Hoséa 12:1-14

  • Éfraim kudu balik ka Yéhuwa (1-14)

    • Yakub gelut jeung Allah (3)

    • Yakub ceurik ménta diberkahan (4)

12  ”Éfraim mah ngandelkeun hal-hal nu taya paédahna.* Sapoé jeput manéhna ngabeberik angin wétan. Manéhna teterusan ngabohong jeung ngalampahkeun nu kejem. Manéhna nyieun perjangjian jeung Asiria sarta mawa minyak ka Mesir.   Yéhuwa boga perkara hukum jeung Yéhuda.Anjeunna bakal ngahukum Yakub nurutkeun lalampahananaSarta bakal ngabales manéhna satimpal jeung kalakuanana.   Di jero kandungan indungna, Yakub nyekel keuneung* lanceukna.Manéhna gé sakuat tanaga gelut jeung Allah.   Manéhna gelut jeung malaikat, tur meunang. Manéhna ceurik jeung ménta diberkahan.” Allah manggihan manéhna di Bétel, tuluy di dinya Anjeunna nyarios ngeunaan urang.   Yéhuwa téh pangawasa pasukan sorga.Jalma-jalma bakal inget yén nami Allah téh Yéhuwa.   ”Ku kituna, geura baralik ka Allah maranéh,Pék terus témbongkeun asih nu satia jeung kaadilan,Sarta sing terus miharep ka Allah maranéh.   Para padagang maké timbangan curang,Karesepna téh nipu batur.   Éfraim teterusan ngomong kieu, ’Ah, da aing mah geus beunghar.Aing geus loba harta. Éta kabéh téh hasil hésé capé aing sorangan, moal aya nu bisa nuduh yén aing salah atawa dosa.’   Tapi Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh ti saprak maranéh aya di Mesir. Maranéh ku Kuring rék disina maratuh deui di kémah-kémah,Kawas dina poé-poé perayaan nu geus ditetepkeun. 10  Kuring ngomong ka para nabi,Kuring némbongkeun loba titingalian ka maranéhna,Kuring gé nepikeun ibarat-ibarat ku jalan para nabi. 11  Di Giléad, jalma-jalmana sok nipu* jeung teu jujur. Di Gilgal, maranéhna ngurbankeun sapi-sapi.Mézbah-mézbahna téh kawas tumpukan batu di tanah beunang ngawuluku.* 12  Yakub kabur ka daérah Aram.*Di dinya, Israél digawé pikeun meunangkeun pamajikan.Manéhna ngangon domba pikeun meunangkeun pamajikan. 13  Yéhuwa ngutus hiji nabi pikeun ngabudalkeun Israél ti Mesir.Ku hiji nabi, Anjeunna ngajaga Israél. 14  Éfraim geus nganyenyeri pisan haté Allah.Manéhna kudu tanggung jawab lantaran getih jalma-jalma nu dipaéhan ku manéhna.Dununganana bakal ngabales manéhna lantaran geus ngarendahkeun Anjeunna.”

Catetan Tambihan

As. ”Éfraim ngadahar angin”.
Atawa ”tumit”.
Atawa ”sok maké élmu gaib”.
Ngaguar taneuh.
Atawa ”Siria”.