Raja-Raja nu Kadua 23:1-37

  • Parobahan nu dilaksanakeun ku Yosia (1-20)

  • Perayaan Paskah (21-23)

  • Parobahan séjénna nu dilaksanakeun ku Yosia (24-27)

  • Yosia maot (28-30)

  • Yéhoahaz raja Yéhuda (31-33)

  • Yéhoyakim raja Yéhuda (34-37)

23  Jadi, Raja ngirim pesen ka para pamingpin Yéhuda jeung Yérusalém sina karumpul. 2  Geus kitu, Raja indit ka imah Yéhuwa bareng jeung sakabéh urang Yéhuda, sakabéh penduduk Yérusalém, para imam, para nabi, jeung sakabéh rahayat, ti nu ngora nepi ka nu kolot. Sakabéh kekecapan nu aya dina buku perjangjian nu katimu di imah Yéhuwa téa ku manéhna dibacakeun hareupeun jalma réa. 3  Raja ngadeg di deukeut pilar jeung nyieun perjangjian* hareupeun Yéhuwa. Manéhna jangji bakal ngajalankeun perjangjian nu ditulis dina éta buku. Manéhna gé jangji bakal ngalalayanan Yéhuwa jeung ngajalankeun paréntah, pépéling, sarta aturan ti Anjeunna ku sapinuhna haté jeung sagemblengna nyawa.* Kabéh rahayat satuju kana éta perjangjian. 4  Geus kitu, Raja nitah Imam Agung Hilkia, imam-imam séjénna, jeung nu ngajaraga panto pikeun ngaluarkeun kabéh parabot ti bait Yéhuwa nu dipaké keur nyembah Baal, tihang berhala, jeung béntang-béntang di langit. Kabéh parabot éta ku manéhna diduruk di lamping-lamping* Kidron luareun Yérusalém, tuluy lebuna dibawa ka Bétel. 5  Manéhna ngusiran para imam allah-allah palsu, nu diangkat ku raja-raja Yéhuda pikeun ngurban di tempat-tempat pamujaan nu aya di kota-kota Yéhuda jeung sakuriling Yérusalém. Manéhna gé ngusiran jalma-jalma nu ngurban keur Baal, panonpoé, bulan, rasi béntang, jeung béntang-béntang di langit. 6  Tihang berhala nu aya di imah Yéhuwa ku manéhna dikaluarkeun tuluy dibawa ka Lebak Kidron di pasisian Yérusalém. Di dinya, éta tihang ku manéhna diduruk tuluy dibubukkeun nepi ka jadi lebu. Lebuna diawur-awurkeun ka kuburan rahayat. 7  Manéhna gé ngancurkeun imah-imah para lalaki nu jadi palacur kuil, nu ayana di imah Yéhuwa, di tempat para awéwé ninun kaén kémah nu dipaké pikeun muja tihang berhala. 8  Kabéh imam ku manéhna dibawa kaluar ti kota-kota Yéhuda, ngarah manéhna bisa nganajisan tempat-tempat pamujaan nu aya di Géba nepi ka Béér-syéba, nu biasana dipaké ku para imam pikeun ngurban. Manéhna gé ngarugrugkeun tempat-tempat pamujaan di gerbang Yosua pamingpin éta kota, nu aya di beulah kénca jalma-jalma waktu maranéhna asup ka gerbang kota. 9  Para imam di tempat-tempat pamujaan éta henteu ngalalayanan di mézbah Yéhuwa di Yérusalém, tapi maranéhna meunang ngadahar roti nu teu diragian bareng jeung dulur-dulurna. 10  Yosia gé nganajisan Tofét, nu aya di Lebak Putra-Putra Hinom,* ngarah euweuh nu bisa ngaduruk anak lalaki atawa awéwéna pikeun jadi kurban keur Déwa Molékh. 11  Kuda-kuda nu dihususkeun ku raja-raja Yéhuda keur nyembah panonpoé, nu biasana asup ka imah Yéhuwa ngaliwatan rohangan* Natan-mélékh pajabat istana, nu aya di lorong, ayeuna mah teu diidinan asup. Karéta-karéta nu dipaké keur nyembah panonpoé gé diduruk. 