Hoséa 6:1-11

  • Digeroan sangkan baralik deui ka Yéhuwa (1-3)

  • Asih satia éta bangsa gancang buyar (4-6)

    • Asih satia leuwih unggul tibatan kurban (6)

  • Kalakuan éta bangsa matak aéb (7-11)

6  ”Hayu urang balik ka Yéhuwa.Sanajan Anjeunna tos nyasaak, Anjeunna ogé nu bakal nyageurkeun. Anjeunna tos ngaraheutan, Anjeunna ogé nu bakal ngabulen raheutna.   Sanggeus dua poé, urang bakal dipulihkeun deui ku Anjeunna. Dina poé nu katilu, urang bakal dihirupkeun deui ku Anjeunna.Urang bakal hirup di payuneun Anjeunna.   Urang bakal wanoh ka Yéhuwa, bakal bener-bener diajar pikeun mikawanoh ka Anjeunna. Anjeunna pasti sumping sakumaha pajar nu pasti datang.Anjeunna bakal sumping ka urang sakumaha hujan,Hujan usum* semi nu ngabaseuhan bumi.”   ”Éh Éfraim, kudu kumaha Kuring ka manéh téh? Éh Yéhuda, kudu kumaha Kuring ka manéh? Kanyaah* maranéh ka Kuring téh gancang buyar cara halimun,Gancang leungit cara ciibun.   Ku sabab éta, Kuring bakal ngancurkeun maranéh ku warta ti para nabi.Kuring bakal maéhan maranéh ku firman tina biwir Kuring. Hukuman keur maranéh bakal kaciri jelas kawas brayna cahaya.   Kitu téh lantaran Kuring misuka asih satia,* lain kurban.Kuring leuwih suka maranéh kenal ka Kuring, Allah maranéh, tibatan ngabaktikeun kurban beuleuman.   Tapi kawas manusa nu dosa, umat Kuring geus ingkar tina perjangjian. Maranéhna ngahianat ka Kuring di nagri maranéhna.   Giléad téh kotana jalma-jalma jahat,Pinuh ku tukang maéhan.   Imam-imam teu béda ti gorombolan rampog nu ngadodoho jelema. Maranéhna maéhan jalma di jalan di Syikhém,Sabab kalakuan maranéhna téh mémang jahat. 10  Kuring geus ningali hal nu matak aéb di Israél. Di dinya Éfraim ngalacur.*Israél geus nganajiskeun dirina. 11  Tapi keur manéh, Yéhuda, usum panén geus ditetepkeun.Kuring rék ngumpulkeun deui umat Kuring nu ditawan.”

Catetan Tambihan

Atawa ”usim”.
Atawa ”Asih satia”.
Atawa ”welas asih”.
Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.