Hoséa 13:1-16

  • Éfraim nu resep nyembah ka berhala téh mopohokeun Yéhuwa (1-16)

    • ”Éh Ajal, mana panyeureud manéh?” (14)

13  Allah nyarios, ”Basa Éfraim ngomong, jalma-jalma ngadarégdég.Manéhna téh nu pangkuatna di antara kaom-kaom Israél. Tapi lantaran nyembah ka Baal, manéhna dosa tuluy maot.   Ayeuna maranéhna nambahan dosana.Maranéhna nyarieun patung tina pérak.Maranéhna jago nyarieun berhala, kabéhanana dijieun ku para tukang. Ceuk maranéhna, ’Jalma-jalma nu ngurban kudu nyium patung anak sapi.’   Ku sabab kitu, maranéhna bakal kawas halimun isuk-isuk,Kawas ciibun nu gancang leungit,Kawas huut badag di pangirikan* nu katiup ku angin topan,Sarta kawas haseup nu kaluar tina corobong.   Tapi Kuring téh Yéhuwa, Allah maranéh ti saprak maranéh aya di Mesir.Maranéh nyaho yén euweuh Allah salian ti Kuring,Ngan Kuring nu bisa nyalametkeun maranéh.   Kuring nu ngurus maranéh di tanah gurun, di tanah nu garing.   Maranéhna seubeuh ku hasil kebonna.Sanggeus seubeuh, maranéhna jadi adigung Tuluy paroho ka Kuring.   Kuring bakal narajang maranéhna kawas singa ngora.Kuring bakal jadi kawas macan tutul nu ngadodoho maranéhna di jalan.   Kuring bakal narajang ka maranéhna cara biruang nu kaleungitan anak.Kuring bakal nyasaak dada maranéhna. Kuring bakal ngahakan maranéhna di dinya kawas singa.Maranéhna bakal disasaak ku sato galak.   Éta sababna, manéh bakal diancurkeun, hé Israél,Lantaran manéh malik ngalawan Kuring nu nulungan manéh. 10  Manéh pernah ngomong, ’Pasihan abdi raja sareng para pamingpin.’*Ayeuna, di mana raja jeung para pamingpin manéh?Sok sina nyalametkeun manéh di kota-kota manéh. 11  Bari ambek, Kuring méré raja ka manéh,Sarta bari ambek, Kuring rék nyokot deui manéhna. 12  Kasalahan Éfraim moal dipopohokeun.Sakabéh dosana geus diitung jeung dicatet. 13  Manéhna bakal ngarasakeun kanyeri nu dirasakeun ku awéwé nu rék ngajuru. Salian ti éta, manéhna téh kawas budak bodo,Nu teu daék kaluar dina waktuna dijurukeun. 14  Kuring bakal nyalametkeun umat Kuring tina Kuburan.*Kuring bakal ngabébaskeun maranéhna tina ajal. Éh Ajal, mana panyeureud manéh? Éh Kuburan, mana kakuatan manéh pikeun ngabinasa? Tapi, Kuring moal mikarunya ka Éfraim. 15  Sanajan manéhna kawas jujukutan nu subur,Kuring, Yéhuwa, bakal ngadatangkeun angin wétan ti gurun keusik,Nu bakal ngagaringkeun sumur jeung cinyusu manéhna. Sagala harta bandana bakal dijarah. 16  Samaria bakal dianggap salah lantaran geus barontak ka Allahna. Jalma-jalmana bakal dimusnakeun ku pedang,Anak-anakna bakal digebugan nepi ka paraéh,Sarta awéwé-awéwéna nu reuneuh bakal dibaredélan beuteungna.”

Catetan Tambihan

Tempat misahkeun sisikian tina cangkangna.
As. ”para hakim”.
Atawa ”Syéol”. Tingali Daptar Istilah.