Maléakhi 4:1-6

  • Élia datang saacan poé Yéhuwa (1-6)

    • ’Sorot panonpoé nu mawa bebeneran’ (2)

4  Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ngomong kieu, ”Poé éta bakal datang. Kaayaan dina poé éta bakal panas kawas di pameuleuman. Kabéh jalma nu lancang jeung jahat bakal jadi kawas jarami. Dina poé éta, kabéhanana pasti dimusnakeun nepi ka euweuh sésana, boh akar boh cabangna moal nyésa.  Tapi, maranéh nu hormat* ka ngaran Kuring mah bakal kasorot ku panonpoé nu mawa bebeneran, nu sinarna matak nyageurkeun. Maranéh bakal ajrug-ajrugan kawas anak sapi nu lintuh.”  ”Dina poé Kuring ngalaksanakeun éta, jalma jahat bakal ditincakan ku maranéh nepi ka jadi kekebul di handapeun suku maranéh,” ceuk Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.  ”Sing inget kana Hukum nu dibikeun ku Kuring ka Musa hamba Kuring di Horéb. Éta téh aturan jeung putusan hukum nu kudu dijalankeun ku sakabéh urang Israél.  ”Kuring ngutus Nabi Élia* ka maranéh saacan datangna poé Yéhuwa nu hébat jeung matak tajub.  Manéhna bakal ngarobah haté para bapa jadi kawas haté barudak, sarta haté barudak jadi kawas haté para bapa. Ku kituna, Kuring moal datang pikeun nyilakakeun jeung ngabinasakeun bumi.”

Catetan Tambihan

As. ”sieun”.
Atawa ”Ilyas”.