tepas.* 13  Luyu jeung paréntah nu dibikeun ku Musa, manéhna ngabaktikeun kurban unggal poé, dina poé Sabat, dina bulan anyar, jeung dina perayaan-perayaan nu diayakeun tilu kali sataun, nyaéta Perayaan Roti nu Teu Diragian, Perayaan Minggu-Minggu, jeung Perayaan Saung Daun. 14  Geus kitu, manéhna ngabagi para imam dina kelompok-kelompok tugas, sakumaha nu geus ditetepkeun ku Daud bapana. Manéhna gé nugaskeun urang Léwi pikeun ngawihkeun pupujian jeung ngalalayanan hareupeun para imam, sakumaha kabiasaan unggal poéna. Salian ti éta, manéhna nugaskeun tukang jaga gerbang dina kelompok-kelompok pikeun ngajaga gerbang-gerbang, sabab éta nu diparéntahkeun ku Daud, hamba Allah nu sajati. 15  Paréntah Raja ka para imam jeung urang Léwi ngeunaan pagudangan jeung perkara-perkara séjénna ku maranéhna diturut. 16  Ti saprak pondasi bumina Yéhuwa dipasang nepi ka bérésna, kabéh pagawéan Sulaéman téh diatur rapih. Ahirna, bumina Yéhuwa réngsé diwangun. 17  Terus, Sulaéman indit ka Ézion-gébér jeung ka Élot di basisir di tanah Édom. 18  Hiram ngutus palayan-palayanna pikeun ngirim kapal-kapal jeung para palautna nu geus pangalaman. Geuleuyeur maranéhna balayar bareng jeung palayan-palayanna Sulaéman ka Ofir. Balikna, maranéhna mawa emas 15.390 kilo* keur Raja Sulaéman.

Catetan Tambihan

Atawa ”ngawangun deui”.
Atawa ”rohangan panghareupna”.
As. ”450 talénta”. Tingali Lamp. B14.