Dua Babad 9:1-31

  • Ratu ti Syéba nganjang ka Sulaéman (1-12)

  • Kamakmuran Sulaéman (13-28)

  • Maotna Sulaéman (29-31)

9  Ratu ti Syéba ngadéngé kamashuran Sulaéman. Bral manéhna nganjang ka Yérusalém pikeun nguji kabijaksanaan Sulaéman ku rupa-rupa pananya nu hésé.* Éta ratu téh datang bareng jeung rombonganana nu kacida lobana. Manéhna gé diiring ku onta-onta anu mawa minyak balsem sarta emas jeung batu permata anu loba pisan. Waktu panggih jeung Sulaéman, manéhna nanyakeun sagala nu aya dina pikiranana. 2  Kabéh pananya dijawab jeung diterangkeun ku Sulaéman. Keur Sulaéman mah teu aya pananya nu hésé-hésé teuing. 3  Basa nyaksian Sulaéman nu sakitu bijaksanana, istana nu diwangunna, 4  dahareun dina méjana, cara tempat diuk para pajabatna diatur, cara palayan ngalayanan di méjana, papakéan para palayanna, pangurus inumanana jeung papakéan maranéhna, sarta kurban beuleuman nu sok dibaktikeun ku Sulaéman di bumina Yéhuwa, éta ratu meni tajub pisan.* 5  Pokna ka Raja, ”Di nagri abdi, abdi nguping ngeunaan kahébatan* sareng kabijaksanaan Raja, geuning éta téh leres. 6  Tadina mah abdi téh teu percanten, tapi saatos dongkap sarta nyaksian sorangan, geuning anu kakuping téh teu satengah-satengahna acan! Raja téh langkung bijaksana tibatan nu kakuping. 7  Kacida bagjana rahayat Raja sareng para palayan anu teras sasarengan jeung Raja, sabab maranéhna tiasa ngadangu kabijaksanaan Raja! 8  Mugia Yéhuwa Allahna Raja dipuji. Raja téh dipikasuka ku Anjeunna dugi ka dijenengkeun raja ku Yéhuwa Allahna Raja. Lantaran Allahna Raja téh nyaah ka Israél sarta hoyong Israél teras aya salamina, Raja dikersakeun ngarajaan ieu nagri sangkan Israél gaduh raja nu adil tur bener.” 9  Geus kitu, ratu ti Syéba méré emas 4.104 kilo,* batu permata, jeung minyak balsem nu loba pisan ka Raja. Teu pernah aya deui nu mawa minyak balsem sakitu lobana kawas nu dibawa ku éta ratu keur Raja Sulaéman. 10  Salian ti éta, para palayan Hiram jeung para palayan Sulaéman nu mawaan emas ti Ofir téh mawaan ogé kai candana nu kacida lobana jeung batu-batu permata. 11  Kai-kai candana téh ku Raja dipaké jang nyieun tangga keur bumina Yéhuwa sarta istana. Éta kai gé dipaké jang nyieun harpa jeung alat musik séjénna nu maké senar keur para jurukawih. Saacanna, teu pernah katingali kai-kai candana kawas kitu di tanah Yéhuda. 12  Ari pamulang ti Raja Sulaéman ka ratu ti Syéba téh nyaéta sagala nu dipikahayang jeung dipénta ku Ratu, leuwih-leuwih tibatan* nu dibawa ku Ratu keur Raja. Geus kitu, Ratu balik ka nagrina bareng jeung para palayanna. 13  Unggal taunna, emas nu ditarima ku Sulaéman téh beuratna kira-kira 23 ton.* 14  Éta téh can kaasup nu dibawa ku para sudagar, para padagang, raja-raja Arab, jeung para gubernur di éta nagri nu mawa emas jeung pérak keur Sulaéman. 15  Raja Sulaéman nyieun 200 taméng tina emas campuran (unggal taméng téh maké emas campuran kira-kira 7 kilo).