Yérémia 10:1-25
10 Éh urang Israél, déngékeun firman Yéhuwa nu ditepikeun ka maranéh.
2 Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa,
”Ulah nurutan kabiasaan bangsa séjén.Ulah sieun kana tanda-tanda di langit,Sanajan éta dipikasieun ku maranéhna.
3 Kabiasaan maranéhna téh taya pisan hartina.
Tukang kai nuar tangkal di leuweung,Tuluy éta dijieun patung maké pakakasna.
4 Éta dihiasan ku pérak jeung emas,Seug dipageuhan ku paku jeung palu ngarah teu tiguling.
5 Nu kitu téh kawas bebegig di kebon bonténg, teu bisaeun ngomong.Éta kudu digogotong, da teu bisaeun leumpang sorangan.
Ka nu kitu mah teu kudu sieun, da moal bisa nyilakakeun,Moal bisa ngalampahkeun nu hadé.”
6 Taya nu sapertos Gusti, nun Yéhuwa.
Gusti téh hébat, nami Gusti téh agung sarta némbongkeun kawasa.
7 Nun Rajana sadaya bangsa, saha nu moal hormat* ka Gusti? Da Gusti téh layak dihormat.Di antara sadaya jalmi bijaksana ti bangsa-bangsa sarta nu aya di sakuliah karajaan maranéhna,Teu aya nu tiasa nandingan Gusti.
8 Maranéhna téh teu asup akal jeung bodo,
Da pangajaran naon nu tiasa dicandak tina patung kai?
9 Pelat pérak dikirim ti Tarsyis, ari emas ti Ufaz.Éta kabéh dipaké ku tukang kai sarta tukang beusi pikeun ngalapisan patung.
Patung-patung téh dibajuan ku benang biru sarta wol ungu.
Patung-patung éta dijieun ku tukang-tukang nu ahli.
10 Tapi, nu saenyana Allah téh nya mung Yéhuwa.
Anjeunna téh Allah nu hirup, Raja nu abadi.
Ku amarah-Na, bumi eundeur.Teu aya bangsa nu kiat nandangan amarah-Na.
11 * Béjakeun kieu ka maranéhna,
”Allah-allah nu teu nyiptakeun langit jeung bumiBakal musna ti bumi jeung moal aya deui di kolong langit.”
12 Allah téh Nu Ngadamel bumi ku kawasa-Na,Nu nyiapkeun tanah subur ku kabijaksanaana-Na,Sarta nu mentangkeun langit ku pangarti-Na.
13 Waktu Anjeunna ngagentra,Cai di langit ngaguruh.Anjeunna ngalantarankeun méga* naék ti tungtung-tungtung bumi.
Anjeunna ngadatangkeun kilat bareng jeung hujan.*Anjeunna ngabudalkeun angin ti gudang-Na.
14 Kalakuan unggal jalma téh teu asup akal, teu maraké pangarti.
Unggal tukang beusi bakal diéra-éra lantaran geus nyieun patung ukiran,Sabab patung logamna téh palsu,Teu aya nyawana.*
15 Éta kabéh téh mubadir sarta pantes dipoyok.
Waktu datang poéna Allah ngahukum, éta kabéh bakal musna.
16 Tapi, Allahna Yakub mah béda pisan ti éta kabéh,Sabab Anjeunna nu ngadamel sagalana,Sarta Israél téh milik-Na nu paling istiméwa.
Nami-Na téh Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga.
17 Éh awéwé* nu keur dikepung,Geura kumpulkeun babandaan manéh.
18 Ieu nu dicarioskeun ku Yéhuwa,
”Ayeuna, penduduk ieu nagri ku Kuring rék dibalangkeun kaluar,Sina sangsara.”
19 Duh cilaka, abdi geus ancur!
Raheut-raheut abdi geus moal bisa diubaran.
Ceuk abdi téh, ”Ieu kasakit abdi, abdi kudu kuat nandanganana.
20 Kémah abdi geus ancur, tali-talina paregat.
Anak-anak abdi geus teu araya, geus pada ninggalkeun abdi.
Euweuh deui nu bisa masangkeun kémah abdi atawa nangtungkeun kaén-kaénna.
21 Éta téh ku sabab kalakuan para pangangon bangsa abdi garejul.Maranéhna teu ménta pituduh ti Yéhuwa,
Nu matak kalakuanana téh teu dibarengan ku pangarti.Ingon-ingonna gé jadi pabalencar.”
22 Déngékeun! Aya béja datang!
Kadéngé sora huru-hara ti nagri di kalér.Tentarana bakal datang, kota-kota di Yéhuda rék dijadikeun kalantar, sina jadi tempat anjing leuweung.
23 Nun Yéhuwa, abdi terang pisan, manusa mah teu kawasa nangtoskeun jalan hirupna nyalira.
Malah, nangtoskeun léngkahna gé teu kawasa.
24 Nun Yéhuwa, mangga abdi ditegor kalawan adil,Tapi ulah nganggo amarah, supados Gusti teu ngamusnakeun abdi.
25 Tumplekkeun amarah Gusti ka bangsa-bangsa nu teu daék wanoh ka GustiSarta ka kaom-kaom nu teu sasambat ka nami Gusti,
Ku sabab maranéhna tos maéhan Yakub,Maéhanana dugi ka musna.Maranéhna gé tos ngaburak-barik nagrina.
Catetan Tambihan
^ As. ”sieun”.
^ Ay. 11 aslina ditulis dina basa Aram.
^ Atawa ”uap”.
^ Atawa bisa jadi ”Anjeunna muka lawang-lawang cai ngarah hujan turun”.
^ Atawa ”napasna”.
^ Maksudna, Yérusalém.