Hoséa 4:1-19

  • Perkara hukum Yéhuwa jeung Israél (1-8)

    • Di éta nagri euweuh pangarti ngeunaan Allah (1)

  • Urang Israél nyembah ka berhala sarta ngalampahkeun nu cabul (9-19)

    • Teu satia ku lantaran hayang ngalacur (12)

4  Éh urang Israél, déngékeun firman Yéhuwa.Yéhuwa boga perkara hukum jeung penduduk ieu nagri,Sabab di ieu nagri téh euweuh bebeneran, euweuh asih satia, sarta euweuh pangarti ngeunaan Allah.   Di mana-mana aya nu sumpah palsu, ngabohong, maéhan,Maok, jeung jinah.Jalma-jalmana haben waé silih paéhan.   Éta sababna ieu nagri bakal sungkawa,Sakabéh pendudukna bakal paraéh.Sato-sato galak di tegalan, manuk-manuk di langit,Malah lauk-lauk di lautan gé bakal paraéh kabéh.   ”Tapi ulah aya nu ngabantah atawa nyarék maranéh,Sabab maranéh téh kawas jalma nu ngabantah imam.   Ti beurang maranéh bakal titajong, kawas jalma nu titajong ti peuting.Nabi gé bakal titajong cara kitu. Kuring bakal maéhan* indung maranéh.   Umat Kuring bakal diparaéhan* ku lantaran teu baroga pangarti. Maranéh geus nolak Kuring,Nya Kuring gé bakal nolak maranéh sabagé imam nu ngalalayanan Kuring.Maranéh geus mopohokeun hukum* ti Allah maranéh,Nya Kuring gé bakal mopohokeun anak-anak maranéh.   Beuki loba jumlah maranéhna, beuki loba ogé dosa maranéhna ka Kuring. Kamulyaan maranéhna ku Kuring bakal diganti ku kahinaan.*   Para imam dalahar sarta jadi lalintuh ku lantaran dosa umat Kuring.*Éta sababna, maranéhna mah hayangna umat Kuring téh terus marigawé dosa.   Boh imam boh rahayat ku Kuring bakal dibéré hukuman nu sarua ku lantaran kalakuanana.Maranéhna rék disina nanggung balukar tina tindakanana. 10  Maranéhna bakal dahar, tapi moal seubeuh. Maranéhna bakal ngalampahkeun nu cabul ka loba awéwé,* tapi moal boga turunan,Lantaran maranéhna teu hormat ka Yéhuwa. 11  Ku lantaran palacuran,* cianggur heubeul, jeung cianggur anyar,Jelema jadi teu boga kahayang ngalampahkeun nu bener. 12  Umat Kuring tatanya ka berhala-berhala tina kai.Maranéhna nuturkeun pituduh ti iteukna.*Maranéhna teu satia ku lantaran hayang ngalacur.*Maranéhna teu nurut ka Allahna ku cara ngalacur. 13  Maranéhna ngurban di puncak-puncak gunung.Maranéhna meuleum kurban di pasir-pasir,*Di handapeun tangkal ék, tangkal storaks, jeung sakabéh tangkal gedé,Pédah tempatna iuh. Éta sababna anak-anak awéwé maranéh ngalacur,*Sarta minantu-minantu awéwé maranéh jinah. 14  Kuring moal ngahukum anak-anak awéwé maranéh nu ngalacur,*Moal ngahukum minantu-minantu awéwé maranéh nu jinah, Sabab lalaki-lalaki gé arindit jeung palacurSarta ngurban jeung para palacur kuil.Jalma-jalma nu bodo siga kitu bakal binasa. 15  Sanajan maranéh ngalacur,* éh Israél,Yéhuda ulah nepi ka migawé dosa nu sarua. Ulah indit ka Gilgal atawa ka Bét-awén,Ulah sumpah demi Yéhuwa nu hirup. 16  Urang Israél téh bedegong kawas sapi nu teu nurut. Kuring, Yéhuwa, moal ngangon maranéhna cara ngangon anak domba di tegal jukut.* 17  Éfraim geus nyembah ka berhala-berhala. Kajeun, antep sakarepna! 18  Sanggeus méakeun bir,*Maranéhna ngalampahkeun nu cabul.* Para pamingpinna resep pisan kana lampah hina. 19  Maranéhna bakal leungit kabawa ku angin,Bakal éra ku lantaran kurban-kurban nu dibaktikeunana.”

Catetan Tambihan

Atawa ”ngabungkem”.
Atawa ”dibungkem”.
Atawa ”pituduh”.
Atawa bisa jadi ”Kamulyaan Kuring ku maranéhna diganti ku kahinaan”.
Maksudna, maranéhna meunang loba dahareun ti kurban nu dibaktikeun ku jalma-jalma pikeun pangampura dosana.
Atawa ”bakal jadi palacur”.
Atawa ”lampah cabul”.
Atawa ”iteuk tukang ramal”.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
Atawa ”bukit-bukit”.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
As. ”di tempat nu lega”.
Atawa ”bir gandum”.
Atawa ”ngalacur”.