Raja-Raja nu Kadua 6:1-33
6 Para turunan nabi ngomong kieu ka Élisa, ”Tingali, pamondokan urang téh alit teuing.
2 Tiasa teu upami abdi-abdi angkat ka Walungan Yordan? Abdi-abdi badé nuaran tangkal terus ngadamel pamondokan di dinya.” Dijawab ku Élisa, ”Nya sok, mangga.”
3 Salah saurang ti maranéhna ngomong kieu, ”Hayu atuh Bapa gé ngiring.” Dijawab, ”Hayu.”
4 Bral Élisa indit jeung maranéhna. Barang nepi di Walungan Yordan, prak maranéhna naluaran tangkal.
5 Aya saurang nu keur nuar tangkal, ari pék téh hulu kampakna coplok terus nyemplung kana cai. Manéhna ngagorowok, ”Aduh Juragan, éta kampak téh kénging nambut!”
6 Hamba Allah nu bener téh ngomong kieu, ”Ka mana ragragna?” Sanggeus dituduhkeun, Élisa neukteuk kai, tuluy dialungkeun ka dinya. Pecenghul kampak téh ngambul.
7 Ceuk Élisa, ”Tuh cokot.” Tuluy dicokot.
8 Hiji waktu, raja Siria merangan Israél. Sanggeus barempug jeung para perwirana, Raja nangtukeun di mana maranéhna kudu masang kémah.
9 Tuluy hamba Allah nu bener téa ngirim pesen kieu ka raja Israél, ”Kadé, ulah ngaliwat ka dinya, sabab urang Siria bakal ka dinya rék nyerang.”
10 Jadi, raja Israél ngirim pesen keur ngingetan jalma-jalma nu aya di daérah nu disebutkeun ku hamba Allah nu bener téa. Manéhna terus diingetan ku Élisa, jadi mangkali-kali* manéhna ngajauhan tempat-tempat éta.
11 Ku sabab éta, raja Siria kacida jéngkélna. Manéhna ngumpulkeun para perwirana, seug ngomong kieu, ”Ngaku! Saha nu sakongkol jeung raja Israél?”
12 Salah sahiji perwirana ngomong kieu, ”Teu aya, Gusti Raja! Nu masihan terang ka raja Israél téh Élisa, nabi di Israél. Manéhna nyaritakeun sagala ucapan Raja di kamar Raja.”
13 Ceuk Raja, ”Téangan manéhna aya di mana. Aing rék ngutus jalma sina néwak manéhna.” Ka dieunakeun aya nu ngalapor, ”Élisa aya di Dotan.”
14 Raja langsung ngirim karéta perang, kuda, jeung pasukan nu loba ka dinya. Peutingna, maranéhna nepi tuluy ngepung éta kota.
15 Isuk-isuk pisan, palayan hamba Allah nu bener hudang tuluy kaluar, rét nénjo éta kota dikepung ku pasukan kuda jeung karéta perang. Manéhna langsung ngomong ka dununganana, ”Cilaka, Juragan! Urang kudu kumaha?”
16 Tapi ceuk Élisa, ”Teu kudu sieun! Nu nyarengan urang téh leuwih loba tibatan nu nyarengan maranéhna.”
17 Tuluy Élisa ngadoa, ”Nun Yéhuwa, beuntakeun panonna sina ningali.” Bray panon éta palayan dibeuntakeun ku Yéhuwa. Jadi manéhna bisa ningali yén daérah pagunungan sakuriling maranéhna téh pinuh ku kuda seuneu jeung karéta perang seuneu.
18 Waktu pasukan Siria ngadatangan Élisa, manéhna ngadoa ka Yéhuwa, ”Mugia musuh téh dilolongkeun.” Sakumaha paménta Élisa, Allah ngalolongkeun maranéhna.
19 Geus kitu, Élisa ngomong ka maranéhna, ”Aranjeun téh salah jalan, lain ieu kotana. Mangga tuturkeun abdi, engké dianteur ka jalmi nu nuju dipilarian.” Sihoréng dianteurna téh ka Samaria.
20 Sanggeus nepi di Samaria, Élisa ngadoa, ”Nun Yéhuwa, beuntakeun panon maranéhna sina nénjo.” Bray panon maranéhna dibeuntakeun ku Yéhuwa. Barang nénjo, ari pék téh maranéhna geus aya di tengah-tengah Samaria.
21 Waktu ningali maranéhna, raja Israél nanya kieu ka Élisa, ”Bapa, basmi ulah maranéhna?”
22 Élisa ngajawab, ”Ulah dibasmi. Lamun aya tawanan perang, mémangna sok dipaéhan ku anjeun? Suguhan wéh roti jeung cai sina dalahar jeung ngarinum, teras sina marulang ka dununganana.”
23 Jadi, raja Israél ngayakeun pésta gedé keur maranéhna, seug maranéhna dalahar jeung ngarinum, geus kitu disina marulang ka dununganana. Ti saprak harita, pasukan rampog Siria teu pernah datang deui ka nagri Israél.
24 Ka dieunakeun, Bén-hadad raja Siria ngumpulkeun kabéh pasukanna terus ngepung Samaria.
25 Balukarna, aya kalaparan nu kacida parahna di Samaria. Sirah kaldé gé nepi ka payu 80 duit pérak, jeung tai japati saeutik* payu 5 duit pérak.
26 Basa raja Israél keur leumpang luhureun témbok kota, aya hiji awéwé ngagorowok, ”Tulungan abdi sadaya, Gusti Raja!”
27 Raja némbalan, ”Lamun Yéhuwa waé teu nulungan aranjeun, kumaha kuring bisa nulungan? Samarukna kuring sanggup méré dahareun, cianggur, atawa minyak?”
28 Raja nanya, ”Aya masalah naon, Nyai?” Dijawab, ”Ieu awéwé nyarios kieu, ’Ka dieukeun budak manéh, urang dahar poé ieu. Isukan, budak kuring nu didahar.’
29 Nya jadi pun anak téh dikulub teras dituang babarengan. Énjingna, abdi nyarios ka manéhna, ’Ka dieukeun budak téh, urang dahar.’ Tapi budakna téh kalah ka disumputkeun geura.”
30 Ngadéngé omongan éta awéwé, béréwék Raja nyoéhkeun pakéanana. Waktu Raja leumpang luhureun témbok kota, jalma-jalma ningali manéhna maké kaén goni.*
31 Tuluy Raja ngomong kieu, ”Kuring sing dihukum sabeurat-beuratna ku Allah lamun sirah Élisa anak Syafat teu diteukteuk poé ieu!”
32 Jadi, Raja ngutus jelema sina indit ti heula ka imahna Élisa. Harita, Élisa téh keur diuk bareng jeung para pamingpin. Tapi saacan éta utusan nepi, Élisa ngomong kieu ka para pamingpin, ”Anakna si tukang maéhan téh ngutus jalma ka dieu rék neukteuk sirah kuring. Engké mun manéhna datang, tutup pantona jeung tahan, ulah disina asup. Dununganana bakal nuturkeun pandeuri.”
33 Can gé bérés ngomong, éta utusan datang. Geus kitu, Raja gé datang tuluy ngomong kieu, ”Ieu bahla téh ti Yéhuwa. Jang naon aing ngadagoan pitulung ti Yéhuwa?”
Catetan Tambihan
^ Atawa ”leuwih ti sakali atawa dua kali”.
^ As. ”1/4 kab”. Tingali Lamp. B14.
^ Atawa ”kaén goni di beulah jero pakéanana”.