12  Salian ti éta, mézbah-mézbah nu dijieun ku raja-raja Yéhuda luhureun rohangan hateup Ahaz jeung mézbah-mézbah nu dijieun ku Manasyé di dua buruan imah Yéhuwa diancur-ancurkeun ku Yosia. Kabéhanana dibubukkeun, seug kekebulna diawur-awurkeun ka Lebak Kidron. 13  Raja gé nganajisan tempat-tempat pamujaan nu aya di hareupeun Yérusalém, kiduleun* Gunung Kabinasaan,* nu dijieun ku Sulaéman raja Israél keur Astorét, déwi nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Sidon, keur Khémos, déwa nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Moab, jeung keur Milkom, déwa nu pikageuleuheun nu disembah ku urang Ammon. 14  Pilar-pilar berhala diancurkeun, tihang-tihang berhala dirubuhkeun, geus kitu tempat-tempat éta dibugbrugan ku tulang-taléng manusa. 15  Manéhna gé ngarugrugkeun mézbah nu aya di Bétel, nyaéta tempat pamujaan nu dibangun ku Yéroboam anak Nébat, nu geus ngalantarankeun urang Israél ngalampahkeun dosa. Sanggeusna, manéhna ngaduruk éta tempat pamujaan, tuluy éta dibubukkeun nepi ka jadi lebu. Tihang berhalana gé diduruk ku manéhna. 16  Barang ningali kuburan nu aya di gunung, Yosia nitah supaya tulang-taléng nu aya di kuburan téh dicokot tuluy diduruk dina mézbah, ngarah éta mézbah jadi najis. Kajadian ieu téh luyu jeung kekecapan nu saacanna ditepikeun ku hamba Allah nu bener. 17  Geus kitu Yosia nanya, ”Ari itu batu nisan nu ditempo ku kuring téh nu saha?” Jalma-jalma di kota ngajawab, ”Éta téh kuburan hamba Allah nu bener ti Yéhuda, nu kapungkur masihan terang ngeunaan sadaya nu nembé dipilampah ku Raja kana mézbah di Bétel.” 18  Ngadéngé kitu, Yosia ngomong kieu, ”Antepkeun wéh. Tulang-taléngna ulah dinanaonkeun.” Jadi tulang-taléngna, kitu deui tulang-taléng nabi nu datang ti Samaria, ku maranéhna diantepkeun. 19  Yosia gé ngancurkeun kabéh kuil di tempat-tempat pamujaan di kota-kota Samaria, nu dibangun ku raja-raja Israél pikeun nganyenyeri haté Allah. Naon nu dilampahkeun ku manéhna di Bétel, dilampahkeun ogé di dinya. 20  Dina mézbah-mézbah éta, manéhna ngorbankeun kabéh imam nu ngalalayanan di tempat-tempat pamujaan nu aya di dinya jeung ngaduruk tulang-taléng manusa. Sanggeusna, Yosia balik ka Yérusalém. 21  Raja méré paréntah kieu ka sakabéh rahayat, ”Ayakeun Paskah keur Yéhuwa Allah maranéh, sakumaha nu ditulis dina buku perjangjian ieu.” 22  Ti jaman Israél diparéntah ku para hakim nepi ka jaman raja-raja Israél jeung raja-raja Yéhuda, tacan pernah aya Paskah anu kawas kitu. 23  Kakara harita, dina taun ka-18 pamaréntahan Raja Yosia, Paskah nu kawas kitu diayakeun keur Yéhuwa di Yérusalém. 24  Yosia gé nyingkirkeun tukang manggil arwah, tukang ramal, patung-patung berhala,* berhala-berhala nu pikageuleuheun,* jeung kabéh hal nu pikageuleuheun nu aya di Yéhuda jeung di Yérusalém. Manéhna kitu téh pikeun ngajalankeun Torét nu ditulis dina buku nu katimu di imah Yéhuwa ku Imam Hilkia. 