* 16  Manéhna gé nyieun 300 taméng leutik* tina emas campuran (unggal taméng téh maké emas kira-kira 1,7 kilo).* Kabéhanana ku Raja diteundeun di Gedong Leuweung Lébanon. 17  Raja gé nyieun singgasana nu agréng tina gading, tuluy éta kabéh dilapisan ku emas murni. 18  Di hareupeunana téh aya tangga genep umpak sarta aya jojodog sampéan raja tina emas nu ngahiji kana éta singgasana. Kénca katuhu singgasana téh maké leungeun. Terus dina unggal sisi leungeun singgasanana aya sisingaan. 19  Dina unggal umpak tangga, kénca katuhuna téh aya sisingaan. Jadi, kabéhanana aya 12 sisingaan. Euweuh karajaan séjén anu singgasanana kawas kitu. 20  Cangkir-cangkir Raja Sulaéman téh kabéhanana dijieun tina emas. Paparabotan di Gedong Leuweung Lébanon kabéhanana tina emas murni, teu aya nu tina pérak, da dina jaman Sulaéman mah pérak téh teu hargaan. 21  Kapal-kapal Raja téh biasa indit ka Tarsyis bareng jeung para palayanna Hiram. Tilu taun sakali, éta kapal-kapal Tarsyis téh ngakutan emas, pérak, gading, monyét, jeung merak. 22  Jadi, boh dina kabeungharan boh dina kabijaksanaan, Raja Sulaéman téh leuwih unggul tibatan kabéh raja di bumi. 23  Raja-raja sadunya téh harayangeun panggih jeung Sulaéman ngarah bisa ngadéngékeun kabijaksanaan nu dikurniakeun ku Allah nu sajati ka manéhna. 24  Maranéhna téh daratang bari babawaan. Aya nu méré barang-barang tina pérak jeung emas, pakéan, pakarang perang, minyak balsem, kuda, jeung bagal.* Kitu terus unggal taunna téh. 25  Sulaéman gé boga kuda* 12.000 jeung kandang 4.000 keur kuda nu narik karéta-karétana. Éta kabéh ditempatkeun ku manéhna di kota-kota tempat nyimpen karéta jeung di deukeut istana raja di Yérusalém. 26  Sulaéman ngawasaan sakabéh raja, ti Walungan Éfrat nepi ka nagrina urang Filistin jeung nepi ka wawatesan Mesir. 27  Dina jaman Sulaéman, pérak di Yérusalém téh kacida lobana kawas batu. Kitu deui jeung kai aras, lobana téh kawas tangkal ara leuweung di Syéféla. 28  Kuda-kuda Sulaéman téh didatangkeun ti Mesir jeung ti nagri-nagri séjénna. 29  Riwayat Sulaéman, ti awal nepi ka ahir, ditulis dina catetan Nabi Natan, dina ramalan Ahiya urang Syilo, jeung dina catetan titingalian Nabi Ido* ngeunaan Yéroboam anak Nébat. 30  Sulaéman téh maréntah sakuliah Israél di Yérusalém salila 40 taun. 31  Geus kitu, Sulaéman maot siga karuhunna tuluy dikuburkeun di Kota Daud bapana. Réhoboam anakna ngaganti manéhna jadi raja.

Catetan Tambihan

Atawa ”ku rupa-rupa tatarucingan”.
Atawa ”olohok”.
Atawa ”kekecapan”.
As. ”120 talénta”. Tingali Lamp. B14.
Atawa bisa jadi ”ditambahan ku rupa-rupa hadiah nu nilaina sarua jeung”.
As. ”beuratna 666 talénta”.
As. ”emas campuran 600 (syékel)”.
Taméng nu sok dibawa ku tukang panah.
As. ”emas tilu mina”. Dina Kitab-Kitab Ibrani, 1 mina = 570 g. Tingali Lamp. B14.
Turunan kaldé jalu jeung kuda bikang.
Atawa ”pasukan kuda”.
Atawa ”Ido, jalma nu nepikeun titingalian ti Allah”.