Hoséa 8:1-14

  • Balukarna nyembah ka berhala (1-14)

    • Nebarkeun angin, panén angin topan (7)

    • Israél mopohokeun Nu Nyiptana (14)

8  Saur Yéhuwa, ”Tiup tarompét tanduk! Musuh nyerang umat Kuring kawas heulang,Sabab umat Kuring geus ingkar tina perjangjian Kuring sarta ngalanggar hukum Kuring.   Maranéhna sasambat ka Kuring, ’Gusti téh Allah abdi sadaya. Abdi sadaya, Israél, kenal ka Gusti!’   Israél geus teu daék narima nu haradé, Keun maranéhna sina diudag-udag ku musuh.   Maranéhna ngangkat raja-raja, padahal teu dititah ku Kuring. Maranéhna ngangkat para pamingpin, tapi teu bébéja heula ka Kuring. Pérak jeung emasna dijieunan berhala,Matak ngabinasakeun diri sorangan.   Éh Samaria, patung anak sapi manéh geus ditolak ku Kuring. Kuring kacida ambekna ka manéh. Rék nepi ka iraha manéh nganajiskeun diri ku dosa-dosa?   Éta patung téh jieunan tukang di Israél. Éta mah sama sakali lain Allah.Patung anak sapina Samaria bakal diancurkeun nepi ka bubuk.   Ieu umat téh nebarkeun angin,Jadi maranéhna bakal panén angin topan. Gandum maranéhna moal ngahasilkeun sisikian nu arasak.Sagala nu jaradi moal bisa dijadikeun tipung. Upama aya hasilna gé, éta bakal béak ku bangsa séjén.   Israél bakal diteureuy ku musuh. Maranéhna bakal paburencay di antara bangsa-bangsa,Kawas wadah nu teu kapaké.   Kitu téh lantaran maranéhna indit ka Asiria kawas kaldé leuweung nu mawa karep sorangan. Éfraim mayar palacur-palacur sina jadi kabogohna. 10  Sanajan maranéhna mayar palacur ti bangsa-bangsa,Ku Kuring kabéhanana rék dikumpulkeun.Maranéhna bakal sangsara lantaran ditindes ku raja jeung para pamingpin. 11  Éfraim geus nyieunan loba mézbah, Mézbah-mézbahna dipaké marigawé dosa. 12  Kuring geus nulis loba hukum* keur maranéhna,Tapi éta hukum-hukum téh dianggap anéh. 13  Maranéhna méré kurban ka Kuring sarta ngadahar daging éta kurban.Tapi Kuring, Yéhuwa, teu resep kana kurban maranéhna. Ayeuna, Kuring rék nginget-nginget kasalahan maranéhna sarta ngahukum maranéhna ku lantaran dosa-dosana. Maranéhna geus ménta tulung ka Mesir.* 14  Israél geus mopohokeun ka Nu Nyiptana sarta geus nyieunan kuil-kuil.Yéhuda geus ngawangun loba kota nu dibénténgan. Tapi Kuring bakal ngadatangkeun seuneu ka kota-kotana,Sina ngaduruk munara-munara di unggal kotana.”

Catetan Tambihan

Atawa ”pituduh”.
Atawa bisa jadi, ”Maranéhna bakal balik ka Mesir”.