25  Saacan jeung sanggeus Yosia, teu aya raja nu kawas manéhna, nu taat kana sakabéh Hukum Musa sarta balik ka Yéhuwa ku sapinuhna haté, sagemblengna nyawa,* jeung sakuat tanaga. 26  Sanajan kitu, amarah Yéhuwa ngagedur kénéh ka Yéhuda lantaran sakabéh lalampahan Manasyé nu nganyenyeri haté Anjeunna. 27  Yéhuwa ngomong, ”Kuring bakal nyingkirkeun Yéhuda ti hareupeun Kuring, sakumaha Kuring nyingkirkeun Israél. Kota nu dipilih ku Kuring, nyaéta Yérusalém, jeung imah nu ceuk Kuring, ’Ngaran Kuring bakal terus aya di dinya,’ ku Kuring bakal diculkeun.” 28  Riwayat Yosia, kaasup sagala nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda. 29  Dina jamanna, Firaun Nékho raja Mesir indit ka Walungan Éfrat pikeun mantuan raja Asiria. Tapi ku Raja Yosia dipegat rék diperangan. Barang ningali Yosia di Mégido, Nékho langsung maéhan manéhna. 30  Mayit Yosia ku para palayanna diakut kana karéta ti Mégido ka Yérusalém tuluy dikuburkeun di kuburanana. Geus kitu, rahayat éta nagri ngalantik Yéhoahaz anak Yosia jadi raja ngaganti bapana. 31  Basa jadi raja, Yéhoahaz téh umur 23 taun. Manéhna maréntah salila tilu bulan di Yérusalém. Ngaran indungna téh Hamutal anak Yérémia, asalna ti Libna. 32  Yéhoahaz ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha karuhunna. 33  Manéhna dipanjarakeun ku Firaun Nékho di Ribla di tanah Hamat, ngarah manéhna teu bisa maréntah di Yérusalém. Geus kitu, Nékho ménta upeti ka Yéhuda, nyaéta pérak 3.420 kilo jeung emas 34,2 kilo.* 34  Ka dieunakeun, Firaun Nékho ngangkat Éliakim anak Yosia jadi raja ngaganti bapana. Ngaran Éliakim diganti jadi Yéhoyakim. Ari Yéhoahaz dibawa ka Mesir, manéhna terus di ditu nepi ka maotna. 35  Supaya bisa méré pérak jeung emas nu dipénta ku Firaun, Yéhoyakim kudu narik pajeg ti rahayat. Jadi rahayat kudu méré pérak jeung emas, nurutkeun kakayaan masing-masing, tuluy éta kabéh dibikeun ka Firaun Nékho. 36  Basa jadi raja, Yéhoyakim téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 11 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Zébida anak Pédaya, asalna ti Ruma. 37  Yéhoyakim terus ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha karuhunna.

Catetan Tambihan

Atawa ”nganyarkeun perjangjian”.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”léréng-léréng”.
Tingali ”Géhéna” dina Daptar Istilah.
Atawa ”rohangan tempat dahar”.
As. ”katuhueun”. Maksudna, beulah kidul nu nyanghareup ka kalér.
Maksudna, Gunung Zaitun, hususna puncak gunung nu pangkidulna, nu disebut Gunung Kahinaan.
Atawa ”déwa-déwa kulawarga”. As. ”térafim”.
Kecap Ibranina bisa jadi aya patalina jeung kecap ”tai” nu nunjukkeun sakumaha pikageuleuheunana éta.
Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.
As. ”pérak 100 talénta jeung emas satalénta”. Tingali Lamp. B14.