Hoséa 9:1-17

  • Éfraim ditolak ku Allah ku lantaran dosana (1-17)

    • Ngabakti ka déwa nu ngérakeun (10)

9  ”Éh Israél, ulah bungah.Ulah gumbira kawas bangsa-bangsa séjén. Sabab manéh geus ngalacur* jeung ninggalkeun Allah manéh. Manéh resep kana buruh ngalacur nu ditarima ku manéh di tempat-tempat pangirikan.*   Manéh moal meunang dahareun ti pangirikan jeung ti pameresan anggur,Cianggur anyar gé geus moal aya.   Urang Israél moal salilana matuh di tanah milik Yéhuwa.Éfraim bakal balik deui ka Mesir.Di Asiria, éta jalma-jalma bakal ngadahar kadaharan nu haram.   Maranéhna moal ngabaktikeun deui cianggur ka Yéhuwa.Korban-korbanna moal dipikaresep ku Anjeunna. Éta kabéh téh kawas roti keur nu sungkawa,Matak najis ka saha waé nu ngadaharna. Éta roti téh ngan keur dirina baé,Moal dibawa asup ka bumina Yéhuwa.   Dina poé maranéh ngumpul atawa dina poé perayaan Yéhuwa,Rék milampah naon maranéh téh?   Engké maranéhna kudu kabur lantaran nagrina bakal diancurkeun. Maranéhna bakal dikumpulkeun di Mesir tuluy dikuburkeun di Mémfis. Barang-barang pérakna bakal katutup ku jujukutan,Ari kémah-kémahna bakal pinuh ku rungkun cucuk.   Poé pikeun ngahukum bakal datang,Poé pikeun ngabales bakal nepi.Israél kudu nyaho. Nabi-nabi maranéhna bakal kabukti bodo, sarta jalma nu ngaku utusan Allah bakal jadi gélo.Manéh bakal sakitu dipikangéwana gara-gara kasalahan manéh nu geus numpuk.”   Baheula, tukang jaga Éfraim satia ka Allah kuring. Tapi ayeuna, sagala lalampahan nabi-nabina téh kawas jiret paranti néwak manuk.Di bumina Allah téh pinuh ku kangéwa.   Kalakuan Israél téh geus bener-bener bejad, cara jaman Gibéah. Kasalahanana bakal diinget-inget ku Allah, sarta maranéhna bakal dihukum ku lantaran dosa-dosana. 10  Saur Allah, ”Basa mimiti manggih Israél, Kuring téh meni asa nimu buah anggur di tanah gurun. Waktu papanggih jeung karuhun maranéh, Kuring téh meni asa nempo buah ara nu asak pangheulana. Tapi maranéhna kalah ka nyembah ka Baal Péor,Kalah ka ngabakti ka hal* nu ngérakeun.Maranéhna jadi pikageuleuheun, sarua pikageuleuheun kawas déwa pujaanana. 11  Kamulyaan Éfraim bakal leungit kawas manuk hiber.Awéwé-awéwéna moal aya nu ngajuru, malah nu reuneuh gé euweuh. 12  Dina ayana gé budak nu digedékeun,Ku Kuring bakal direbut, moal disésakeun.Cilaka maranéhna lamun ku Kuring geus ditinggalkeun! 13  Keur Kuring mah Éfraim téh kawas Tirus, nu dipelak di tegal jukut nu éndah.Tapi ayeuna, Éfraim kudu mawa anak-anakna pikeun dipaéhan ku musuh-musuh.” 14  Nun Yéhuwa, pasihan maranéhna naon nu pantes ditampa ku maranéhna.Kakandungan awéwéna sina babari kaluron, maranéhna sina ulah barisaeun nyusuan orokna. 15  ”Sagala kajahatan maranéhna dilampahkeun di Gilgal, nya di dinya Kuring jadi ijid ka maranéhna téh. Ku sabab kalakuanana nu jahat, Kuring rék ngusir maranéhna ti imah Kuring. Kuring moal nyaah deui ka maranéhna.Kabéh pamingpinna téh baredegong. 16  Éfraim bakal dituar cara tangkal. Akarna bakal garing, moal baruahan. Saupama ngajuru gé, éta anak-anak nu dipikanyaah ku maranéhna téh ku Kuring bakal dipaéhan.” 17  Maranéhna bakal ditolak ku Allah kuring,Sabab maranéhna teu nurut ka Anjeunna.Maranéhna bakal jadi buron di antara bangsa-bangsa séjén.

Catetan Tambihan

Atawa ”ngalampahkeun nu cabul”.
Tempat misahkeun sisikian tina cangkangna.
Atawa ”déwa”.