Yérémia 14:1-22
14 Ieu firman Yéhuwa ka Yérémia ngeunaan usum* halodo:
2 Yéhuda sungkawa, gerbang-gerbangna rarubuh,
Ngagubrag kana taneuh bakating ku sedih.Ti Yérusalém, kadéngé aya nu ngajerit.
3 Para dunungan nitah pagawéna pikeun néangan cai.
Maranéhna arindit ka sumur tapi teu manggih cai,
Baralik téh ngan marawa wadah kosong.
Maranéhna nutupan sirahnaKu lantaran éra jeung kuciwa.
4 Ku sabab hujan teu turun-turun di ieu nagri,Taneuh jadi bareulah.Para patani saredih jeung nutupan sirahna.
5 Malahan, uncal bikang di tegalan gé ninggalkeun anakna nu kakara borojol,Lantaran geus euweuh jukut.
6 Kaldé liar narangtung di puncak-puncak pasir,*
Napasna hahéhoh kawas anjing leuweung,Panonna surem lantaran teu manggih-manggih jukut.
7 Nun Yéhuwa, sanajan kalepatan abdi sadaya ngabuktoskeun abdi sadaya téh gaduh dosa,Mugia Gusti nulungan, demi nami Gusti.
Abdi sadaya rumaos dosa ka Gusti,Sering teu satia ka Gusti.
8 Mung Gusti harepan Israél téh, mung Gusti nu tiasa nyalametkeun waktu abdi sadaya nuju susah.Tapi, ku naon Gusti téh sapertos urang asing di ieu nagri,Sapertos jalmi nu nyimpang kanggo kulem mung sawengi?
9 Ku naon Gusti téh sapertos anu bingung,Sapertos jalmi perkasa nu teu tiasa nyalametkeun?
Nun Yéhuwa, Gusti pan aya di antara abdi sadaya.Abdi sadaya gé nyandang nami Gusti.
Jadi, ulah ngantunkeun abdi sadaya.
10 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa ngeunaan ieu bangsa, ”Karesepna téh leumpang ka ditu ka dieu, sukuna teu bisa ditahan. Kuring, Yéhuwa, teu suka. Ayeuna, Kuring bakal inget kana kasalahan maranéhna. Kuring bakal ngahukum maranéhna ku lantaran dosana.”
11 Teras Yéhuwa nyarios ka abdi, ”Tong ngadoakeun ieu bangsa supaya narima hal-hal nu hadé.
12 Waktu maranéhna puasa, Kuring moal ngadéngékeun panyambat maranéhna. Waktu maranéhna ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban kadaharan, Kuring teu suka. Kuring rék nyingkirkeun maranéhna ku pedang, ku kalaparan, jeung ku wabah panyakit.”
13 Ngadangu kitu, abdi ngomong kieu, ”Duh kumaha atuh, nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung! Nabi-nabi téh tos nyarios kieu ka jalmi-jalmi, ’Maranéh moal bakal ngalaman perang jeung kalaparan. Allah bakal masihan katengtreman ka ieu tempat.’”
14 Yéhuwa nyarios kieu, ”Ramalan nabi-nabi nu mamawa ngaran Kuring téh bohong. Kuring teu ngutus maranéhna, teu nitah nanaon, atawa ngomong nanaon ka maranéhna. Nu diramalkeun ku maranéhna téh titingalian palsu, ramalan nu euweuh hartina, jeung carita jijieunan sorangan.
15 Kuring teu ngutus maranéhna, tapi maranéhna mamawa ngaran Kuring tuluy ngaramalkeun yén moal aya perang atawa kalaparan di ieu nagri. Ku kituna, ieu nu diucapkeun ku Kuring, Yéhuwa, ngeunaan maranéhna, ’Maranéhna bakal paéh ku pedang jeung ku kalaparan.
16 Jalma-jalma nu percaya kana ramalan maranéhna bakal dibasmi ku kalaparan jeung ku pedang. Mayit-mayitna bakal dialung-alungkeun ka jalan-jalan Yérusalém, sarta moal aya nu ngubur. Éta nu bakal kaalaman ku maranéhna, pamajikanana, anak-anakna nu lalaki jeung nu awéwé. Kuring bakal ngadatangkeun musibat nu pantes ditarima ku maranéhna.’
17 ”Ieu nu kudu diomongkeun ku manéh ka maranéhna,’Beurang peuting, panon abdi rambay ku cipanon, ceurik teu eureun-eureun,Sabab bangsa abdi* téh geus bener-bener diancurkeun,Raheutna kacida parahna.
18 Lamun abdi indit ka tegalan,Nu katempo téh mayit-mayit tinggolépak urut ditubles ku pedang!
Lamun abdi asup ka kota,Nu katempo téh jalma-jalma nu garering ku lantaran kalaparan!
Nabi-nabi jeung imam-imam mah geus arindit ka nagri nu teu dikenal ku maranéhna.’”
19 Yéhuda téh tos dipiceun sama sakali kitu ku Gusti? Gusti téh ngéwa kitu ka Zion?
Ku naon abdi sadaya sakieu disiksana dugi ka teu tiasa dicageurkeun?
Ngarep-ngarep kaayaan tengtrem, tapi nu hadé teu datang-datang.Ngarep-ngarep dicageurkeun, tapi nu datang kalah ka nu pikasieuneun!
20 Nun Yéhuwa, abdi sadaya rumaos jahat.Karuhun abdi sadaya gé lepat.Abdi sadaya tos dosa ka Gusti.
21 Demi nami Gusti, abdi sadaya ulah dipiceun.Tahta Gusti nu mulya téh ulah dianggap rendah.
Mugi émut kana perjangjian Gusti sareng abdi sadaya, ulah dibatalkeun.
22 Aya kitu berhala nu euweuh gunana ti bangsa-bangsa nu tiasa nurunkeun hujan?Atanapi tiasa kitu langit nurunkeun hujan ku kahayangna sorangan?
Nun Yéhuwa Allah abdi sadaya, nya mung Gusti anu tiasa.
Gusti téh harepan abdi sadaya,Da mung Gusti nu tiasa ngalampahkeun ieu sadaya.