Hoséa 3:1-5

  • Hoséa nebus pamajikanana nu jinah (1-3)

  • Israél bakal balik deui ka Yéhuwa (4, 5)

3  Tuluy Yéhuwa nyarios ka kuring, ”Pikanyaah deui pamajikan manéh, nu geus jinah jeung dipikanyaah ku lalaki séjén, sakumaha Yéhuwa nyaah ka urang Israél nu nyembah ka allah-allah séjén sarta resep ngabaktikeun kuéh kismis.”*  Jadi éta awéwé téh ku kuring dibeuli deui, hargana 15 duit pérak, ditambah barli 330 liter.*  Ceuk kuring ka manéhna, ”Manéh bakal jadi milik kuring pikeun waktu nu lila. Manéh teu meunang ngalacur* sarta teu meunang ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki séjén. Kuring gé moal ngalakukeun hubungan séks jeung manéh.”  Nya kawas kitu kaayaan urang Israél téh. Maranéhna bakal lila pisan teu boga raja, pamingpin, kurban, pilar berhala,* éfod, jeung patung-patung berhala.*  Sanggeus kitu, dina panungtungan éta mangsa, urang Israél bakal baralik deui. Maranéhna bakal néangan Yéhuwa Allah maranéhna sarta néangan Daud raja maranéhna. Maranéhna bakal baralik deui ka Yéhuwa supaya bisa nampa berkah-berkah ti Anjeunna.

Catetan Tambihan

Ieu kuéh téh dipaké dina ibadah palsu.
As. ”hiji satengah homér”. Tingali Lamp. B14.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
Tingali Daptar Istilah.
Atawa ”déwa-déwa kulawarga”. As. ”térafim”.