Yérémia 12:1-17
12 Nun Yéhuwa, Gusti pasti adil waktos abdi ngadu ka Gusti,Waktos abdi nyanggakeun kasus hukum abdi.
Tapi, ku naon nu jahat téh rencanana hasil waé,Sarta ku naon tukang hianat teu ngarasa hariwang?
2 Maranéhna ku Gusti dipelak tuluy alakaran.
Maranéhna jaradi sareng baruahan.
Biwir maranéhna nyebat-nyebat Gusti, padahal haténa* mah mungkir ti Gusti.
3 Tapi nun Yéhuwa, Gusti mah ningali abdi, Gusti kenal pisan ka abdi.Gusti mariksa haté abdi sarta terang yén abdi téh ngabdi ka Gusti.
Pisahkeun maranéhna kawas domba nu badé dipeuncit,Pisahkeun dugi ka dinten maranéhna dipaéhan.
4 Badé sabaraha lami deui ieu nagri téh disina garing,Sarta pepelakan di unggal tanah téh jadi layu?
Sato-sato galak jeung manuk-manuk nepi ka teu ayaLantaran jalmi-jalmi nu maratuh di dieu téh jarahat.
Jalmi-jalmi éta nyarios, ”Allah mah moal terangeun engké ka hareupna urang bakal kumaha.”
5 Allah nyarios ka abdi, ”Lamun lumpat jeung jelema waé manéh geus capé,Komo lamun balap jeung kuda?
Lamun manéh geus kajongjonan* matuh di nagri nu tengtrem,Rék kumaha lamun aya di antara rungkun cucuk di sapanjang Walungan Yordan?
6 Dulur-dulur manéh sorangan gé, nyaéta kulawargana bapa manéh kénéh,Geus ngahianat ka manéh.
Maranéhna gogorowokan ngagogoréng manéh.
Ulah percaya ka maranéhnaSanajan ka manéh alus ngomongna.
7 Imah Kuring geus ditinggalkeun ku Kuring, umat Kuring geus diculkeun.
Umat kadeudeuh Kuring geus diserahkeun ka musuh-musuhna.
8 Umat Kuring geus jadi kawas singa di leuweung,
Ka Kuring guar-gaur,
Nu matak Kuring ijid.
9 Umat Kuring kawas manuk warna-warni* nu sok ngahakan bangké,Dikepung jeung diserang ku manuk-manuk séjénna nu osok ngahakan bangké ogé.
Éh kabéh sato galak di tegalan, sok daratang jeung karumpul,Yeuh dalahar.
10 Loba pangangon geus ngancurkeun kebon anggur Kuring.Maranéhna narincakan tanah bagian Kuring.
Tanah bagian Kuring nu pikasenangeun téh ku maranéhna dijadikeun tanah gurun nu kalantar.
11 Éta tanah geus jadi garing,
Geus jadi tanah gundul,*Tanah nu kalantar hareupeun Kuring.
Kabéhanana geus kalantar,Tapi euweuh nu paduli.
12 Tukang ngaruksak datang ngaliwatan jalan-jalan di tanah gurun nu sok diliwatan.Pedang Yéhuwa maéhan jalma-jalma di éta nagri, ti tungtung nepi ka tungtung.
Euweuh nu hirupna tengtrem.
13 Maranéhna melak gandum, tapi nu kaala téh rungkun cucuk.
Maranéhna digarawé hésé capé, tapi teu beubeunangan.
Hasil panénna téh ngan matak éra.Éta téh ku sabab amarah Yéhuwa nu luntab-léntab.”
14 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Kabéh bangsa tatangga nu jahat, nu ngaruksak tanah warisan nu dibikeun ku Kuring ka Israél, umat Kuring, bakal dirabut ti tanah maranéhna. Urang Yéhuda gé bakal dirabut ku Kuring ti antara maranéhna.
15 Tapi sanggeus dirabut, maranéhna ku Kuring bakal dipikarunya deui. Masing-masing bakal disina marulang ka tanah warisanana jeung nagrina.”
16 ”Lamun éta bangsa-bangsa nyonto lalampahan umat Kuring sarta ngucap sumpah kieu demi ngaran Kuring, ’Demi Yéhuwa nu hirup!’ sakumaha baheula maranéhna ngajar umat Kuring pikeun sumpah demi Baal, maranéhna bakal hirup makmur bareng jeung umat Kuring.
17 Tapi lamun aya bangsa nu teu daék nurut, éta bangsa bakal dirabut tuluy dimusnakeun,” saur Yéhuwa.
Catetan Tambihan
^ Atawa ”batinna”.
^ Atawa ”jojong”.
^ Atawa ”totol-totol”.
^ Atawa bisa jadi ”tanah nu sungkawa”.